Jaman baheula di hiji lembur,
aya tujuh sadulur awéwé wungkul.
Indung bapana geus lila taya di kieuna.
Anu genep geus rimbitan kabéh.
Malah bisa disebutkeun geus baleunghar.
Réa ketan réa keton téh lain bobohongan.
Kari anu bungsu anu can kawin téh.
Rupana geulis keur sumedeng rumaja putri.
Ngaranna Nyi Bungsu Rarang.
Nyi Bungsu Rarang hirup nyorangan.
Nyicingan imah titinggal kolotna.
Imahna geus butut jeung leutik deuih.
Bilikna geus barobo jeung cararang.
Hateupna ogé geus barolong deuih.
Lamun tipeuting katingali béntang di langit.
Lamun hujan cai ngagarajag lir nu dicicikeun.
Manéhna mindeng kabulusan kahujanan.
Hirup Nyi Bungsu Rarang kacida masakatna.
Daharna sakapanggih-panggihna baé.
Dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan.
Malah sakapeung mah beuteungna ngongkrong,
sapoé sapeuting teu kararaban sangu.
Babakuna mah lamun teu manggih pagawéan.
Da mémang hirupna ngandelkeun ti nu nitah.
Nyorok gawé anu sakirana kadada-kaduga
ku awéwé pantar manéhna.
Ari pagawéanana henteu ngabaku.
Lamun usum tandur, milu tandur.
Lamun usum ngarambét, milu ngarambét.
Lamun usum panén, milu gacong.
Lamun aya anu nitah nutu, sok nutu.
Geus puguh ari bangsa nyeuseuh,
kukumbah jeung bébérés di imah mah.
Tapi tara unggal poé aya anu nyorok gawé.
Ari lanceuk-lanceukna anu genepan,
sanajan hirupna geus baleunghar ogé,
taya anu daékeun ngarawatan Si Bungsu.
Pajarkeun téh cenah Nyi Bungsu Rarang
baris mawa sial kana kahirupanana.
Éstu dilurjeunkeun téh lain bobohongan.
Dina sakalieun aya pangabutuh ogé,
batan dibéré mah kalah dicarékan.
Mémang aya kalana Nyi Bungsu Rarang
dititah gawé ku lanceuk-lanceukna.
Tapi buruhanana téh sok henteu puguh.
Malah aya kalana tara diburuhan pisan.
Basana téh cenah geus sakuduna nu jadi adi
nalang gawé atawa babantu ka nu jadi lanceuk.
Padahal ari lebah pagawéanana mah
sok leuwih beurat ti deungeun-deungeun,
dibelekesekkeun ti isuk-isuk nepi ka soré.
Kahirupan Nyi Bungsu Rarang
ti poé ka poé téh méh taya pisan robahna.
Isuk-isuk bébérés jeung beberesih di imahna.
Tuluy ngeleyeng néangan pagawéan.
Digawé nepi soré, tampolana nepi ka peuting.
Balik ka imahna, mandi, dug baé saré.
Isukna, sanggeus bébérés di imahna,
keleyeng deui baé néangan pagawéan,
ngarah sahuap-sakopeun keur saharita.
Dina hiji poé Nyi Bungsu Rarang
néangan pagawéan saperti sasari.
Tapi poé éta mah tepi ka soré téh
weléh henteu meunang pagawéan.
Beuteungna kukurubukan kacida laparna,
lantaran ti isuk-isuk can kararaban sangu.
Tuluy baé atuh manéhna nyarandé
kana tangkal di sisi walungan.
Awakna karasa lalesu jeung nahnay.
Keur kitu, torojol aya budak mawa jeujeur.
Gog waé nagog teu jauh ti manéhna.
Lung useupna dialungkeun ka walungan.
Teu kungsi lila aya lauk anu nyanggut.
Jeujeurna diangkat, lauk sagedé cinggir.
Tayohna mah budak téh ngarasa keuheul.
Samarukna anu nyanggut téh lauk gedé.
Éta lauk arék dibantingkeun bari kukulutus.
Ku Nyi Bungsu Rarang dicaram,
“Ulah dibantingkeun, Ujang, karunya.
Mending ka dieukeun baé keur Euceu!”
Éta lauk henteu tulus dibantingkeunana,
tuluy baé dibikeun ka Nyi Bungsu Rarang.
Karunyaeun ningali kaayaan Nyi Bungsu Rarang,
sangka manéhna éta lauk téh rék didahar baé.
Ku Nyi Bungsu Rarang lauk téh dirawatan,
dibawa kana daun taleus anu ditékorkeun,
dicaian sangkan laukna henteu paéh.
Lauk téh dibawa ka imahna.
Diwadahan kana batok anu dieusi cai.
Ditutupan ku awi anu dianyamkeun carang,
cenah bisi dihakan ku ucing atawa kabur.
Diteundeunna di handapeun ranjang.
Unggal poé anak lauk téh sok diparaban,
saméméh manéhna indit néangan pagawéan.
Parabna huut lembut atawa bakatul.
Beuki lila, lauk téh beuki gedé baé.
Tétéla deuih, éta téh lauk emas beureum.
Ku Nyi Bungsu Rarang dingaranan Si Leungli.
Laukna ogé siga anu ngartieun deuih,
lamun digeroan Si Leungli téh sok nyampeurkeun.
Lindeuk sarta jiga anu resepeun diusapan téh.
Ayeuna mah Nyi Bungsu Rarang téh,
asa boga batur, teu cuang-cieung teuing.
Si Leungli beuki gedé jeung beuki lintuh baé.
Wadahna dina batok geus teu laluasa.
Tuluy baé Nyi Bungsu Rarang nyieun babalongan.
Tempatna di pakarangan tukangeun imahna.
Babalongan leutik ditata dialus-alus.
Caina meunang méngkolkeun tina solokan,
anu aya di gigireun imahna.
Dipindahkeun ka dinya téh,
Si Leungsi jiga anu resepeun pisan.
Mun Nyi Bungsu Rarang balik ka imahna,
anu pangheulana diburu téh Si Leungli.
Diuk di sisi balong bari ngawih:
“Leungli! Leungli!
Méré bubur paré marus,
ditutu na lisung bungur,
ditapi ku nyiru wulung,
digésohan ku karémbong,
diayak ku kalo pérak,
diwadahan talam kuning.”
Teu lila Si Leungli datang,
nyentugan suku Nyi Bungsu Rarang,
anu diucang-ucang kana cai balong.
Nyi Bungsu Rarang resepeun pisan
disentugan sukuna ku Si Leungli téh.
Tampolana mah nepi ka seuri cacalakatan.
Geus kitu mah wur baé diparaban.
Parabna pais bakatul jeung huut lembut.
Sakapeung sok dicampuran bubur beunyeur.
Si Leungli beuki gedé jeung lintuh deuih.
Tina sagedé leungeun, sagedé bitis,
terus ngagedéan nepi ka sagedé pingping.
Barang Si Leungli geus sagedé orok,
balongna dilegaan jeung dijeroan deui.
Nyi Bungsu Rarang beuki nyaaheun baé.
Kitu deui Si Leungli, beuki apét baé.
Mun kadéngé dununganana ngawih téh,
sok buru-buru némbongan gugudibegan.
Terus nyiuman suku dununganana.
Urang lembur ayeuna mah geus nyarahoeun,
yén Nyi Bungsu Rarang boga lauk emas gedé.
Béja pabéja-béja, tepi baé ka lanceuk-lanceukna.
Hiji poé datang lanceukna anu kahiji,
ménta lauk ka Nyi Bungsu Rarang rék dipais.
Ku Nyi Bungsu Rarang henteu dibikeun.
Henteu téga cenah mun Si Leungli kudu dipais,
diingu ti leuleutik nepi ka sagedé orok.
Jeung deuih Si Leungli téh batur manéhna,
minangka hiburan hiji-hijina ari keur capé.
Ngadéngé kitu, lanceukna kacida ambekna,
“Lamun kitu, manéh leuwih mentingkeun lauk
ti batan lanceuk sorangan!” omong lanceukna.
“Geus ti semet ayeuna urang pegat duduluran!
Sia montong datang-datang deui ka imah aing!”
Gejlig baé lanceukna indit bari jamedud.
Nyi Bungsu Rarang ngan ukur bisa ceurik,
kanyenyerian ngadéngé omongan lanceukna.
Tina ku teu sangka, gara-gara lauk,
nepi ka téga megatkeun tali duduluran.
Isukna datang lanceukna anu kadua,
maksudna sarua ménta Si Leungli rék digoréng.
Ku Nyi Bungsu Rarang henteu dibikeun.
Lanceukna ambek, teu béda ti lanceukna nu kahiji,
mutuskeun hubungan jeung Nyi Bungsu Rarang.
Isukna deui datang lanceukna anu katilu,
nungturun heuleut sapoé datang deui,
lanceukna anu kaopat, kalmia, kagenep.
Maksudna sarua ménta Si Leungli keur dahareun.
Kabéh ogé teu ditedunan ku Nyi Bungsu Rarang.
Lanceuk-lanceukna kabéh geus teu ngaku adi,
Nyi Bungsu Rarang kacida nalangsana.
Manéhna beuki nyaaheun baé ka Si Leungli téh.
Sabalikna jeung lanceuk-lanceukna,
kalah timbul niat jahatna pikeun ngala Si Leungli.
Baradami rék réréncépan ngala lauk adina.
Lamun geus beunang Si Leungli rék direcah,
dijieun rupa-rupa kaolahan keur balakécrakan.
Rék dipais, rék digoréng, rék dipésmol ogé,
moal teu girinyih cenah da lauk sakitu gedéna.
Lanceuk-lanceuk Nyi Bungsu Rarang,
pabeubeurang datang rerencepan ka balong,
anu aya di tukangeun imah Nyi Bungsu Rarang.
Balong téh dikepung ku genepan.
Diaruseupan laukna teu daék nyorang.
Dikecrik kalah ka beunang lauk nu laleutik.
Tuluy dirojokan ku gantar, dikubek caina,
lauk téh henteu némbongan-némbongan acan.
Antuk-antukna anu genepan téh baralik,
tapi angger bari neundeun kapanasaran.
Isukna deui maranéhna datang pasosoré,
ayeuna nyarumput di tempat anu buni,
nyérangkeun lampah Nyi Bungsu Rarang,
maraban lauk bari diuk sisi balong.
Sanggeus nyaho pasang petana mah,
anu genepan téh baralik deui ka imahna.
Ari Nyi Bungsu Rarang terus anteng,
ocon jeung Si Leungli tangka ceuceuleukeutan.
Teu nyahoeun aya anu nyérangkeun.
Teu nyahoeun aya anu boga niat jahat deuih.
Isukna, sanggeus Nyi Bungsu Rarang
indit ti imahna rék néangan pagawéan,
lanceuk-lanceukna daratang deui ka balong.
Ngong lanceukna anu cikal ngawih,
ngageroan Si Leungli nurutan Si Bungsu.
Sorana ceplés pisan sora Nyi Bungsu Rarang.
Teu kungsi lila Si Leungli némbongan.
Tuluy ngadupakan suku nu keur ngawih,
disangkana suku dununganana baé.
Barang geus katingali lindeuk pisan,
Héat, jeplok baé Si Leungli disabet ku bedog,
ku lanceukna Nyi Bungsu Rarang nu kadua.
Tonggong Si Leungli gudawang jero pisan.
Si Leungli gudibag-gudibeg, tuluy ngambang.
Dibaruru ku genepan, tuluy digarotong ka darat.
Geus di darat, tadina mah rék digarotong,
tapi ku lantaran beurateun, nya digalusur baé.
Lebah asangna ditalian, ditilaman ku gebog cau.
Digalusur dibawa ka imah dulurna anu cikal.
Barang datang ka imah lanceukna nu cikal,
lauk téh diurus, dirarecah ku genepan.
Dipasak sakumaha karesepna maranéhna baé.
Aya anu dipais, aya anu digoréng garing,
aya ogé anu dipanggang dina hawu.
Sanggeus asak, tuluy baé barangdahar,
balakécrakan bari teu weléh mupuas ka adina.
Hulu lauk nu kari tulang jeung cucukna,
dihijikeun sarta dibungkus ku daun cau.
Lung baé dialungkeun ka para seuneu.
Pasosoré Nyi Bungsu Rarang balik ka imah.
Ceg kana parab lauk, tuluy diuk di sisi balong.
Ngong ngawih ngageroan Si Leungli.
“Leungli! Leungli!
Méré bubur paré marus,
ditutu na lisung bungur,
ditapi ku nyiru wulung,
digésohan ku karémbong,
diayak ku kalo pérak,
diwadahan talam kuning.”
Sakali ngawih, Si Leungli teu némbongan.
Dua kali, tilu kali, nepi ka sababaraha kalina,
Si Leungli angger henteu bijil sakumaha biasa.
Nyi Bungsu Rarang mimiti curiga,
ari ngalieuk ka gigireunana,
bréh katémbong aya getih.
Teu jauh ti dinya kapanggih aya sisit lauk,
jeung katémbong aya tapak ngagusur lauk.
Éta tapak dituturkeun ku Nyi Bungsu Rarang,
Ari brasna téh bet ka imah lanceukna anu cikal.
Sup ka pakarangan lanceukna, pupuntenan.
Teu lila kulutrak lanceukna mukakeun panto.
“Rék naon manéh ka dieu?” lanceukna nanya.
Nyi Bungsu Rarang némbal bari cirambay,
“Punten baé, manawi Tétéh uninga,
saha anu parantos néwak Si Leungli?”
Ditanya kitu téh, lanceukna kalah ambek.
Majarkeun téh Nyi Bungsu Rarang geus ngahina,
geus nuduh lanceukna maling Si Leungli.
Harita kénéh ogé Nyi Bungsu Rarang diusir.
Nyi Bungsu Rarang tungkul bari ceurik.
Tapi barang rék kaluar ti pakarangan,
aya hayam bikang kokotak tarik pisan.
“Kotak dongklak! Kotak dongklak!
Hulu lauk jeung cucukna di para seuneu!
Kotak! Kot kot kotak, kotak!
Ngadéngé hayam kokotakna kitu,
Nyi Bungsu Rarang ngarandeg.
Ari lanceukna, buru-buru nyokot bungkusan,
anu eusina hulu jeung cucuk Si Leungli,
dipindahkeun ka kolong imahna.
Hayam bikang kokotan deui, leuwih tarik.
“Kotak dongklak! Kotak dongklak!
Hulu lauk jeung cucukna di kolong imah!
Kotak! Kot kot kotak, kotak!”
“Kurang ajar, hayam téh ngérakeun!”
ceuk lanceukna bari malédog hayam, teu keuna.
Bungkusan téh dicokot ti kolong imah.
Lung baé dialungkeun ka hareupeun adina.
“Tah, bawa! Kami mah henteu butuh nu kitu!”
omong lanceukna, “Pilakadar cucuk lauk!”
Bungkusan dicokot ku Nyi Bungsu Rarang.
Ari dibuka, hulu jeung cucuk lauk.
Goak baé Nyi Bungsu Rarang ceurik ngagoak.
“Emh, Leungli, teu sangka pikieueun.
Na Tétéh téh mani telenges-telenges teuing.
Mani taya rasrasan,” omongna bari ceurik.
Hulu jeung cucuk Si Leungli dibawa ka imahna.
Dikumbah nepi ka beresih pisan,
tuluy dibungkus ku lawon bodas.
Ti dinya dikubur di handapeun ranjangna.
Sawatara minggu ti harita,
kasedih Nyi Bungsu Rarang geus rada palér.
Sanajan kitu, masih kénéh sok cirambay,
lamun inget ka Si Leungli anu geus paéh.
Tapi ayeuna mah geus cara sasari deui.
Unggal poé, rebun-rebun geus balangsiar.
Pasosoré kakara balik ka imahna.
Mimitina mah kacida ngarumasna,
tuman rék indit sok nyieun bubur heula.
Kitu deui balikna, tuman maraban Si Leungli.
Sawatara bulan ti harita,
tina kuburan Si Leungsi aya nu jadi.
Wangunna cara kongkoak suuk.
Ngan ieu mah hérang jeung cahayaan.
Mimitina mah rék dicabut,
sabab disangkana jukut biasa baé.
Tapi barang katénjo lain tangkal samanéa,
ku Nyi Bungsu Rarang diantep baé.
Sirung téh gancang pisan ngagedéanana.
Jeung enyana deuih lain tangkal samanéa.
Daunna henteu héjo sakumaha biasa,
tapi konéng sarta hérang ngagurilap.
Kitu deui jeung tangkal katut dahanna.
Malah teu kungsi lila bijil kembangna,
tina kembang tuluy jadi buah.
Buahna laleutik sagedé-gedé leunca,
hérang ngagenclang mangrupa berlian.
Tangkal téh téréh pisan ngagedéanana,
buahna meuhpeuy raranggeuyan,
cahayana ngempur nyaangeun sakurilingna.
Ku Nyi Bungsu Rarang diantep baé.
Tangkal, daun, katut buahna teu dialaan,
lantaran inget yén éta tangkal téh,
asalna tina hulu jeung cucuk Si Leungli.
Ngarasa henteu téga dina rék ngalana ogé.
Tapi aya alusna Nyi Bungsu Rarang kitu téh.
Imah Nyi Bungsu Rarang jadi caraang.
Beurang peuting cahayana henteu ngurangan.
Upama buahna aroyag katebak angin,
ngaluarkeun sora anu éndah lir gamelan.
Dina hiji peuting aya patinggi ngaronda,
ngaroris kaayaan di éta nagara tipeuting.
Barang ngaliwat ka imah Nyi Bungsu Rarang.
Patinggi kagét ngadéngé sora gamelan,
sorana halimpu kaangin-angin hawa peuting.
Didéngé-déngé, tétéla asalna ti hiji imah,
imah anu geus butut sarta mencil.
Patinggi ngeteyep ngadeukeutan éta imah,
tuluy noong tina jandéla anu geus karancang.
Barang bréh kaayaan di jero imah,
Patinggi kacida pisan kagéteunana,
caang mubyar kahibaran ku cahaya tangkal,
anu dahan jeung daunna mangrupa emas,
dipapaés ku buahna inten raranggeuyan.
Éta buah lamun aroyag katebak angin,
ngaluarkeun sora gamelan anu halimpu.
Di gigireun éta tangkal awéwé keur saré.
Najan papakéanana basajan jeung tatambalan,
tapi atra katémbong cahaya kageulisanana.
Harita kénéh Patinggi laporan ka raja.
Mimitina mah Raja téh teu percayaeun
kana caritaan Patinggi anu dianggap pamohalan.
Isukna Raja ngabuktikeun sorangan,
dibarengan ku Patinggi datang réréncépan,
ngintip ka jero imah Nyi Bungsu Rarang,
kakara percaya bari haténa ngandung kapanasaran.
Anu matak isukna Nyi Bungsu Rarang disaur,
sina mangadep ka Raja di karaton.
Sanggeus aya di hareupeun Raja,
Nyi Bungsu Rarang ditanya asal-usulna,
kitu deui ngeunaan tangkal ahéng di imahna.
Barabat atuh Nyi Bungsu Rarang nyaritakeun
kaayaan dirina katut asal-usulna tangkal ahéng.
Ngadéngé caritaan Nyi Bungsu Rarang,
Raja téh kacida pisan ngahelasna.
Dibarung ku rasa keuheul anu pohara,
keuheul ka lanceuk-lanceuk Nyi Bungsu Rarang,
teu nyangka yén aya rayatna anu taya rasrasan.
Nyi Bungsu Rarang diandeg di karaton,
teu meunang balik deui ka lemburna.
Disalinan ku papakéan aralus hurung-hérang.
Atuh beuki katémbong baé kageulisanana téh.
Nya ahirna mah Nyi Bungsu Rarang téh
ditikah ku Raja sarta dijadikeun praméswari.
Ari lanceuk-lanceukna anu genep téa,
meunang hukuman ti Raja,
sakabéh harta bandana disita ku nagara,
sarta kudu hirup malarat salila tujuh taun.
Nénjo kaayaan lanceuk-lanceukna kitu mah,
Nyi Bungsu Rarang téh henteu tégaeun.
Tuluy ménta sangkan éta hukuman téh dicabut.
Raja henteu nedunan paménta Nyi Bungsu Rarang.
Ari sababna, éta hukuman téh maksudna taya lian,
pikeun pangajaran keur jalma anu telenges,
sarta supaya dijadikeun conto keur rayat lianna.
Raja ngan ukur bisa ngurangan éta hukuman,
tina tujuh taun jadi sataun.
Sanggeus sataun, lanceuk-lanceukna bébas.
Harta bandana anu disita, kebéh dibikeun deui.
Malah saterusna mah ku Nyi Bungsu Rarang,
anu ayeuna geus jadi praméswari,
kulawargana diperenahkeun di jero karaton.
Masing-masing meunang pagawéan,
anu luyu jeung kamampuh sarta karesepna.
Lanceuk-lanceukna robah adat jadi balageur,
rumasa saméméhna geus boga lampah anu salah.
Hirup rukun sauyunan sadudulur.
(Diropéa tina Nyi Bungsu Rarang, beunang Ajip Rosidi)
Kamis, 24 Juli 2008
SI LEUNGLI
Posted by Budi Rahayu Tamsyah at 20.43
Labels: Dongeng Jalma Biasa
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Comment Form under post in blogger/blogspot