Nu hiji lembur di sisi gunung,
anu katelah Lembur Badungkuk,
aya hiji jelema anu kacida anéhna.
Budak lalaki keur meujeuhna beleksenteng.
Anu matak disebut anéh téh,
ku lantaran awakna ngan sabeulah.
Anu matak disebutna ogé Si Sabeulah baé.
Teu nyarahoeun kana ngaran sabenerna mah.
Ti barang lahir awakna sabeulah téh.
Kabéhanana beulah katuhu wungkul,
saperti anu meunang meulah dua baé.
Sirahna, ceulina, panonna, irungna,
sungutna, beuheungna ogé ngan sabeulah.
Dadana, beuteungna, bujurna,
kitu deui leungeun jeung sukuna,
ngan sabeulah-sebeulah deuih.
Tapi hirupna mulus taya kuciwana.
Si Sabeulah hirup jeung indungna,
da bapana mah geus maot.
Sanggeus Si Sabeulah sawawa,
mindeng nanyakeun ka indungna,
naon sababna manéhna mah boga awak,
anu henteu parok jeung batur?
Indungna henteu bisa ngajawab,
da mémang henteu nyaho pijawabeunana.
Manéhna ngan ukur bisa ngalimba,
ngarasa sedih nénjo kaayaan anakna.
Si Sabeulah terus nanya ka indungna.
Antukna indungna ngajawab,
“Ujang mah geus kersaning Pangéran baé,
geus kitu dikersakeunana meureun.”
Si Sabeulah henteu sugema ngadéngé
jabawan indungna kitu téh.
“Lamun enya kitu mah
kuring kudu nanyakeun ka Pangéran
bari sakalian ménta kaadilanana,
kuring hayang boga awak anu beleger.”
Tuluy atuh Si Sabeulah téh nanya deui,
“Ari Pangéran téh kumaha rupana?
Jeung di mana deuih ayana, Ema?”
Indung Si Sabeulah ngajawab satimu-timu.
Pangéran téh cenah anu pangkawasana,
ari kana rupana mah taya nu nyahoeun.
Kitu deui tempatna, sanajan ngan hiji,
Pangéran mah henteu dua henteu tilu,
tapi bisa aya di mana-mana.
Ngadéngé jawaban indungna kitu,
Si Sabeulah jadi tambah panasaran baé.
Tuluy bébéja ka indungna,
yén manéhna arék indit néangan Pangéran.
Manéhna jangji moal wara balik ka lemburna,
lamun tacan tepung jeung Pangéran,
sarta awakna beleger sakumaha jalma anu lian.
Tadina mah indungna teu mikeun.
Ngan ku lantaran Si Sabeulah keukeuh baé,
ahirna mah indungna téh ngidinan ogé.
Isukna, isuk-isuk pisan Si Sabeulah geus indit.
Maké baju weuteuh, baju anu ngan sabeulah.
Mawa bebekelan disoréndang kana koja.
Ari leumpangna aclog-aclogan,
kawantu sukuna ngan sabeulah téa.
Leumpangna terus maju ka wétan,
ari anu dijadikeun patokanana,
nyaéta tempat medalna panonpoé.
Da ceuk pikiranana ari leumpang téh
kudu aya patokanana ambéh henteu sasab.
Sainditna Si Sabeulah néangan Pangéran,
indungna henteu kendat-kendat ngadoa.
Ngadoakeun kalawan haté anu ihlas,
sangkan anakna anu batan sakitu warugana,
aya dina panangtayungan Mantenna.
Salamet di perjalanan salamet nepi ka tujuan.
Sarta bisa ngahontal anu diangen-angenna.
“Gusti, mugi Anjeun kersa maparin pitulung
ka pun anak,” kitu gerentesna beurang-peuting.
Utamana mah sabada solat anu lima waktu.
Si Sabeulah terus leumpang mileuweungan,
mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang.
Bajuna geus saroék teu mangrupa,
saroék balas tikakarait jeung dekil deuih.
Lamun tipeuting, saréna dina batu lémpar
atawa néangan cadas ngampar anu luhur.
Tara saré dina dahan, da teu bisaeun naék.
Daharna sakapanggih-panggih di leuweung,
bongborosan, beubeutian, atawa bungbuahan,
anu sakirana bisa kahontal ku manéhna.
Sanggeus sababaraha poé lumampah,
Si Sabeulah can bisa papanggih jeung Pangéran.
Tuluy baé atuh mujasmédi dina batu lémpar.
Pikiranana ngalayang natanyakeun Pangéran.
Di mana atuh ayana Pangéran téh?
Ceuk indungna, Pangéran téh anu pangkawasana.
Naon atuh anu pangkawasana di alam dunya?
Bréh manéhna ningali panonpoé.
Lah, meureun itu Pangéran téh panonpoé.
Moal salah deui, ceuk Sabeulah na jero haténa.
Panonpoé nu pangkawasana di alam dunya téh.
Sakur mahluk anu hirup mikabutuh panonpoé.
Tong boroning jelema, tatangkalan gé butuh.
Buktina baé tatangkalan di leuweung,
katémbong pisan bédana téh,
anu katojo ku panonpoé jeung anu henteu.
Anu teu katojo ku panonpoé mah,
katémbongna téh keri kawas nu gering.
Sanggeus boga pikiran kitu,
Si Sabeulah sujud kana panonpoé,
bari pok ngomong, “Nun Pangéran
anu pangkawasana di alam dunya,
mugia kersa maparin pitulung ka abdi.”
Panonpoé némbalan, pokna,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab aya anu leuwih kawasa ti kuring,
nyaéta méga anu ngadingding di langit.
Cahaya kuring teu kawasa nembus manéhna.”
Si Sabeulah pindah deui sujudna,
nyanghareup kana méga, pok ngomong,
“Nun Pangéran anu pangkawasana,
mugia kersa maparin pitulung ka abdi.”
Méga anu ngadingding némbalan, pokna,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab kakuatan kuring henteu sabaraha,
upama dibandingkeun jeung gunung mah.
Tah, anu pangkawasana mah gunung.”
Si Sabeulah cengkat, tuluy sujud deui.
Ayeuna mah nyanghareupna ka gunung.
Pok ngomong ménta tulung ka gunung.
Gunung anu ngajegir némbalan, pokna,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab kuring henteu bisa walakaya,
upama taneuh kuring dikorowot ku landak.
Tah, landak anu leuwih kawasa ti kuring mah.”
Si Sabeulah cengkat, tuluy néangan landak.
Henteu lila, kapanggih aya landak
keur kukurumuyan dina rungkun saliara.
Pok Si Sabeulah ménta pitulung saperti tadi.
Landak némbalan, pokna téh,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab kuring ogé sieun ku Sakadang Anjing.
Kuring teu bisa nanaon mun diporo ku manéhna.
Tuh, ka Sakadang Anjing rék ménta tulung mah.”
Si Sabeulah indit deui, néangan anjing.
Di sisi leuweung aya anjing nu keur saré.
Anjing anu dititah ngajaga huma.
Pok Si Sabeulah ménta pitulung ka anjing.
Sakadang Anjing némbalan, pokna téh,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab aya anu leuwih pinter ti kuring,
nyaéta manusa anu jadi dunungan kuring.
Tuh, ka manusa rék ménta pitulung mah.”
Si Sabeulah indit deui ka pilemburan.
Da cenah manusa mah ayana di pilemburan.
Teu lila panggih jeung patani nu keur macul.
Pok Si Sabeulah ngomong deui cara tadi.
Patani téa némbalan, pokna téh,
“Pangéran mah leuwih kawasa ti manusa,
ti sakur mahluk nu kumelip di alam dunya.
Pangéran Anu Mahakawasa mah ngan hiji.
Henteu dua, henteu tilu, komo loba mah.
Tapi Pangéran aya di mana-mana.”
Ngadéngé omongan patani kitu,
Si Sabeulah ngarénjag kagét,
bet taya bédana jeung omongan
anu dikedalkeun ku indungna.
“Ayeuna Ujang rék ka mana?” patani nanya.
“Ah, rék nuluykeun deui néangan Pangéran,
sugan baé diparengkeun papanggih,” témbalna.
“Jung, Ujang didungakeun ku Emang,
sing bisa papanggih jeung Anjeunna,
da katénjona Ujang mah keyeng pisan.”
Si Sabeulah neruskeun deui lalampahanana.
Dina hiji waktu, manéhna ningali Haji.
Éta Haji gawéna ngan ibadah baé,
solatna dina batu lémpar sisi walungan.
Sanggeus solat tuluy dikir ngucel tasbéh.
Réngsé dikir cong solat deui,
meunang sababaraha belas rokaat.
Tuluy dikir deui, kitu jeung kitu baé.
Ku Si Sabeulah disampeurkeun.
Barang ningali Si Sabeulah, pok Haji nanya,
“Ujang téh saha, ti mana, jeung rék ka mana?”
Témbal Si Sabeulah, “Ngaran mah Si Sabeulah.
Ari asal ti Lembur Badungkuk di sisi gunung.
Kuring téh puguh keur néangan Pangéran.”
“Atuh kabeneran Ujang,” ceuk éta Haji.
“Lamun engké patepang sareng Anjeunna,
pangnanyakeun ku Ujang ka Anjeunna,
sabaraha héktar sawarga jeung widadari
anu dicawiskeun pikeun kuring.”
Si Sabeulah nyanggupan, terus indit deui.
Di hiji tempat, panggih deui jeung jelema.
Éta jelema téh gawéna ngan ceurik
bari neneda ampun ka Pangéran.
Ku Si Sabeulah disampeurkeun, pok ditanya,
“Ku naon Emang téh kawas nu kanyenyerian?”
Témbalna, “Ujang, Emang téh jalma doraka,
Emang téh tukang bégal tukang rampog,
ayeuna Emang tobat, hayang babalik pikir.”
“Ari Ujang saha, ti mana, jeung rék ka mana?”
“Ngaran kuring Si Sabeulah,” témbal Si Sabeulah.
Asal mah ti Lembur Badungkuk di sisi gunung.
Kuring lunta lantaran keur néangan Pangéran.”
“Atuh kabeneran Ujang,” ceuk urut rampog téh.
“Upama Ujang tepang sareng Anjeunna,
pangnanyakeun, naha tobat Emang ditampi?
Upami téa mah teu ditampi, Emang mah rido,
Emang pasrah najan kudu asup ka naraka ogé.
Sabab Emang rumasa jalma lamokot ku dosa.”
Si Sabeulah neruskeun deui lalampahanana.
Barang nepi ka hiji tempat,
manéhna ningali tilu balong ngajajar.
Balong anu sisi pada sisi caina pinuh.
Ari balong anu aya di tengah mah caina saat.
Kitu deui jeung laukna.
Lauk dina balong anu aya di sisi mah
réa rupana jeung baradag deuih.
Ari lauk anu aya dina balong nu tengah mah,
keur saeutik téh katénjona laleutik deuih.
Henteu kungsi lila aya kajadian ahéng.
Lauk-lauk anu aya di balong nu sisi,
laluncatan ngaliwatan balong nu tengah.
Ti balong sisi kénca ka balong sisi katuhu.
Kitu deui balikna, ti nu katuhu ka nu kénca.
Ari balong anu di tengah mah diliwat baé.
Dina ayana ogé hiji dua lauk anu ragrag,
kana balong nu tengah téa.
Sok buru-buru luncat kana balong nu sisi.
Si Sabeulah kacida héranna nénjo éta kajadian.
Tapi henteu kapapanjangan,
buru-buru indit deui ti dinya.
Jog baé ka kebon awi anu kacida legana.
Katémbong aya jelema anu keur nuaran awi.
Késang luut-léét dina sakujur awakna.
Lamun awi anu hiji geus rubuh,
pindah deui nuar awi anu séjénna.
Kebon awi téh méh béak satengahna dituaran.
Awi meunang nuar patulayah di mana-mana.
Si Sabeulah nyampeurkeun ka éta jelema.
Pok ditanya maksudna nuaran awi.
Anu ditanya ngajawabna bari ambek,
“Naha manéh maké tunyu-tanya teuing?
Teu nyaho aing téh keur digawé?
Aing digawé unggal poé taya reureuhna,
sangkan aing katénjo loba pagawéan!”
“Enya, keur naon nuaran awi sakitu lobana?”
Tibatan ngajawab mah éta jelema téh
kalah ambék bari ngusir ka Si Sabeulah.
Si Sabeulah indit ti dinya bari hémeng.
Ceuk pikirna, aya jelema ku anéh-anéh teuing.
Si Sabeulah neruskeun deui lalampahanana.
Mapay-mapay leuweung geledegan.
Anjog kana hiji pasir, ngadon reureuh di dinya.
Nyarandé kana tangkal kiara anu gedé.
Téténjoan plung-plong matak waas.
Katebak angin ngahiliwir, aya ku nimat.
Manéhna tangka lelenggutan, tunduh.
Keur kitu, kadéngé sora tan katingal,
datangna kadéngé ti madhab papat.
“Hé Sabeulah, rék aya naon manéh
hayang papanggih jeung Kami?”
Si Sabeulah ngarénjag, tuluy sujud ta’dim.
Pok ngomong, “Anjeun nu langkung uninga,
margi abdi yakin Anjeun Anu Mahakawasa.”
“Kahayang manéh boga awak anu beleger,
heug ku Kami baris ditedunan.”
Ngadéngé kitu, Si Sabeulah kacida bungahna.
Nyembah acong-acongan bari nyebut nuhun.
“Nuhun Gusti, nuhun, Gusti Nu Mahaadil,
sareng Gusti Nu Mahakawasa di sakuliah alam.”
Ras manéhna inget kana papanggihanana,
salila manéhna lumampah néangan Pangéran.
“Mung sateuacan abdi wangsul,
abdi téh seueur anu badé ditaroskeun,
Mugia Anjeun kersa maparin terbuka ka abdi.”
“Pok geura caritakeun kapanasaran manéh téh.”
Barabat atuh Si Sabeulah nyaritakeun
papanggihanana salila manéhna di perjalanan.
Mimiti anu dicaritakeun téh soal balong téa.
“Éta téh naon maksadna?” ceuk Si Sabeulah.
Sora tan katingalan ngajawab,
“Éta téh siloka lakuning hirup jelema.
Jelema anu beunghar sok silihbéréan
jeung jelema anu beunghar deui.
Anu sangsara mah sok diliwat baé.”
30. Sanggeus jempé sajongjongan,
kadéngé deui sora nu tan katingalian,
“Éta ogé nyilokakeun anu pinter
silihsimbeuh pangarti jeung nu pinter deui.
Ari anu bodo mah tara ditari-ditakon.
Anu matak anu beunghar beuki beunghar,
anu miskin beuki tambah-tambah malaratna.
Anu pinter beuki nambahan pinterna,
ari nu bodo angger dina kabodoanana.”
Ti dinya Si Sabeulah nanyakeun kalakuan
jalma anu hantem nuaran awi.
“Éta téh jalma anu hayang katénjo loba gawé,
bari jeung henteu nyaho tujuanana.
Anu kitu disebutna pagawéan mubadir.
Sakur pagawéan anu dilakonan téh,
kudu puguh niatna jeung tujuanana.
Anu pangalus-alusna pagawéan,
nyaéta anu niatna pikeun ibadah.”
Si Sabeulah inget kana amanat Haji téa,
Haji anu terus-terusan solat jeung dikir.
“Pangapunten Gusti, sanés badé kumalancang,
abdi téh badé ngadugikeun amanat ti Haji,
anu teu weléh solat sareng dikir.
Saurna téh, sabaraha héktar sawarga
sareng sabaraha puluh widadari,
anu dicawiskeun kanggo anjeunna
di ahérat engké?” ceuk Si Sabeulah.
“Pitempateun keur manéhna mah lain surga,
tapi naraka jahanam,” ceuk sora tan katingalan.
“Éta jalma ibadah beurang peutingna téh,
malah geus bisa munggah haji sagala,
dibarung ku ujub, ria, jeung takabur.
Henteu bener-bener ihlas niat ibadah ka Kami.
Anu kitu téh kaasup golongan jalma munapék.”
Ti dinya atuh Si Sabeulah ditémbongan
naraka jahanam pieusieun Haji téa di ahérat.
Si Sabeulah bibirigidigan bakating ku sieun.
Sanggeus kitu, Si Sabeulah nepikeun amanat
rampog gerot anu tobat bari ceurik balilihan.
Méméh aya jawaban ti sora tan katingalan,
Si Sabeulah ditémbongan hiji patempatan.
Patempatan anu kacida éndahna,
éndah kabina-bina taya babandinganana.
Caina cur-cur canémbrang hérang,
matak tingtrim tur genah nu nyicinganana.
Katémbong pirang-pirang awéwé gareulis,
arulin jeung arocon di patamananana.
Pok Si Sabeulah nanya,
“Éta téh tempat naon, Gusti, aya ku éndah?”
“Éta téh sawarga, keur jalma anu tobat.
Kami baris narima tobatna hiji jalma,
tobat anu enya-enya terus jeung haté,
sarta henteu ngalakonan deui dosana-dosana.”
Si Sabeulah beuki yakin baé,
yén Pangéran téh Mahakawasa tur Mahaadil.
Bluk manéhna sujud bari muji
kaagungan Pangéran Anu Murbéng Alam.
Kadéngé deui sora tan katingalan,
“Jig ayeuna manéh geura mulang ka lembur.
Paménta manéh ku Kami ditedunan.
Geura tepungan indung manéh,
sabab doa indung manéh anu ihlas,
anu jadi cukang lantaran
paménta manéh bisa tinekanan,
di sagigireun tékad manéh anu keyeng téh.”
Si Sabeulah angger sujud bari muji sukur.
Dadak sakala awak Si Sabeulah robah,
jadi beleger sakumaha umumna jelema.
Malah papakéanana ogé geus robah deuih.
Anu tadina ngan sabeulah jeung dekil téh,
jadi papakéan anu weuteuh tur lengkep,
sakumaha ilaharna papakéan jalma walagri.
Si Sabeulah ceurik bakating ku bungah,
bari teu kendat-kendat muji sukur ka Pangéran.
Tétéla, di alam dunya taya anu mustahil,
upama dikersakeun ku Anjeunna mah.
Sanggeus sababaraha lilana sujud sukur,
Si Sabeulah cengkat, tuluy indit ti dinya.
Anu kabayang ku manéhna taya deui,
iwal ti indungna anu aya di lemburna.
Indung anu ngadoakeun anakna kalawan ihlas.
Doana tembus parat ka jabaning langit.
Kadangu ku Pangéran Nu Mahawelas Asih.
Manéhna hayang buru-buru tepung jeung indung,
hayang buru-buru ngarawu dampal sukuna,
bari ménta dihampura tina sagala dosana.
Tapi saméméhna Si Sabeulah nyimpang heula,
nepungan ka bégal gerot anu keur tobat.
“Bagja temen, tobat Emang ditampi ku Anjeunna.
Lantaran Emang geus tobat kalawan ihlas.”
Si Bégal sujud sukur, terus nyarita dareuda,
“Duh, nyaan Pangéran mah Mahawelas Asih.
Padahal Emang ihlas mun kudu ka naraka ogé,
lantaran tina rumasa boga dosa salaput hulu.”
Ti dinya Si Bégal jangji yén sésa umurna
rék dipaké ibadah jeung nyieun kahadéan.
Si Sabeulah indit deui ti dinya,
nepungan Haji anu beurang-peuting ibadah.
Pok Haji nanya, “Kumaha Ujang,
sabaraha héktar sawarga keur Emang,
jeung sababaraha widadari cawisan Emang,
minangka ganjaran keur ibadah Emang?”
Si Sabeulah teu werat ngomong anu sabenerna.
Pok baé ngomong, “Pangéran mah Emang,
henteu resepeun ka jalma anu munapék.”
Ngadéngé kitu, Haji téh ukur bengong.
Si Sabeulah buru-buru balik ka lemburna.
Kacaturkeun geus datang baé ka lemburna.
Si Sabeulah ngarawu dampal suku indungna.
Sungkem bari ceurik ménta dihampura,
tina sagala dosa jeung kasalahanana.
Duaan ceurik paungku-ungku, ceurik bungah.
Komo indungna mah, bungah leuwih ti misti,
lantaran anu jadi anak tinekanan kahayangna.
Duanana terus sujud sukur,
muji ka Pangéran Anu Mahawelas Asih.
Si Sabeulah ayeuna geus walagri,
sanajan kitu ngaranna mah anggeur baé,
Si Sabeulah, teu diganti ku ngaran séjén,
minangka pangéling-ngéling cenah,
sangkan henteu poho kana wiwitan.
Si Sabeulah kacida nyaaheunana ka indungna.
Indung anu kudu dipunjung didama-dama.
Ceuk pikiran Si Sabeulah, indung téh
ibarat wawakil Pangéran anu nyata,
salila manéhna kumelendang di alam dunya.
(Diropéa tina Si Sabeulah, beunang Yus Rusamsi)
Kamis, 24 Juli 2008
SI SABEULAH
Posted by Budi Rahayu Tamsyah at 20.45
Labels: Dongeng Jalma Biasa
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Comment Form under post in blogger/blogspot