Kamis, 31 Juli 2008

BUDAK PAHATU

Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki, ari adina awéwé. Ari imahna deukeut hiji leuweung nu loba tangkal bubuahan nu ngareunah, kayaning: pari, kupa, huni, hanggasa, pining, jeung salianna.

Dina hiji mangsa, barudak téh rék ngala kupa ka leuweung. Barang datang ka leuweung, ceuk lanceukna, "Nyai, Akang arék ngala buahna, ku nyai pulungan."

"Heug, Akang," cék adina.

Térékél budak téh naék. Barang keur jongjon ngala kupa, léor aya oray sanca, nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar lambar, nyarandé kana catang.

Gep ngégél oray téh kana sukuna. Budak téh hariring ngawih:

Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagaranyaman,
kana bitis jeung ngégélan,
cing geuwat kuring tulungan.

"Usap waé, Nyai, meureun sireum," cék lanceukna.

Budak awéwé téh, sapanjang bisa kénéh ngomong mah, teu eureun-eureun ngawih ménta tulung.

Tapi, ku lanceukna teu ditolih, marukna sireum, baé.

Tungtungna leg waé budak téh diteureuy buleud, sarta orayna tuluy asup ka jero leuwi.

Lanceukna reuwaseun naker, sabab adina répéh baé, teu kecét-kecét. Tuluy turun. Barang datang ka handap, manéhna kagéteun pisan sarta ngira yén adina dihakan oray. Tuluy disusul tapak oray téh. Kabeneran barang datang ka hiji tempat, orayna kapanggih keur gulang-guling waé, teu bisaeun indit.

Budak lalaki ngadéngé manuk haur disada, pokna, "Cukrik, cukrik, turih ku pucuk eurih."

Budak lalaki téh gancang ngala pucuk eurih sarta beuteung oray téh diturih.

Goréhél adina kapanggih di jero beuteung oray, tuluy dibawa balik. Barang datang dikedengkeun di tengah imah sarta tuluy digeberan:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
titinggal nini awaking.

Kerenyed suku budak awéwé téh usik. Pok deui lanceukna ngawih. Kerenyed deui awakna usik; kitu baé satuluyna nepi ka hirupna deui budak awéwé téh.

Gabrug dirontok ku lanceukna bari diciuman, tina sukana, sarta omongna, "Nyai, tina manéh geus salamet deui, Akang boga pakaulan, rék lalayaran di Leuwi Cipatahunan."

Sanggeus kitu, isukna tuluy éta dua budak téh nyieun rakit. Poé éta kénéh rakitna anggeus sarta dipaké lalayaran ku duaan di Cipatahunan.

Kabeneran dina poé éta aya hiji raja eukeur bubujeng diiring ku pamatang-pamatang jeung balad-balad. Barang katémbong aya nu lalayaran téa, Si Léngsér unjukan ka Kangjeng Raja yén aya budak awéwé dibawa ku budak lalaki dina rakit.

"Mangkadé, urang kudu iatna!" témbal raja.

Éta budak lalaki téh dibaredilan, datang ka maotna, tuluy bangkéna dialungkeun ka jero leuwi.

Ari adina lenggerek waé kapaéhan. Ku raja tuluy dicandak mulih, kersana arék diangken putra.

Barang sumping ka karaton, budak téh inget deui. Ku raja budak téh tuluy dipariksa, ti mana asal-usulna, saha nya indung-bapa, jeung saha lalaki nu tadi téa.

Jawabna, "Nun Gusti, abdi téh parantos teu indung teu bapa. Dupi di rorompok mung duaan waé sareng pun lanceuk anu dipaéhan tadi di leuwi téa."

Barang raja ngadangu piunjuk budak awéwé kitu, anjeunna hanjakaleun pisan, tuluy nimbalan ka Si Léngsér, "Léngsér, ayeuna sia indit ka alun-alun, takol bendé, béjakeun ka jalma-jalma yén minggu hareup urang marak Leuwi Cipatahunan. Tapi, lain ngala laukna, saha-saha nu manggih tulang kudu dikumpulkeun!"

Si Léngsér nyembah, tuluy indit, ngemban timbalan raja.

Dina poé Jumaah, leuwi téh dipéngkong. Tuluy, sakur tulang nu kapanggih dikumpulkeun sarta disanggakeun ka Kangjeng Raja. Budak awéwé tuluy nyokot hihid. Tulang-tulang nu meunang ngumpulkeun téa digeberan ku manéhna bari ngawih:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
titinggal nini awaking.

Kitu baé ngawihna nepi ka tujuh kalina. Tulang téh ujug-ujug jleg baé jadi deui jalma sarta hirup. Barang rét nénjo adina, gabrug silihrangkul, silihcium. Sanggeus kitu mah raja mulih ti pamarak¬an, budak nu duaan téh dicandak ka nagara sarta diangken putra.