Lamun urang leumpang ti Purwakarta ka Wanayasa, tang¬tu nyorang hiji tanjakan anu kacida panjangna, disebutna tanjakan Rancadarah. Ningal kaayaan di lebah dinya. éta ngaran Rancadarah matak jadi pertanyaan, lantaran ranca téh biasana ayana di tempat handap, ari ieu kapan tanjakan ngaranna ogé. Kecap “darah” hartina getih. Bisa jadi aya nu ngira, yén di dinya baheula tempat bégal, nepi ka matak loba nu ngaluarkeun getih dirogahala ku bégal. Jeung bisa jadi ogé aya anu nyangka, yén di dinya loba nu kaluar getih, lantaran ditekuk maung, da di lebah dinya téh baheulana mah leuweung geledegan.
Naon atuh sasakalana nu matak éta tanjakan disebut kitu? Di handap ieu dicaritakeun sasakalana, lain dongéng, ieu mah carita sabenerna, malah surup kana sajarah.
Méméh nyaritakeun Rancadarah, urang nyaritakeun heula Wanayasa. Baheula Wanayasa téh beunang disebut nagara gedé, jadi dayeuh karesidénan, béjana. Kira-kira dina taun 1710 (M) Kumpeni Walanda (V.O.C.) muka kebon entéh anu kacida legana, nya éta méh sakuliah Désa Wanayasa ayeuna, Désa Babakan jeung Désa Pusakamulya. Ari entéhna nu biasa disarebut entéh jawa, nya éta entéh leutik boh tangkalna boh daunna. Nepi ka ayeuna ogé masih kénéh aya urang Wanayasa anu sok marelak entéh di kebon atawa dijieun pager. Nu digawé atawa nu jadi kuli di kebon entéh anu kasebut di luhur, lolobana bangsa Tionghoa baé, nya éta urang Ma¬kao, maratuhna di lembur nu nelah Pasir Nagara Cina (di tutugan Gunung Burangrang). Di Wanayasa aya pabrik-pabrik laleutik tempat ngokolakeun entéh téa. Ari pabrik nu galedé ayana di Purwakarta, tempatna disebut bélong. Di dinya tempat ngumpulkeun entéh ti mana-mana, sarta tuluy dikoko¬lakeun sacukupna, nepi ka beunang dikirimkeun ka nagara nu jarauh. Nu digarawé di dinya lolobana urang Makao kénéh baé.
Lantaran bayaranana teu pati bérés, sok tara tangtu wak¬tuna jeung sok réa potongan atawa dengdaan, kabéh urang Makao téa ngarandung haté, hayangeun ngalubarkeun ka¬tugenah. Mimitina urang Makao di Purwakarta jeung anu di Wanayasa baradami rerencepan anu kacida rikipna, niat ngayakeun rurusuh babarengan. Dina poé nu geus ditetepkeun ti anggalna der baé bareng pisan aya rusuh di Purwakarta jeung di Wanayasa. Gedong-gedong Kumpeni dihuru, réa Walanda anu dipaéhan.
Kapala pangurus kebon di Wanayasa ngaranna Sheper Leau kacida pisan bengisna, harita pada neunggeulan pada nimpugan ku batu, tungtungna lékék dipeuncit, ari mayitna tuluy dipiceun ka leuweung, sarta nepi ka nelah Leuweung Ciperlaw. Lebah urut mayit tea dicirian ku batu gedé, nelah nepi ka ayeuna disarebut Batu¬tanceb, ayana di Désa Cibeber, Kacamatan Kiarapedes.
Kocapkeun di Purwakarta keur aya karusuhan téh aya hiji priyayi nu kababawa, diarah ku urang Makao. Éta priyayi aya nu nulungan, diasupkeun ka jero bélong, salamet henteu sakara-kara. Engkéna éta priyayi (jaksa) dit¬elahkeun Jaksa Bélong.
Urang Makao ti Wanayasa bari ngajak urang Tionghoa nu séjén, ngaleugeudeut ka Purwakarta, niat ngahijikeun tanaga, sangkan bisa ngéléhkeun balad Kumpeni. Barang nepi ka tanjakan Pasirpanjang (anu kacida panjangna, kurang leuwih aya 3 km), maranéhna paamprok jeung aleutan balad Kumpeni nu rék numpes rurusuh di Wanayasa, samakta sapakarangna. Harita kénéh der tarung, perang campuh geus teu bisa ngabédakeun musuh jeung lawan, geus teu inget kana éléh atawa meunang, asal ngalubarkeun napsu, asal bisa nandasa musuh, ulah nepi ka kapiheulaan babar, tegesing perang paéh-paéh hirup-hirup. Nu kasambut ti dua pihakanana geus pabalatak. Loba anu tinggulitik ka lebak. Nepi ka sapanjang jalan nu jauhna kira-kira sa¬tengah kilométer pinuh ku mayit, getihna ngabayabah, malah nepi ka ngaranca, cék nu rahul mah, nya éta ranca-getih atawa rancah-darah. Tah éta sasakalana, anu matak ti harita éta tanjakan Pasirpanjang disebutna jadi nelah tanjakan Rancadarah.
Di lebakeun éta tanjakan aya tempat anu legok, disebutna Legoksigay lantaran waktu loba mayit anu tiguling ka dinya téa, di lampingna aya tangkal kawung nu disigayan, nya dipaké turun unggah ku nu mariksa saréngsé pe¬rang, anu hayang nyaho saha-sahana nu jadi mayit.
Kamis, 24 Juli 2008
ASAL-USUL RANCADARAH
Posted by
Budi Rahayu Tamsyah
at
20.13
0
comments
Labels: Carita Sajarah
PERANG BUBAT
Di Jawa Wétan aya lembur anu ngaranna Bubat.
aya anu nyangka pangna dingaranan kitu téh,
lantaran baheulana di dinya
kungsi aya riributan nu ngabubat-babit pedang.
Nyaéta dina waktu balad Sunda
perang campuh jeung balad Majapait.
Éta kajadian katelah baé Perang Bubat.
Caritana sakumaha anu rék dicaritakeun ayeuna.
Waktu Prabu Hayam Wuruk dijenengkeun,
Jadi Raja di Karajaan Majapait,
yuswana kaétang anom kénéh pisan.
Malah nepi ka sawatara taun ti harita,
tetep baé henteu kagungan praméswari.
Éta hal éta ku sapangeusi karaton,
katut abdi-abdina di Karajaan Majapait,
dianggap ngurangan komara nu jeneng raja.
Ku sabab kitu, parasepuh jeung parayogi,
geus ngémutan kalayan hormat,
sangkan Kangjeng Raja énggal kagungan garwa.
Ari walerna, sanés teu kersa kagungan garwa,
nanging teu acan aya anu cop sareng manahna.
Pirang-pirang putri anu gareulis,
putra bupati, malah aya putra raja,
anu sasatna mah bari dibaktikeun ka Sang Raja,
henteu aya hiji ogé anu kamanah.
Kocapkeun di Karajaan Sunda,
aya putri anu geulis taya babandinganana,
geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina.
Kageulisanana kaceluk ka awun-awun,
kawéntar ka janapria.
Jaba kageulisanana, éta putri téh,
kamashurkeun pinter sareng saé manah deuih.
Ari jenenganana Putri Citraresmi,
putra Prabu Linggabuana ti Karajaan Sunda.
Kageulisan jeung kapercékaan Putri Citraresmi,
kaémpér-émpér ka Prabu Hayam Wuruk.
Teras baé atuh anjeunna miwarang juru tekin,
supados ngagambar Putri Citraresmi.
Juru tekin harita kénéh angkat ka Pajajaran.
Kawantu juru tekin petingan di Majapait,
teu kantos lami ogé gambar putri téh janten.
Ti dinya énggal dicandak ka Majapait,
disanggakeun ka Prabu Hayam Wuruk.
Barang bréh ningal gambar Nyi Putri,
Sang Prabu Anom raos kadudut kalbu,
kapentang panah Déwa Kamajaya.
Prabu Hayam Wuruk tos teteg manahna,
yén Putri Citraresmi surup janten garwana.
Komo deui saparantosna ngadangu
cariosan juru telik perkawis pribadi Nyi Putri.
Éstu pinunjul sarta taya cawadeunana.
Geulisna téh cenah, sanés geulis rupina baé,
nanging geulis parat dugi ka haté-haténa.
Énggal baé Prabu Hayam Wuruk
ngempelkeun parasepuh katut paramantri,
ngabadantenkeun niatna migarwa Nyi Putri.
Sadayana sapuk kana niat Sang Prabu,
sarta harita kénéh ditangtoskeun utusan
kanggo ngalamar Nyi Putri ka Karajaan Sunda.
Anu kapeto dina éta babandenan,
nyaéta Patih Madu anu dipisepuh ku sadayana,
seueur luangna sareng tutur panata jatnika.
Dina waktos anu tos ditangtoskeun,
Patih Madu angkat ka Karajaan Sunda,
seja ngalamar Putri Citaresmi,
kanggo garwa Prabu Anom Majapait.
Angkatna disarengan ku paraponggawa,
sareng sababaraha mantri kapetengan,
nyandak rupi-rupi barang aranéh,
kintunkeuneun ka Raja Karajaan Sunda.
Henteu kantun dibahanan serat panglamar,
anu diserat langsung ku Prabu Hayam Wuruk.
Teu kacatur lalampahan di jalanna,
caturkeun Patih Madu katut rombonganana,
tos dugi baé ka dayeuh Nagara Sunda di Kawali.
Sasumpingna ka dayeuh Nagara Sunda,
tumut kana panata jatnika anu ilahar,
Patih Madu teu wanton tumorojog ka karaton.
Anjeunna ngabujeng heula ka kapatihan,
teras ngadeuheus ka Prabu Linggabuana,
disarengan ku Patih Anépaken.
Sanggeus munjung sarta ngahormat,
Patih Madu nyanggakeun kikintunan,
bari sakantenan masihkeun serat,
ti Raja Majapait, Prabu Hayam Wuruk.
Serat ditampi ku Kangjeng Raja,
teras diilo gemet pisan.
Ungelna serat ngunjukkeun panuhun,
Prabu Hayam Wuruk kagungan maksad,
palay migarwa Putri Citraresmi.
Kangjeng Raja nyaur praméswari,
serat diaos sakali deui di payuneun garwana.
Digerendengkeun kalawan antaré.
Ungelna tétéla sareng kahartos pisan,
réhna Raja Majapait, Prabu Hayam Wuruk,
seja mileuleuheungkeun Putri Citraresmi.
Kangjeng Raja pameunteuna marahmay,
manahna langkung-langkung bingahna,
kitu deui sareng praméswari.
Lajeng Kangjeng Raja nyaur putri,
ditaros kersa henteuna kagungan carogé,
ka Prabu Hayam Wuruk ti Majapait.
Kawitna mah Sang Putri semu nu éwed.
Lami-lami, pok sasauran antaré naker,
basana sadaya-daya ngiringan sakersa rama.
Namung aya panuhunna,
palay diréndéngankeun di Majapait.
Sang Raja ngadawuhan ka Patih Anépaken,
supados nampi Patih Madu saréncangna.
Ku Patih Anépaken diperenahkeun di kapatihan.
Ditampi kalayan hormat sakumaha mistina.
Saparantos sababaraha dinten ngaso,
parautusan ti Majapait kawidian mulih.
Sasumpingna ka Nagara Majapait,
teras unjukan ka Prabu Hayam Wuruk,
yén panglamarna ditampi ku Raja Sunda,
dibagéakeun ku kabagjaan tan wangenan.
Patih Madu ogé ngunjukkeun,
réhna Putri Citraresmi aya pamundut,
palay diréndéngankeun di Majapait.
Ku margi kitu, dina waktosna engké,
Putri Galuh baris dijajapkeun ka Majapait,
ku ibu-ramana ku anjeun.
Ngadangu cariosan Patih Madu kitu,
Sang Prabu Hayam Wuruk kalintang bingahna.
Moal lami deui ogé kapalayna tinekanan,
migarwa istri anu janten panyileukanana.
Teu kacatur tatan-tatan jeung sasadianana,
kacaturkeun geus sadia samaktana,
Raja Sunda saputra-garwa angkat ka Majapait.
Nanging henteu sadayana ngiring,
aya anu dikantunkeun di Dayeuh Sunda,
nyaéta putrana anu burey kénéh,
anu jenenganana Wasku Kancana,
sareng Mangkubumi Bunisora,
raina Raja Sunda anu pangdeuheusna.
Rombongan Raja Sunda nganggo jalan darat,
dugi ka Amparan Jati, ayeuna mah Cirebon.
Ti dinya diteraskeun nganggo jalan laut.
Ku margi niatna ogé badé nikahkeun téa,
Rombongan Karajaan Sunda téh henteu seueur.
Sadayana téh mung saya saratus urang.
Kalebet Sang Raja, praméswari, sareng Nyi Putri.
Aya éta ogé Pasukan Bélamati anu ngiring,
nanging mung kanggo ngajaga kaamanan baé,
bilih aya bancang pakéwuh di perjalanan.
Jauh dijugjug anggang ditéang,
Raja Sunda sabaladna tos dugi ka Majapait.
Ngerereb saheulanan di tepis wiring Majapait,
nyaéta di tempat anu kiwari nelah Bubat téa.
Énggal baé ngadamel pirang-pirang ténda.
Anu pangageungna ténda Kangjeng Raja,
ditéma ku tenda praméswari sareng Nyi Putri,
teu tebih ti dinya ténda parapangagung,
dilingkung ku ténda Pasukan Bélamati,
sareng ténda parapangiring sanésna.
Kuwu Bubat gesat-gesut indit ka dayeuh,
teras ngadeuheusan ka Patih Majapait,
teras sasarengan unjukan ka Sang Prabu,
yén tatamu ti Pajajaran parantos sumping.
Sang Prabu babadantenan sareng parasepuh,
énggalna baé diputus harita kénéh,
yén Sang Prabu kersa mapag pigarwaeun,
Kuwu Bubat énggal baé ditimbalan,
supaya nguningakeun hal éta ka Ratu Sunda.
Kacaritakeun Patih Agung Gajahmada,
Patih Majapait anu kawéntar kongas gagah.
Patih anu boga karep ngawasa jeung ngeréh
nagara-nagara anu aya di sakulian Nusantara.
Malah éta Patih geus ngangkat sumpah,
“Moal ngadahar buah palapa,
lamun tacan bisa nalukkeun nagara-nagara,
anu aya di sakuliah Nusantara.”
Patih Gajahmada henteu ngarujukan kana kersa
Sang Prabu badé mapag pigarwaeun ka Bubat.
Patih Gajahmada boga anggapan,
kalungguhan Raja Sunda henteu béda
jeung raja-raja lianna anu geus taluk ka Majapait.
Ku lantaran kitu, Raja Sunda kudu dianggap,
datangna ka Majapait téh rék pasrah sumerah,
sarta ngabaktikeun putrina ka Raja Majapait.
Upama Raja Majapait kersa mapag ku anjeun,
sarua jeung nurunkeun komara katut wibawana.
Patih Gajahmada ngadadarkeun akibatna,
anu cenah baris ngarugikeun citra Raja Majapait,
upama Ratu Sunda dianggap satata.
Ku margi dugi ka danget harita,
Ratu Sunda teu kersa baé taluk ka Majapait.
Sang Prabu Hayam Wuruk mindel sakedap,
semu éwed ngagalih piunjuk Patih Gajahmada.
Nanging ku margi anjeunna alim kapapanjangan,
pok baé sasauran, “Nya ari kitu mah atuh,
kumaha Bapa Patih baé.”
Patih Gajahmada mundur ti payuneun Ratu,
maréntahkeun tatan-tatan metakeun barisan,
cenah geusan kahormatan mapag tatamu.
Ari pasang petana, jauh tina maksud mimiti.
Ratu Sunda rék dipapagkeun di kapatihan,
terus diajak babarengan ngadeuheus ka karaton,
nepangan Sang Prabu Hayam Wuruk,
sakumaha ilaharna raja-raja lian di Nusantara,
anu geus jadi patalukan Karajaan Majapait.
Ari Ratu Sunda di palataran Bubat,
ngantos-ngantos anu mapag henteu jol baé.
Énggal baé anjeunna miwarangan utusan,
angkat ka dayeuh Nagara Majapait,
nyarioskeun yén rombongan Nagara Sunda,
parantos sayogi nampi anu mapag.
Anu diutusna Patih Anépaken, Demang Caho,
Panghulu Borang, jeung Patih Pitar,
disarengan ku tilu ratus Pasukan Bélamati.
Éta utusan ngajugjug heula ka kapatihan.
Patih Gajahmada kasampak keur aya.
Gulang-gulang anu ngajaga kapatihan,
henteu miroséa ka rombongan tatamu téh,
kawas anu geus diparéntahkeun kudu kitu.
Atuh tatamu kapaksa tumorojog,
langsung ngadeuheus ka Patih Gajahmada.
Énggal baé Patih Anépaken unjukan,
yén Ratu Sunda parantos ngantos anu mapag.
Patih Gajahmada kacida ambekna,
nganaha-naha ka urang Sunda,
pédah kakara nepungan ayeuna.
Omongna, “Sang Prabu Hayam Wuruk téh
raja agung anu taya sasamina di Nusantara.
Pararatu ti mana-mana geus biasa ngadeuheus,
bari nyanggakeun pangbakti tanda satuhu.
Ratu Sunda rék ngabaktikeun putrana,
ayeuna pisan ditunggu di kapatihan,
rék disarengan ngadeuheus ka karaton.”
Ngadangu omongan Patih Gajahmada kitu,
Patih Anépaken salirana ngagidir,
teu kiat nahan kateuraos manahna.
Anjeunna ngawalon sugal ka Patih Gajahmada.
“Ratu Sunda pangna datang ka Majapait téh,
lain rék ngabaktikeun putrana,
lain rék pasrah sumerah ka Raja Majapait.
Sabab Ratu Sunda lain patalukan Majapait,
henteu bisa disaruakeun jeung ratu-ratu séjén!”
Dua Patih patorong-torong,
sami-sami ngabéla pupundénna.
Duanana sami teuneung sami ludeung.
Patih Gajahmada boga rasa ieu aing,
Patih Anépaken teu gedag bulu salambar.
Nepi ka méh baé tarung patutunggulan.
Hadéna kaburu kasapih ku Sang Resi.
Saur Sang Resi, utusan téh
leuwih hadé marulih deui baé ka Bubat,
ngantos putusan Sang Prabu Hayam Wuruk.
Sasunpingna ka Bubat,
Patih Anépaken unjukan ka Ratu Sunda,
nguningakeun kajadian di kapatihan,
ditéték henteu aya anu kalangkung.
Sang Ratu henteu mindel bawaning ku éwed,
panampian urang Majapait tebih tina panyangka.
Majarkeun badé tumut ngangken rama,
ari kabuktianana mah Raja Majapait téh
jalir kana jangji, cidra kana subaya.
Henteu lami Sang Ratu Sunda ngalahir,
“Basa urang kakara turun ti kapal,
cai laut di basisir semu beureum,
jeung raong sora gagak patémbalan.
Tah éta téh tangtu aya kila-kilana.
Ku sabab éta ayeuna urang kudu taki-taki.
Saperkara anu kudu dikuatkeun dina haté,
nyaéta hal kahormatan Karajaan Sunda.
Kajeun ajur tutumpuran,
manna hirup nandangan kahinaan.”
Salajengna Sang Ratu Sunda ngawawadian,
wadia balad kabéh ulah aya anu kaliwat,
kudu digeuing ku Patih Anépaken,
sangkan iatna nyanghareupan sagala kajadian.
Patih Anépaken ngumpulkeun paraponggawa,
masing-masing kénging papancén,
kedah ngageuing sakabéh wadya balad,
supaya engké dimana datang bancang pakéwuh,
geus sayaga pikeun nyanghareupanana.
Wadya balad Sunda geus kumpul,
bari mawa pakarang cangkinganana.
Pok Patih Anépaken sasauran kalawan tatag,
“Saha-saha anu teu wani narohkeun pati,
leuwih hadé mundur ti anggalna kénéh,
ulah mundur ti pakalangan.”
Sakabéh prajurit Sunda henteu galideur,
saur manuk niat ngabéla kahormatan ratuna,
moal mundur satunjang béas.
Kocapkeun Patih Gajahmada,
anu maksudna rék nalukkeun urang Sunda,
nyuhunkeun widi ka Prabu Hayam Wuruk,
supaya nyariosan ka Ratu Sunda,
yén Putri Citraresmi kudu dibaktikeun.
Sarta lamun Ratu Sunda henteu nurut,
Ratu Sunda bakal dirurug ku pasukan Majapait.
Anu tangtu baé leuwih loba jumlahna,
jeung leuwih samakta pakarangna.
Nurut kana kahayang Patih Gajahmada,
Prabu Hayam Wuruk ngirim utusan ka Bubat.
Anu maksudna, supaya Ratu Sunda taluk.
Tapi Ratu Sunda henteu gedah bulu salambar,
kajeun gépéng kaya pépéték,
ti batan kudu serah bongkokan.
Anjeunna sadar, prajuritna éléh tohaga,
boh jumlahna boh pakarangna.
Margi sumpingna ka Majapait téh sanés niat perang,
nanging badé nikahkeun putrana ka Raja Majapait.
Isukna ngaleugeudeut balad Majapait,
ngarurug wadia balad Sunda di Bubat.
Lobana prajurit Majapait tanpa wilangan,
aya sababaraha tikeleun wadia balad Sunda.
Tapi wadia balad Sunda henteu gimir,
teuneung ludeung lali rabi tégang pati,
rampak kabéh mapag musuh.
Der baé atuh perang campuh.
Boh prajuritna boh kapalana,
ti dua pihakanana geus patinggolépak.
Balad Majapahit anu leuwih loba jumlahna,
sarta leuwih samakta pakarangna,
kawantu meunang nyadiakeun keur perang,
henteu bisa ngayonan prajurit Sunda.
Patih Anépaken perangna lir banténg bayangan.
Kitu deui parapatinggi Sunda lianna.
Tékadna geus buleud pageuh,
kajeun ajur tutumpuran di pangperangan,
ti batan hirup kudu nyandang wiwirang.
Ku lantaran prajuritna loba anu jadi korban,
Patih Gajahmada langsung milu perang,
bari baladna ditambahan deui leuwih loba.
Ngalawan prajurit anu leuwih seger,
prajurit Sunda geus mimiti coréngcang.
Malah Patih Anépaken geus perlaya,
kasambut dikurubut ku Patih Gajahmada
jeung sababaraha raja anu biluk ka Majapait.
Kitu deui jeung patinggi Sunda lianna.
Ningali kitu, Ratu Sunda énggal nitih gajah,
diaping ku kapetengan maju ka pangperangan.
Prajurit Majapait dicacar bolang ku Ratu Sunda.
Pasukan Majapait katétér henteu kiat,
ngayonan kadigjayaan Sang Prabu Linggabuana.
Ahirna Ratu Sunda perang patutunggulan,
dihurup ku Ratu Daha jeung Ratu Kahuripan.
Ratu Sunda henteu tahan, dugi ka pupusna,
kasambut di pangperangan anu teu saimbang.
Uninga Ratu Sunda parantos perlaya,
praméswari sareng Putri Galuh,
katut paragarwa ponggawa anu kasambut,
énggal susuci nganggo anggoan sarwa bodas,
sami-sami seja béla ka panutan.
Sadayana geus nyepeng keris,
teras arangkat ka pakalangan.
Crub-creb narewek patuanganana,
maot di gédéngeun carogéna masing-masing.
Putri Citraresmi teu ngiring ka pakalangan,
diwagel ku ibuna bisi kacerek ku musuh.
Anjeunna nganggo anggoan sarwa bodas,
teras baé newek anjeun ku keris,
harita kénéh ogé Putri Galuh téh palastra.
Layonna diébogkeun lalaunan,
dituruban ku lawon sutra héjo,
dikemitan ku emban-emban anu satia,
anu nariat béla pati mun geus cunduk waktuna.
Kacarita Sang Prabu Hayam Wuruk,
geus palay énggal-énggal patepang
sareng buah atina, Putri Citraresmi.
Barang anjeunna ngadangu wartos,
yén Putri Citraresmi parantos pupus,
nyeblak manahna sarta lebet ka pasanggrahan.
Ningali nu geulis tos janten layon,
layon digaléntor bari midangdam,
rarayna baseuh ku cisoca Sang Prabu.
Sang Prabu kaleleban dugi ka teu damangna.
Saparantos lumangsungna éta kajadian,
Patih Gajahmada dicopot tina kalungguhanana.
Sarta sumpahna dianggap geus cambal.
Sumpah Palapa cupar sapada harita.
Henteu saeutik raja-raja di Nusantara,
anu harita kénéh ngejat tina kakawasaan Majapait.
Malah Patih Gajahmadana ogé kabur ti Majapait,
lantaran rék ditangkep ku Prabu Hayam Wuruk,
pikeun dipénta tanggung jawabna.
Nurutkeun naskah kuno Kidung Sunda,
urang Sunda nu jadi korban di Bubat 93 urang.
Ari korban ti pihak Majapait 3748 urang,
gajah anu paéh aya 14, kuda wé 27.
Raja Sunda anu kasambut di Bubat,
katelah baé jujulukna nyaéta Prabu Wangi,
lantaran jenenganana jadi seungit
sumeleber nyambuang ka sakuliah Nusantara.
Kalungguhanana di Karajaan Sunda,
diteraskeun ku putrana, Prabu Wastu Kancana.
Posted by
Budi Rahayu Tamsyah
at
20.09
0
comments
Labels: Carita Sajarah
HANJUANG DI KUTAMAYA
Anu disebut Sumedang ayeuna, baheulana mah Karajaan Sumedang Larang. Puseur dayeuhna disebut Kutamaya. Ari anu jadi rajana nyaéta Pangéran Geusan Ulun, turunan Raja Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi. Malah bisa disebutkeun yén Sumedang Larang téh minangka gaganti atawa anu neruskeun Pajajaran, sabab makuta Prabu Siliwangi ragragna ka Pangéran Geusan Ulun.
Hiji mangsa, Pangéran Geusan Ulun patelak jeung Sultan Cirebon, tepi ka derna perang rongkah. Wewengkon Sumedang Larang dijorag ku prajurit Karajaan Cirebon. Harita, pasukan Sumedang dipingpin ku opat sénapati, nyaéta Embah Jaya Prakosa atawa Embah Sayang Hawu, Embah Nanganan atawa Embah Batara Wiyati Wiradijaya, Embah Sangiang Kondang Hapa, jeung Embah Batara Pencar Buana atawa Embah Térong Péot.
Kakocapkeun, dina hiji poé, Embah Jaya Prakosa meunang laporan yén pasukan Cirebon geus katempo ngaleut rék ngarurug Dayeuh Sumedang. Harita kénéh opat sénapati ngayakeun rundingan, dipingpin ku Embah Jaya Prakosa, pikeun nyegat musuh sangkan teu kebat asup ka dayeuh. Pangna kitu téh sabab lamun perangna di jero dayeuh geus pasti bakal loba lembur anu ruksak sarta rahayat anu jaradi korban.
Saméméh miang rék mapag musuh, Embah Jaya Prakosa anu minangka kokolot sénapati amitan heula ka Geusan Ulun; bari nerangkeun kieu: “Gusti Prabu mah linggih waé di karaton, teu kedah ngaraos salempang. Sawios Mamang waé anu badé mayunan musuh mah. Namung sateuacan mios, Mamang badé nancebkeun tangkal hanjuang di juru alun-alun, minangka kanggo tanda. Saupami éta tangkal hanjuang hirupna subur, hartosna Mamang unggul di pangperangan. Tapi upami katingali ngarangrangan, éta hartosna Mamang kasoran. Tah, uparni kitu, karaton énggal-énggal geura alihkeun, bilih pasukan Cirebon ngarurug ka dieu.”
Sanggeus kitu, Embah Jaya Prakosa nancebkeun tangkal hanjuang di juru alun-alun Kutamaya. Geus kitu mah bring waé pasukan Sumedang téh indit ka médan laga. Der perang campuh aya poéna. Korban ti dua pihakanana geus kaitung loba. Layon pagolétak, kitu deui anu taratu.
Dina ahirna, pasukan Cirebon kariripuhan, sabab loba pisan anu palastra. Anu harirup kénéh gancang ngarejat ti pakalangan. Ku Embah Jaya Prakosa terus dibeberik.
Anu ngabeberik musuh bet kamalinaan, tepi ka sénapati anu tilu leungiteun. Didagoan aya poéna, angger teu datang-datang. Teg waé maranéhna boga sangkaan yén Embah Jaya Prakosa geus kasambut waktu keur ngungudag musuh.
Pasukan Sumedang mulang ka dayeuh tanpa Embah Jaya Prakosa. Prabu Geusan Ulun ngarasa salempang jeung bingung, sabab sénapati andelanana henteu mulang ti médan perang. Kumaha lamun Cirebon ngarurug deui, ceuk dina pikiranana.
Ku sabab kitu, Prabu Geusan Ulun buru-buru mindahkeun karatonna ka Dayeuhluhur.
Kacaritakeun, sanggeus ngabeberik musuh sakitu lilana. Embah Jaya Prakosa mulang deui ka Sumedang. Kacida kagéteunana waktu asup ka dayeuh anu geus kosong. Geus teg waé nyangka yén karaton dipindahkeun ka tempat séjén. Naha Sang Prabu maké mindahkeun karaton, ceuk dina pikirna. Kapan aing mah teu kua-kieu. Tuh buktina, tangkal hanjuang di juru alun-alun angger hirupna subur.
Embah Jaya Prakosa laju ngajugjug ka Dayeuhluhur. Sadatang-datang, ieu sénapati téh terus nganaha-naha ka Pangéran Geusan Ufun, duméh geus mindahkeun karaton bari teu merhatikeun tangkal hanjuang anu dipaké ciri téa. Sang Prabu ngaku kana kasalahanana, sabab cenah harita téh awahing ku geumpeur, lantaran Embah Jaya Prakosa henteu mulang bareng jeung prajurit Sumedang.
Posted by
Budi Rahayu Tamsyah
at
19.55
0
comments
Labels: Carita Sajarah
LAPIDIN PAHLAWAN SEMBUNG
Lapidin téh nonoman wedalan pasantrén.
nonoman keur meujeuhna belekesenteng,
buta tulang buta daging.
Dedeg sampé rupa hade,
hadé tata hadé basa,
rubak dada lébér wawanén,
tur nyaah ka rahayat,
utamana rahayat nu katalangsara.
Ari ngaran anu saéstuna mah Lafaddin,
ngaran paméré ti guruna,
anu ngandung harti “lapad agama”.
Diucapkeun ku létah urang Sunda,
urang Sunda di wewengkon Subang,
tina Lafaddin jadi Lapidin.
Lapidin pahlawan lokal ti Sembung,
anu kiwari ayana di Dayeuh Subang.
Ceuk sakaol, aya anu nyebutkeun,
Lapidin téh urut salasaurang prajurit,
prajurit Bagus Rangin anu baruntak
ka penjajah Walanda di daérah Cirebon.
Walanda ngarurug Bagus Rangin,
dibantuan ku sawatara bupati Sunda.
Bagus Rangin katangkep di Panongan.
Sarta prajuritna ngalolos ka mana-mana.
Harita mah mémang nagara urang téh
keur dijajah ku bangsa Walanda.
Pamaréntah Hindia Walanda
nyieun rupa-rupa aturan,
anu jadi bangbaluh pikeun rahayat.
Rahayat kudu mayar rupa-rupa pajeg.
Aya pajeg tatanén, pajeg imah,
malah aya anu disebut pajeg sirah.
Hartina, unggal jalma kudu mayer pajeg.
Jaba ti éta, rahayat ogé kudu kerja paksa.
Digawé pikeun kapentingan pamaréntah,
bari henteu meunang bayaran pisan.
Anu baha kana kawajiban kerja paksa,
dianggap ngalawan ka pamaréntah jajahan.
Tangtu baris meunang hukuman beurat.
Malah teu saeutik anu nepi ka dihukum pati.
Kaayaan wewengkon Subang harita,
henteu béda ti wewengkon séjénna.
Ngan di Subang mah aya leuwihna.
Tanah-tanahna dijadikeun perkebunan,
saperti perkebunan téh, karét, jeung tiwu.
Ari anu boga éta perkebunan,
pausahaan Walanda jeung Inggris,
lantaran tanah-tanahna diséwakeun
ku pamaréntah Walanda ka partikulir.
Sanajan éta perkebunan swasta,
angger baé anu kariripuhan mah rahayat.
Pamaréntah Walanda ngawajibkeun
rahayat Subang kudu kerja paksa
di perkebunan bari teu meunang bayaran.
Lamun anu henteu bisa digawé,
lantaran gering atawa rerempo,
kudu mayar 5 gulden ka pamaréntah.
Éta aturan téh kacida beuratna
keur sakumna rahayat Subang.
Duit 5 gulden kaitung gedé harita mah.
Antukna anu rerempo milu digawé,
atawa disuluran ku dulurna anu jagjag.
Kitu deui anu keur gering.
Digawé beurat méh taya reureuhna,
cul kana gawé sapopoé jeung rumah tanggana.
Kacaturkeun lalampahan Lapidin,
Leumpang sakaparan-paran,
henteu puguh anu dijugjug,
ngan wungkul nuturkeun indung suku.
Leumpang mapay-mapay jalan jajahan.
Tungtungna anjog baé ka Sembung,
anu aya di wewengkon Subang.
Di satengahing perjalanan,
Lapidin nénjo aki-aki nu keur disiksa,
ku mandor kerja paksa hiji perkebunan.
Ari sababna, éta aki-aki dianggap lalawora,
henteu enya-enya dina migawé pancénna.
Ki mandor ngagitik aki-aki ku pecut.
Si Aki ukur bisa ngalempréh,
geus teu boga daya pikeun hudang.
Lapidin luncat nulungan aki-aki.
Tungtung pecut Ki Mandor ditéwak,
tuluy dicentok sataker tanaga.
Awak mandor anu jangkung badag,
kabetot sarta tisukaruk kana taneuh.
Ki Mandor hudang bari kacida ambekna.
Hohoak laklak dasar bari mesat bedog,
terus narajang ka Lapidin.
Lapidin gancang pasang kuda-kuda.
Panarajang Ki Mandor digiwarkeun,
bari dipapag ku peureup buleud,
nenggel pisan kana hulu angenna.
Ngan sageprakan pisan,
Ki Mandor henteu bisa hojah deui.
Ngajehjer dina taneuh, kapaéhan.
Anu keur kerja paksa tangka surak,
ningali mandor anu kejem teu nyanggapulia.
Aki-aki anu keur ngalempréh,
gancang disangkéh ku Lapidin.
Dibawa ka imah aki-aki di Sembung.
Isukna, pancén kerja paksa éta aki-aki,
diteruskeun dipigawé ku Lapidin.
Sanggeus Lapidin milu digawé,
mandor kerja paksa di dinya jadi miris,
henteu galak teuing cara sasari.
Réngsé ngalakonan gawé kerja paksa,
Lapidin diandeg ku aki-aki téa,
sarta dikawinkeun ka anakna anu bungsu.
Ahirna Lapidin tetep-tumetep di Sembung.
Rumah tanggana reugreug pageuh.
Ari pagawéan sapopoéna,
Lapidin ngokolakeun tanah anu mitohana,
jadi patani sakumaha ilaharna urang dinya.
Lila-lila, pamajikan Lapidin kakandungan.
Haté Lapidin kacida pisan bungahna.
Digawéna beuki soson-soson,
lantaran inget kana pikaheureupeun anakna.
Tapi, abong di dunya mah henteu lana.
Kabungah Lapidin ogé leungit,
diganti ku kasedih nu taya hinggana.
Pamajikanana maot waktu ngalahirkeun.
Ari anakna lalaki, hirup diurus ku nini-akina.
Ti barang ditinggalkeun maot ku pamajikanana,
kahuripan Lapidin jadi rada robah.
Henteun ari nepi ka ngancrud ngalajur napsu mah,
lantaran kakered ku atikan agamana anu kuat.
Minangka pikeun ngabangbrangkeun haténa,
sangkan ulah nguluwut teuing inget baé ka si jenat,
Lapidin mindeng katémbong di pakalangan
pintonan ketuk tilu atawa dogér.
Ari lagu karesepna nyaéta lagu buhun
“Kembang Gadung” jeung “Golétrak”.
Dina hiji peuting sanggeus lalajo ketuk tilu,
Lapidin balik ka imahna sorangan.
Ujug-ujug kolébat baé aya jalma anu lumpat,
beungeutna diteregos manggul buntelan.
Lapidin curiga, boa-boa jalma jahat.
Ku Lapidin diudag nepi ka beunang kaudag.
Anu diteregos malik bari mesat bedog.
Lapidin taki-taki bari pasang kuda-kuda.
Anu diteregos narajang Lapidin,
bari mubat-mabitkeun bedogna.
Tapi kabéh ogé ngeplos ngahanca angin.
Lapidin anu geus asak dina ulin penca,
henteu gimir henteu galideur
nyanghareupana anu keur nguwak-ngawik téh,
pigeulangna dipeupeuh, bedogna milepas,
pundukna diketig bari disampekkeun tuur,
hek baé anu diteregos téh teu usik teu malik.
Ku Lapidin dilaan teregosna,
sihoréng téh Sarkawi, rampog gerot,
anu katotol bedas jeung weduk.
Ari ku Lapidin bisa ngajurahroh,
ngan sababaraha geprakan baé.
Sarkawi ngulisik, terus hudang.
Harita manéhna ngaku taluk ka Lapidin,
sarta jangji moal ngaganggu deui urang Subang,
pangpangna mah rahayat anu hirupna ripuh.
Sarkawi bisa dihampura ku Lapidin.
Kahiji, lantaran geus ngucapkeun jangji,
moal ngaganggu ka rahayat Subang,
sarta bakal nurut kana sakur omonganana.
Kaduana, anu harita dirampog ku Sarkawi,
nyaéta gegedén Walanda anu kawilang beunghar.
Beunghar ladang meres késang rahayat pribumi.
Kaceuceubna ka bangsa penjajah jeung ulon-ulonna,
tétéla henteu laas ku mangsa kasipuh ku waktu.
Gembolan ku Sarkawi dipasrahkeun ka Lapidin.
Barang dibuka eusina emas jeung duit.
Timbul kereteg dina ati Lapidin,
tibatan dipulangkeun ka nu bogana,
ka gegedén Walanda anu geus meres rahayat,
mending dibagikeun ka rahayat anu miskin.
Rahayat pribumi anu hirupna katalangsara,
anu ripuh néangan keur sahuap-sakopeun.
Isukna, jalma-jalma ribut salelembur,
nyaritakeun kajadian anu kacida anéhna.
Barang neut hudang lob anu meunang milik.
Aya anu manggihan duit di handapeun panto,
aya anu manggihan perhiasan emas,
aya ogé anu meunang inten atawa berlian.
Poé éta, loba rahayat anu bungah haténa,
lantaran asa katulungan pangabutuhna,
asa aya anu nalangan kasusahna.
Mireungeuh loba rahayat pribumi,
ana ngarasa katulungan ku cara kitu,
jorojoy wé timbul niat dina haté Lapidin,
niat pikeun nyenangkeun haté rahayat.
Ku cara ngabagi-bagikeun duit
atawa barang berharga lianna.
Ngan ti mana meunangkeun barangna?
Taya deui jalanna iwal ti kudu ngarampog,
ngarampog gegedén Walanda, Inggris,
katut ulon-ulonna anu biluk ka penjajah.
Sababaraha poé ti harita,
Kantor Pakgadé aya nu ngabobol.
Kulisi katut pacalang disebar,
néangan saha anu boga dosana.
Boro-boro kasusud, taya lacak-lacakna acan.
Tapi rahayat mah meunang kabungah deui.
Isuk-isuk geus manggih bungkusan duit,
aya anu manggih di handapeun pantona,
aya anu manggih di pakarangan imahna.
Malah aya anu diponcorkeun kana érang-érang.
Heuleut sawatara poé ti harita,
imah gegedén urang Inggris anu dirampog téh,
anu jadi kawasa kontrak perkebunan di Subang.
Centéng anu ngajaga imahna diringkus,
ari anu boga imahna kabeneran keur suwung.
Unggal geus aya kajadian anu karampogan,
rahayat Subang loba anu meunang milik,
milik lir anu diragragkeun ti langit.
Saterusna Kantor Pos, kantor perkebunan,
paragegedén Walanda jeung Inggris,
jeung jalma-jalma anu kumawula ka penjajah,
henteu luput tina pangranjah si rampog.
Nepi ka harita mah teu kanyahona saha-sahana.
Ku urang Walanda jeung Inggris,
kitu deui ku bangsa urang nu jadi ulon-ulonna,
dianggap musuh nu kudu ditéwak hirup atawa paéh.
Sabalikna pikeun rahayat pribumi mah,
dianggap jalma anu hadé haté tur gedé jasana.
Ngan aya saurang anu nyahoeun téh,
nyaéta Sarkawi, si bangsat gerot,
anu kungsi taluk ku Lapidin téa.
Pangna nyahoeun, lantaran Sarkawi
mindeng diajak badami ku Lapidin,
lamun rék ngarampog anu kaitung bangga.
Malah kungsi diajak babarengan ngarampog.
Lapidin percaya ka Sarkawi,
lantaran Sarkawi geus jadi patalukanana,
sarta geus jangji rék satia ka Lapidin.
Tapi dina enas-enasna mah henteu kitu.
Sarkawi boga niat anu béda pisan jeung Lapidin.
Sarkawi rarampog éstu keur kapentingan pribadi,
lain keur kapentingan rahayat anu hirupna susah.
Nepi ka hiji mangsa, Sarkawi nyumputkeun duit,
duit ladang ngarampog babarengan ti Demang.
Barang kapanggiheun ku Lapidin,
Sarkawi dicarékan laklak dasar béak beresih.
Disebutkeun jalma anu mentingkeun diri sorangan,
henteu maliré kana kasusah jeung kasangsara rahayat.
Tayohna mah Sarkawi téh nyerieun haténa.
Tuluy baé atuh rerencepan nepungan Demang.
Barabat nyaritakeun rupa-rupa kajadian,
anu patali jeung dirampogna sawatara tempat.
Anu ngarampogna ogé dibéjakeun,
nyaéta Lapidin urang Lembur Sembung.
Ari hasilna ngarampogna téa,
sok dibagikeun ka rahayat ku cara anu demit,
nepi ka rahayat ogé taya nu nyahoeun,
saha jalmana anu sok babagi duit téh.
Salian ti éta, Sarkawi ogé ngabéjakeun,
Lapidin téh karesepna kana ketuk tilu.
Lamun rék néwak Lapidin mah,
kepung baé di pakalangan ketuk tilu,
dogér, kiliningan, jeung sajabana.
Ari lagu karesepna “Kembang Gadung”,
diteruskeun kana lagu “Golétrak”,
sakapeung sok diigelan ku Lapidin.
Di dinya mangsana anu merenah
lamun arék néwak Lapidin mah.
Demang kacida bungahna meunang éta béja téh.
Harita kénéh ogé gancang laporan ka atasanana,
nyaéta pamaréntah jajahan Walanda di Subang.
Kabeneran deuih harita téh poé Saptu,
poé bayaranana pagawé kontrak perkebunan.
Biasana, peutingna sok aya rupa-rupa hiburan,
kayaning belentuk ngapung jeung ketuk tilu.
Malah Ki Demang ngawawadian pisan,
ketuk tilu mah sabisa-bisa kudu diayakeun,
pikeun mancing Lapidin supaya datang.
Peutingna, kaayaan di alun-alun kontrak,
kacida raména teu béda ti pasar malem.
Anu dagang barang jeung kadaharan ngajajar.
Rupa-rupa hiburan, kaasup ketuk tilu,
geus mimiti tatalu rék mimiti magelaran.
Kuli-kuli kontrak anu kakara nampa bayaran,
geus ngagarimbung ngurilingan pakalangan.
Urang lembur di sabudeureun kontrak ogé,
loba anu ngadon lalajo karaméan di dinya.
Kulisi, pacalang katut anak buah Demang,
geus aya di sabudeureun alun-alun.
Ngarah teu katara, ngahiji jeung jalma réa,
nyamur teu bina ti urang lembur,
atawa nyeta-nyeta kuli kontrak,
anu anyar nampa bayaran mingguan.
Maksudna arék ngepung Lapidin.
Hirup atawa paéh Lapidin kudu kacerek.
Demang jeung Sarkawi nyumput di nu buni.
Der ketuk tilu mimiti magelaran.
Sora kendang jeung ketuk adu manis,
dipasieup ku sora sindén anu halimpu.
Peuting ieu mah anu magelaran téh,
wuwuh sindén jeung ronggéng petingan.
Taya anu curiga yén éta téh rékayasa Demang.
Beuki peuting pagelaran ketuk tilu beuki ramé.
Lurah sekar pahibut ngalalayanan anu masak,
ménta lagu, anu nyindénna, katut ronggéngna.
Réngsé sababaraha lagu kapidangkeun,
jung lurah sekar nangtung, pok nyarita,
“Aya pamundut lagu ti urang Sembung,
laguna ‘Kembang Gadung’ ditéma ku ‘Golétrak’.”
Anu lalajo émprak bari patingsaruit,
sabab nyaho saha anu harita masak lagu.
Lapidin anu kacida diajénana ku urang Sembung.
Harita mah can nyarahoeun anu saéstuna,
yén Lapidin téh nyaéta rampog hadé haté,
anu sok babagi duit ka rahayat pribumi.
Ngong sindén ngahaleuang “Kembang Gadung”,
teu lila sup ka pakalangan lalaki dedeg,
terus ngigel nunutur wirahma kendang.
Igelanana mutuh matak deungdeuleueun.
Gidigna, gideugna, jeung mincidna aya ku nyari.
Béak “Kembang Gadung” naék kana “Golétrak”.
Tapi kakara ogé rék mangkat lagu,
anu lalajo di tukang pahibut teu puguh.
Teu lila kadéngé anu patingcorowok nitah bubar,
sarta paréntah pikeun nangkep Lapidin.
Anu lalajo ngaburiak katawuran.
Panjak jeung ronggéng ngayekyek di juru,
ngagarulung di tukangeun ancak goong.
Lapidin di tengah pakalangan padangepung.
Taya geusan pikeun kabur pisan,
antukna taki-taki pasang kuda-kuda.
Lapidin dirempug ku belasan urang,
karepna arék dicerek ditangkep hirup-hirup.
Tapi anu ngarempug téh batan meunang,
kalah loba anu kabeunangan.
Anu ngepung tingjarungkel ngajehjer.
Keur kitu datang tentara Walanda,
anu disusulan lantaran balad Ki Demang
henteu bisa hojah ngalawan Lapidin.
Untungna nu ngepung geus loba ngurangan.
Lapidin buru-buru kabur ti pakalangan.
Mubus ka kebon entéh anu upluk-aplak.
Sapeupeuting kebon entéh disaksrak,
tapi Lapidin weléh henteu kapanggih,
leungit lir anu dilegleg petengna peuting.
Ti harita Lapidin jadi buronan Walanda,
dianggap jalma anu bahaya pikeun pamaréntah.
Tapi sabalikna pikeun rahayat pribumi mah,
Lapidin dianggap jalma anu gedé jasana.
Enya Lapidin téh sok ngarampog,
tapi anu dirampogna jalma-jalma sarakah,
jeung hasilna sok dibagikeun ka rahayat.
Anu matak Lapidin hésé kapanggihna téh,
di antarana baé lantaran dibunian ku rahayat,
malah sok dibantuan lamun kudu nyumput.
Hiji mangsa anak Lapidin gering parna.
Éta béja tepi ka Sarkawi, laju bébéja ka Demang.
Lapidin téh kacida nyaaheunana ka anakna.
Nyaho anakna gering, geus tangtu bakal balik.
Ceuk Sarkawi, éta mangrupa kasempetan hadé
pikeun nyangkalak Lapidin di imahna.
Sangkaan Sarkawi henteu nyalahan,
dina hiji peuting Lapidin datang ka imahna.
Harita imah Lapidin téh geus dikepung
ku tentara Walanda jeung anak buah Demang.
Lapidin kabur ti imahna bari ngakod anakna.
Maksudna anakna rék diubaran di hiji tempat.
Lapidin dikepung bari gerakna teu bisa bébas.
Sanajan kitu, masih kénéh bisa maéhan
opat tentara Walanda jeung sababaraha centéng.
Ngan sanggeus anakna maot kasabet ku bedog,
manéhna ngarumpuyuk henteu walakaya.
Harita kénéh dicangkalak sarta dibawa ka bui.
Tapi saméméhna, ménta idin rék mulasara anakna.
Anakna dibungkus ku sarung, dikubur ku sorangan.
Lapidin digantung dina tangkal tanjung,
di lebah anu ayeuna jadi Wisma Karya Subang.
Paméntana anu panungtung nyaéta,
“Hayang neuleu Demang anu kulitna hideung,
tapi haténa leuwih bulé ti batan Walanda.”
Pikeun pangéling-ngéling kana jasa-jasana,
lagu “Kembang Gadung” sok dijadikeun bubuka,
utamana dina pagelaran kiliningan di Subang.
Malah kana éta lagu tara aya anu wani ngigelan.
(Budi Rahayu Tamsyah)
Posted by
Budi Rahayu Tamsyah
at
02.17
0
comments
Labels: Carita Sajarah
