Kamis, 31 Juli 2008

NINI ARUM SEKAR WANGI

Jaman baheula aya hiji nini-nini, wastana Arum, sakalintang masakatna, dahar soré henteu isuk téh sanés mung babasan wungkul. Dupi anu jadi babakuna pangupa jiwa, tina ngical daun kolé sareng sarupaning bongborosan sareng beubeutian anu jaradi di leuweung. Énjing-énjing téh Nini Arum mah parantos asrek-asrekan ka nu baIa; ngilari daun cau kolé, ngilari boros kunci, boros lampuyang. Upami parantos kénging saaisan manéhna mios ka dayeuh, ngical kékénginganana téa di pasar. Ladangna, aya kénging tilu sén, aya seténg, kalan-kalan sok nampi lima sén, lajeng baé dipésérkeun kana béas, keur tedaeunana. Upami aya kénéh kantunna, sok dipaké ngagowéng uyah tarasi.


Anu matak hawatos mah, éta ari parantos usum katiga, cau kolé teu daunan, aya ogé kararasna hareureut, ari kunci, lampuyang, konéng joho teu borosan. Atuh najan Nini Arum asruk-asrukan, ti énjing dugi ka lingsir -ngulon deui ogé, tampolana mah tara kénging daun sakompét-kompét acan.

Sering manéhna wangsul ti leuweung téh léngoh pisan, ngéngélék boboko kosong anu parantos teu aya sokoan. Dongkapna ka rorompok kantun lungséna, gék diuk nyanghunjar lambar di tepas, ngalimba bawaning nalangsa, balangsiar teu kékéngingan. Tina teu kawawa ku peurih peujit, da puguh ti sontén kénéh ngangkruk, teu acan kararaban pisan sangu, sok bluk waé Nini Arum nangku¬ban, neueulkeun beuteung ku leungeun.

Upami keur katarajang kabalangsakan kitu, Nini Arum sok ngabangbrangkeun manéh; ngadon diuk di golodog tatanggana. Nanging ari lami-lami mah. ngaraos éraeun luha-loho ka tatanggana téh, margi anu didiukan golodogna téh sok sering sindir-sampir, majar aya anu ngadeupaan lincar, aya anu jajaluk teu beunang dipersabenan.

Nini Arum ngerik atina, margi maksadna ngadon diuk di tatangga sotéh, sanés pisan badé jajaluk, mung satadina mah badé ngalelejar kasesah baé, ulah nalangsa teuing ku kamalaratan.

Sering pisan Nini Arum ngageunggeuik ceurik, pédah digonggorokan ku tatanggana.

Dina hiji dinten, sabot Nini Arum leumpang wangsul ti pasar, di caket warung mendak anak ucing, nya budug nya bélék, begang ngongkoéng, ujug-ujug tereleng waé anak ucing téh nyampeurkeun ka Nini Arum, Eméng¬-eméngan disada, bari rumanggieung nuturkeun pandeuri.

Reg Nini Arum lirén, ngawas-ngawas anak ucing téa. Éta anak ucing ngaléndotan kana suku Nini Arum, bari teu lirén-lirén disada eméng-eméngan.

“Karunya teuing, meureun ieu téh anak ucing geus teu indungan!" sanggem Nini Arum, bari kop ucing téh ditéwak. “Ucing saha ieu téh mana begang-begang teuing?"

Ku Nini Arum ditaroskeun ka tukang warung, “Ujang, ieu téh ucing kagungan saha?”

“Teu nyaho teuing Nini, di dieu mah tara ngingu ucing. Kop baé éta mah ajang Nini, bawa ka ditu, di dieu ogé sok malingan lauk!”

Nanging Nini Arum henteu wara daék énggal ngabantun, lajeng ku manéhna disalabarkeun heula ka unggal ro¬rompok anu caket ka dinya, bilih aya anu gaduhna. Nya kitu baé sadayana ogé pada teu ngaraos ngagaduhan kana éta anak ucing téh, sareng sadayana deui pada nitah supados ku Nini Arum éta ucing téh dibantun, margi aya anu gilaeun, aya anu ngéwaeun pédah sok maling lauk.

Ari parantos tétéla teu aya anu gaduhna mah, anak ucing téh sup baé ku Nini Arum diasupkeun kana aisan, lajeng dibantun wangsul.

Sadongkap-dongkap sok di hareupeun hawu, diusapan bari diomongan, “Sing betah sia di dieu jeung Eni, nya. Keun ari nyatu mah ku Eni diperlukeun. Ulah luas-léos, ulah unclang-anclong, bisi kapanggih ku anjing galak.”

Nini Arum kurah-koréh kana catang hawu, réh manéhna émut kamarina neundeun peda, tilas manéhna neda. Kaleresan hulu peda téh aya kénéh, atuh sok baé dibikeun ka ucingna.

“Kop geura nyatu, tah, kabeneran Eni mah boga hulu peda. Sia ku Eni rék dingaranan Si Mawat, nya!" Ucing téh ngerekes waé neda hulu peda, bangun ponyoeun teu kinten.

“Ih, karunya teuing sia Mawat, meureun geus lila nya, teu manggih nyatu, geuning éta kana hulu peda ogé sakitu rampusna. Moal salah, samilik jeung Eni sia mah Mawat!"

Anak ucing téh teu kinten waé dipikanyaahna ku Nini Arum, saréna ogé tara tebih, sok ngaringkuk waé di gigireunana. Ari wangsul ti pasar Nini Arum sok merlukeun mésér teri, atanapi sepat sapésér mah, keur maraban ucingna.

Lami-lami ucing téh jadi lintuh dugi ka buteter, bulu tilu buntut cantél, teu kinten saéna, bulu gomplok nya luis nya hérang, ka Nini Arum apét, malah sok nutur-nuturkeun sagala. Atuh Nini Arum wuwuh nyaah waé ka ucingna, keur saé téh jeung iceus deui.

Anu sakalintang anéhna, bet ti wangkid Nini Arum gaduh si Mawat, jadi kaseundeuhan ku rejeki. Aya-aya baé pijalaneun kénging hauntungan téh, dagang boros jadi raris, dagang lalab dugi ka teu lalabna. Pepelakan di kebon pungkureun rorompokna, anu kapungkur kareri téh, ayeuna mah marontok, cau rajana ogé dugi ka sagedé-gedé leungeun, hiris leubeut roay leubeut, cabé meuhpeuy. Atuh Nini Arum wuwuh soson-soson baé ngamumulé pepelakanana, boh ngagemukna boh ngoyosna boh nyiramna.

Ku margi éta, ayeuna mah Nini Arum jadi jelema teu aya kasesah, unggal dinten nampi ladang hasil palawija, ladang cau, ladang daun, kajojo ti mana-mendi.

Anu pangraris-rarisna pisan mah malati. Nini Arum téh melak malati susun opat dapur, di hareupeun rurom¬pokna, nampeu pisan kana panyawéran. Kapungkur mah tara kapaliré éta malati téh, nanging ayeuna tina saé pangu¬rus, dapuranana ogé dugi ka ngarunggunuk. Unggal énjing mangkak kembangna opat dapuranana. Atuh dugi ka siang ku kembang buruan téh. Sanés mung ku seueurna baé matak untungna éta malati téh ka Nini Arum, nanging ku seungitna pilih tanding. Seungit anu leleb téa, dugi ka angin-anginan. Lumbrahna malati, ana parantos layu téh laas seungitna. Nanging anéh ari malati susun Nini Arum mah, wuwuh layu wuwuh leleb seungitna téh, malah ari parantos tuhur téh langkung ti sungkÉman petingan seungitna. Dugi ka éta mah malati téh dilalandi, disebatna ogé Sekar Wangi. Tah éta margina, anu mawi, wasta anu gaduhna nelah jadi Nini Aruem Sekar Wangi, pédah gaduh malati Sekar Wangi anu parantos jadi sabiwir hiji tina seungltna. Dupi tadina mah, méméh malatina jadi kacapangan téa, wasta Nini Arum téh henteu nganggo lajengna, mung Nini Arum baé wungkul.

Atuh unggal dinten mungpung-mungpung baé anu malésér malati ogé. teu kantos sesah deui diiderkeun heula ka pasar, da darongkap ku manéh anu badé malésérna.

Kékéngingan tina malati wungkul dina sadinten téh dugi ka aya salapan baruna, atuh da diical lima sasén téh parebut.

Saban dinten ayeuna mah, aya sén dua sén tiluna, kana mésér lauk keur parab si Mawat ogé, jabi keur manéhna pribados.

Ari si Mawat keur diparaban, baku dibéré nedana téh mentas Nini Arum dahar, sok digelendut waé ku Nini Arum diomongan ucing téh, “Kop Mawat sing seubeuh nyatu téh, da éta téh rejeki Mawat. Eni mah milu weureu-seubeuh ka Mawat baé!"

Kacarioskeun tatangga Nini Arum anu kapungkur sok sindir sampir téa, Ambu Jumi wastana, ngaraos panas haténa, ningal Nini Arum jadi sugih, kajojo ku anu barangpésér. Anu mésér daun ka Nini Arum, anu mésér sampeu ka Nini Arum, sumawonten ari malati téa mah, nya kitu deui cau sareng waluh, da kajabi ti arageungna pilih tanding téh, raosna deui teu aya anu ngungkulan.

Parantos sababaraha kali Ambu Jumi metakeun kuajuligan, aya meunggas-meunggaskeun tangkal hiris, ngadék jantung nu nembé modonghol, ngareksak paranggong waluh, nanging teu matak ngajadikeun rugel pisan ka Nini Arum. Ku margi kahasudanana henteu matak sugema kana haténa, ayeuna bijil tékadna badé mergasa si Mawat.

Dina émutan Ambu Jumi, anu mawi Nini Arum jadi cekap téh, lantaran ngingu si Mawat. Jadi teu aya sanés jalanna, supados Nini Arum wangsul deui ka asal, mung kedah dipaéhan si Mawatna.

Kaleresan dina hiji wengi kinten sareureuh budak, Ambu Jumi keur ngabulaéh waé nyeupah, hareupeun hawu, bari ngasur-ngasur seuneu ngagelekkeun cai dina sééng, jol si Mawat tina panto uang-éong los ka pipir hawu.

“Lakadalah, ucing bangkawarah téh beunang ayeuna mah sia ku aing. Nya sia anu mapanas ka aing téh, modar sia ayeuna mah!”

Jung Ambu Jumi nangtung. kodongkang ngarong¬kong halu lulumpang, anu nanggeuh kana bilik goah, keteyep leumpang api-api, supados si Mawat henteu si¬euneun.

Barang parantos rada caket, teu antaparah deui héat halu tulumpang diheuneukeun, beletuk kana catang hawu, bro hawu remuk, bluk sééng anu dieusi cai ngagolak nyeblok kana lahunanana pisan, margi Ambu Jumi tijongklok ngarontok hawu.

Dengék waé Ambu Jumi ngocéak sataker tanaga, les kapiuhan.

Atuh rabul ti unggal rorompok ngabujeng anu kocéak dengék. Ari kasampak téh Ambu Jumi parantos ngajehjer teu émut-émut. Harita kénéh pada narulu¬ngan pada ngalubaran, dibaluran ku luah, dipapak ¬dipopok satiasa-tiasana urang dinya.

Udurna Ambu Jumi dugi ka aya tilu sasihna, sareng saparantosna cageur, jadi tanpadaksa, gémpor teu tiasa leumpang, sukuna kénca katuhu méréngkél, tilas kaléob téa, teu tiasa pisan usaha.

Unggal dinten Ambu Jumi ayeuna mah sok ngoréd di kebon Nini Arum, margi teu aya anu daék ngarawatan, teu aya anu daék méré sandang pangan ka manéhna, kajabi ti Nini Arum Sekar Wangi.

(Tina Ganda Sari IV, 1951)