Kamis, 31 Juli 2008

SATRIA

Aya maung keur ngalungsar waé handapeun kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting ngan gegerungan waé gawéna, kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga ingkah, geus teu kuateun usik-usik acan; ayeuna mah ngan empés-empés waé, sahoseun téh lain bobohongan.

Tadina mah sato-sato nu séjén mani gigis sarieuneun, euweuh nu wanieun deukeut-deukeut acan ngadéngé gaurna maung téh. Tapi, barang geus kanyarahoan mah yén éta maung keur sakarat, rob baé pada ngaronom, pada narempo, pada nalokéran sagala.

"Euleuh, kutan kitu bangusna anu sok nekuk batur aing téh? Cing pék aing udag, Coréléng!" ceuk peucang ditompokeun kana ceulina bari keletrak tarang maung téh ditakol.

"Hayoh siah, ari wani mah urang jogol jeung aing, montong maké pépéléyéan!" ceuk munding bari jekuk waé digadil ku tan¬dukna.

Ari beurit mah ngan kalacat waé kana sirahna, ngadon gagala¬cangan dina cukang irungna bari iirihilan.

"Pék euy, pada nyurilam ka dinya éta mangkeluk téh, tuman! Bongan ka urang téh tara aya pisan ras-rasan, kéna-kéna boga kuku rangéténg!" omong bagong.

"Na Sakadang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé kadinya sépak tah iga burungna! Na teu inget baréto anak sampéan, Si Belo, dikerekeb ku ieu mangkeluk?" ceuk peucang. Kuda maléngos bari cumalimba, omongna, "Kadongdora wani ogé ka nu geus teu daya teu upaya. Muga-muga ku Pangéran, aing mah jeung turunan aing, ulah dipaparin tékad hayang nganiaya ka nu lian, sumawonna ka nu teu aya tangan pangawasa geusan ngalawan mah!"