Aya hiji jelema imah-imah di sisi leuweung. Unggal poé sok ngala suluh, tuluy dijual ka dayeuh. Teu daékeun ngajual suluh di pasar anu deukeut, da payuna tara mahal kawas di dayeuh. Jadi najan jauh ogé, manéhna sok pulang-anting ka dayeuh. Biasana inditna sok subuh-subuh, datangna deui ka imah geus beurang pisan. Geus barangdahar indit deui ka leuweung, datangna deui geus burit.
Kacaritakeun manéhna téh meuli kaldé. Sawatara poé henteu ka dayeuh, ngumpulkeun heula suluhna, supaya rada loba.
Barang suluhna geus loba, tuluy dimuatkeun kana tonggong kaldé. Isuk-isuk manéhna indit ka dayeuh. Datang ka dayeuh geus panas, geus meujeuhna kaluar késang.
Barang ngaliwat ka hareupeun tukang cukur, tukang suluh téh dieureunkeun.
Ari éta tukang cukur ngaranna téh Ali. Tukang cukur mashur pisan, lantaran nyukurna pinter jeung gancang. Tara aya anu raheut, tara baréd-baréd acan nu dicukur ku Ali mah. Para ménak jeung nu baleunghar sok mungpung ka Ali baé. Unggal poé tara towong nu datang ménta dicukur. Tampolana nepi ka aya limaan nu ngadagoan giliran téh.
Teu kudu dicaritakeun yén Ali loba duitna, da disarebutna gé tukang cukur beunghar baé. Upama pareng keur peré, manéhna sok jalan-jalan bari nulak cangkéng jeung luak-lieuk. Pangrasana jagat téh asa nu manéhna baé.
“Héy, tukang suluh, ka dieu!” ceuk tukang cukur.
Sanggeus tukang suluh eureun, tuluy ditanyakeun hargana. “Tilu rupia, teu kénging kirang,” ceuk tukang suluh.
“Mahal teuing,” ceuk tukang cukur, “Lamun dibikeun saringgit, kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé ku kuring dibeuli. Geura pikir, batan capé nawarkeun ka mana-mana, tur sakieu panas poéna, mending gancang aya nu meuli. Jeung karunya ka indung barudak di imah, apan keur ngadagoan butuh keur balanja.”
Tukang suluh teu gancang-gancang ngajawab, lantaran bingung. Ari dibikeun saringgit, murah teuing. Ari teu dibikeun, da hayang geura balik. Omongan tukang cukur téh kabéh keuna ka manéhna. Lila-lila kakara ngomong, pokna, “Tambihan waé satalén deui, Juragan.”
“Ah, embung. Lamun dibikeun saringgit, kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé dibeuli. Ari teu dibikeun mah nya kajeun teuing.”
Sanggeus ngahuleng sakeudeung, pok tukang suluh téh ngomong, “Mangga atuh saringgit ogé, da ieu parantos siang, hayang geura wangsul.”
“Los ka ditu, ka dapurkeun!”
Pék suluh téh diturunkeun tina tonggong kaldé, tuluy diakutan ka dapur, ditumpukkeun di juru. Geus kitu tukang suluh téh tuluy nyampeurkeun tukang cukur, rék ménta duitna.
“Éta séla gé kudu dikadapurkeun, ongkoh kai kénéh éta séla gé,” ceuk tukang cukur.
“Apan suluh mah sadayana ogé parantos dikadapurkeun, Juragan,” ceuk tukang suluh.
“Har, apan tadi dua kali geus disebutkeun, yén saringgit téh kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé.”
“Teu kasanggakeun séla mah.”
“Los baé atuh geura balik. Ari suluh mah, da geus disosi dapurna gé.”
“Nyuhunkeun artosna atuh.”
“Ka dieukeun heula séla. Engké dibayar saringgit.”
Tukang suluh kapaksa mikeun séla, najan kacida keuheuleunana ogé. Geus kitu mah kakara nampa bayaran.
Wantuning di sisi jalan gedé, anu ngaraliwat loba nu eureun, ngadon ngarogrog anu keur patorong-torong.
“Teu boga di karunya tukang cukur téh,” ceuk nu saurang. “Pédah ka nu bodo baé, da ka nu pinter mah moal wanieun.”
“Biasana si éta mah.”
“Padahal loba duitna mah.”
“Ka Juragan Jaksa geura, nyuhunkeun tulung!”
“Di mana bumina Juragan Jaksa téh?” ceuk tukang suluh. Aya saurang jajaka anu daékeun nganteur. Tuluy éta tukang suluh téh dianteurkeun ka bumina Juragan Jaksa.
Di payuneun Juragan Jaksa, tukang suluh nyarita satara-basna, naon anu geus kajadian. Sanggeus tamat caritana, Juragan Jaksa ngahuleng bari gogodeg.
“Hanjakal euy, silaing mah salah harti. Maksud tukang cukur, kabéh kai anu dina tonggong kaldé nu ditawar saringgit téh. Ari marukan silaing suluh wungkul, anu matak dimang-gakeun ku silaing. Cindekna mah silaing nu salah téh, déwék teu bisa nulungan.”
Tukang suluh ngan bati handeueul baé. Cong nyembah, jung nangtung. Léos indit bari ngarasa nalangsa. Suluh geus dijual murah, turug-turug kudu meuli deui séla. Mana atuh keur balanja?
***
Kacaritakeun raja di éta nagara, kaceluk ka awun-awun, kawentar ka mana-mana tina kaadilanana, towéksa ka rahayatna. Anjeunna sok mindeng nyamur, angkat nyalira ka luar kota, bisi aya abdi-abdi nu dijepit atawa cacah dikaniaya ku ponggawa nagara. Harita gé anjeunna nuju ngaronda, nganggo dangdosan sudagar. Teu katara meueus-meueus acan, yén anjeunna téh raja.
Tukang suluh nu tadi téa keur ngiuhan dina handapeun tangkal asem sisi jalan. Raja nyaketan ka dinya, saréhing éta jelema katingalieun semu nu susah.
“Ku naon dulur, kawas aya nu dipikiran?” saur raja.
“Puguh abdi téh aya nu nipu, juragan,” témbal tukang suluh.
“Nipu kumaha?”
Barabat tukang suluh téh nyaritakeun akalna tukang cukur, nepi ka manéhna katipu.
“Saha ngaranna tukang cukur téh?”
“Ali disarebatna mah.”
“Naha lain ka Juragan Jaksa, nyuhunkeun tulung?”
“Parantos ku abdi dideuheusan, nanging ku anjeunna abdi téh dilepatkeun.”
“Nurutkeun undang-undang mah nya sampéan anu salah. Tapi éta tukang cukur téh jelema jahat, kudu aya hukumanana.”
“Sumuhun leresna mah. Nanging nya saha atuh nu badé ngahukumna?”
“Aya waé,” saur raja. “Ayeuna mah sampéan dibéré duit ku kaula, keur meuli séla. Tapi isuk kudu datang deui ka dieu, isuk-isuk pisan.”
“Ngabantun suluh?”
“Ah, entong mawa suluh. Tapi kaldé kudu dibawa.”
“Mangga. Nuhun dipaparin artos.”
Tukang suluh tuluy balik ka lemburna. Raja ogé lajeng mulih ka karaton.
Kocap isukna, isuk-isuk tukang suluh geus indit deui ka dayeuh. Kaldéna gancang leumpangna, da teu beurateun ku momot. Sapanjang jalan tukang suluh téh teu weléh nanya ka dirina sorangan, rék kumaha sudagar téh?
Keukeuh baé manéhna ka raja nyangka sudagar, lantaran dangdosanana téa kawas sudagar. Teu kungsi lila geus nepi ka tempat anu kamari. Tukang suluh nyangcangkeun kaldé kana pagér, bari ngadagoan “sudagar”.
Harita kénéh raja geus sumping, tetep nganggo dangdosan sudagar, bari nyandak réncang saurang, dangdananana kuli.
“Éta kaldé,” saur raja, “Sina ditungtun ku ieu batur kaula. Urang ngawarah nu nipu sampéan téa. Ali ngaranna téh lin?”
“Sumuhun,” ceuk tukang suluh, bari tuluy ngalaan cangcangan kaldé, sina ditungtun ku kuli téa.
Éta kuli dititah ti heula nungtun kaldé ka tempat tukang cukur. Ari raja angkat alon, diiring ku tukang suluh.
Barang datang ka nu dijugjug, kuli téh tuluy nyangcang kaldé, geus kitu kakara ngetrok panto, sarta asup ka tempat Ali, ménta dicukur.
“Naha ménta dicukur ka dieu? Kapan loba tukang cukur téh. Nu dicukur di dieu mah paraménak jeung nu baleunghar, lain kuli,” ceuk tukang cukur.
“Ti kapungkur hayang dicukur di dieu téh, margi Juragan parantos mashur tukang cukur pangpinterna. Ayeuna kaleresan keur gaduh artos, hayang nyobi dicukur ku nu sakitu mashurna. Mundut sabaraha ogé, tangtos dibayar ku abdi,” ceuk kuli.
Dipuji kitu mah, Ali téh pelér.
“Hadé baé hayang nyoba mah. Mayarna mah biasa we sarupia,” ceuk tukang cukur.
Di tukang cukur anu séjén, mayarna téh ngan satalén. Tacan ngarasa kuli mah dicukur mayarna sarupia. Tapi da éta mah Ali ngaranna ogé, nu geus sakitu mashurna. Sanggeus diuk dina korsi, pék kuli téh disabunan, tuluy dicukur.
Ari geus réngsé, kuli téh nanya, “Kersa upami nyukur sobat abdi?”
“Hadé. Di mana ayeuna?”
“Itu di luar, ngantosan.”
Kuli ngaluarkeun duit dua rupia tina sakuna. Dibayarkeun ka tukang cukur, nyaéta bayaran nyukur manéhna jeung sobatna. Geus kitu tuluy ka luar. Teu kungsi lila geus ngetrok deui panto, bari nungtun sobatna téa.
Barang pantona geus muka sarta kaldéna rék asup, Ali kagéteun kacida.
“Naon ituh? Moal enya kaldé rék dicukur di dieu?” ceuk Ali.
“Ongkoh ieu sobat kuring téh. Anjeun geus sanggup nyukuran sobat kuring, jeung anjeun henteu nanyakeun saha-sahana nu disebut sobat ku kuring téh.”
“Jelema mah sobatna kudu jeung jelema deui, lain kaldé.”
“Kajeun kaldé kajeun naon, ari bageur ka kuring mah sobat ngaranna. Komo batur mah aya nu nyobat jeung anjing sagala.”
“Moal! Kuring mah moal nyukuran kaldé!”
“Sobat kuring kudu dicukuran ku anjeun!”
“Anu burung anu nyukuran kaldé mah!”
Sabot kitu, nu nyamur sudagar téh nepi ka dinya sarta nyampeurkeun ka Ali. Ali ditunjuk irungna bari disentak.
“Mémang jahat sia téh Ali! Ieu kaldé ku sia kudu dicukuran!” saur raja.
Ngadéngé kasauran raja kitu, Ali ngambek.
“Ieu lain perkara anjeun. Anjeun entong pipilueun!” ceuk Ali.
“Mémang ieu perkara aing! Hayoh indit ka alun-alun, sia kudu nyukuran kaldé di alun-alun!”
“Saha anu maréntah kitu?”
“Aing, raja!”
Ali munggah reup geuneuk ray pias, bawaning reuwas, barang awas yén sidik raja anu nyamur téh. Turug-turug di pungkureunana aya tukang suluh, nu kamari ditipu ku manéhna.
Manéhna ngartieun, yén dosana geus kauninga ku raja, sarta henteu meunang henteu kudu aya hukumanana. Gancang waé manéhna nyokot jajambaran jeung sabun, milihan sikat nu panggedéna, tuluy indit ka alun-alun, nuturkeun kuli, nuturkeun kaldé. Ari datang ka alun-alun, pék Ali nyabunan kaldé, sarta maké disimbutan ku lawon bodas sagala, kawas nyukuran jelema baé.
Harita téh ninggang pisan kana waktu bubaran sakola. Atuh barudak nu kakara balik ti sakola téh kabéh ngabring ka alun-alun, tinggorowok ti kajauhan, nyebutkeun aya nu gélo, nyukuran kaldé, tuluy ngarogrog ka nu keur nyukur, bari saleu-seurian.
“Bérés nyukur kaldé mah cik domba kuring pangnyu-kurankeun!” ceuk nu saurang.
“Di kuring mah ucing cukuraneun téh,” ceuk nu saurang deui.
Ali asa teu beungeutan, bawaning éra jeung ambek, hayang males ka barudak. Tapi teu bisa kukumaha, da sieun-eun ditambahan hukumanana, wantuning raja geus miwarang gulang-gulang, nyaksian Ali nyukuran kaldé.
Lain barudak waé, kolot ogé loba nu datang ka dinya. Beuki lila beuki loba, malah aya tukang sapatu, tukana ngaput, tukang kaléng, jeung nu séjénna, ngahaja nunda pagawé-anana da hayang ngabuktikeun béja, majar Ali jadi gélo, tukang cukur nu kumagungan téa bet ngadon nyukuran kaldé di alun-alun.
Di antara anu lalajo anu sakitu lobana téh aya anu teu nyahoeun, kumaha asal-usulna nu matak kitu. Tapi sanggeus tukang suluh nyaritakeun lalakonna ti awal nepi ka ahir, kakara maranéhna téh leungit héranna sarta muji ka anu jumeneng raja, tina kaadilanana jeung katowéksaanana.
(Dicutat tina Panggelar Boedi jilid Kadua)
Kamis, 31 Juli 2008
TUKANG CUKUR PANIPUAN
Posted by Budi Rahayu Tamsyah at 03.27
Labels: Dongeng Jalma Biasa
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Comment Form under post in blogger/blogspot