Tampilkan postingan dengan label Carita Karajaan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carita Karajaan. Tampilkan semua postingan

Kamis, 24 Juli 2008

PUTRI LEUWEUNG LARANGAN

Jaman baheula pisan aya hiji raja gedé, beunghar tur punjul ti raja-raja lian sarta kamashurkeun adil jeung pinter. Tapi sakitu beungharna jeung agungna téh, anjeunna teu acan sugema waé manahna, duméh teu acan kagungan putra, anu baris ngagentos jadi raja.

Hiji mangsa, anjeunna nimbalan Patih ngadamel saém-bara, saha-saha anu bisa ngalandongan Raja sareng Pramés-wari, nepi ka kagungan putra, bakal diganjar duit salaksa dinar jeung imah katut pakaranganana.

Dukun lepus paraji sakti, datang ti mana ti mendi, ngabrul milu saémbara. Tapi hiji ogé taya nu hasil. Dukun teu metu, paraji teu matih, Pandita teu mental, Kangjeng Raja angger teu aya totondénna baris kagungan putra.

Kangjeng Raja ngaraos kalangkung bingungna. Teras baé atuh neneda ka Nu Maha Suci, nangis ngagukguk nyuhunkeun putra anu utama baris pigentoseun ngeréh nagara. Tina ce-ngengna paneda, dina hiji wengi anjeunna ngadangu sora tan katingal, pokna, “Paménta manéh ku Nu Maha Suci bakal dikabul, tapi henteu aya bagja boga anak lalaki, ngan dibéré hiji anak awéwé.”

Henteu sabaraha lilana ti harita Praméswari kagungan putra istri, mulus taya kuciwana, sarta dinamian Putri Éndang Mayang.

Kabingahan Kangjeng Raja taya papadana, malah poéan Putri diparasan, Raja ngayakeun pésta, lilana tujuh poé tujuh peuting, sarta ngulem sakabéh pohaci papayung éta nagara.

Dina waktuna kabéh parapangagung nagara kaasup parapohaci, sumping ngaluuhan kana upacara diparasanana Putri. Ngan aya saurang anu henteu kaulem téh nya éta Nyi Rara Demit anu ngageugeuh hulu dayeuh. Duka kumaha, dumadakan lat baé Kangjeng Raja téh teu émut.

Sanajan teu kaulem, Nyi Rara Demit angger sumping kana upacara parasan Putri. Maksudna taya lian ti arék mulangkeun katugenah ka Kangjeng Raja, pédah asa teu dihargaan, ku cara nyupata Putri dina waktu ngadunga sabada neukteuk buuk orok. Ngan niat Nyi Rara Demit téh kabadé ku salasaurang pohaci, anu kamashurkeun luhur élmuna nyaéta Pohaci Wiru Mananggay. Énggal baé Pohaci Wiru Mananggay téh nyumput dina bokor anu dieusi cai pikeun ngabaseuhan embun-embunan orok anu diparasan téa.

Dina waktuna diparasan, sadayana pohaci ngadungakeun sangkan Nyi Putri jadi istri anu panggeulisna sarta pangdipika-asihna ku saréréa. Na ari palebah giliran Nyi Rara Demit, pokna téh, “Ieu orok patina aya dina kincir tinun; engké lamun geus sawawa, dina sumedeng rumaja putri, bakal raheut leungeun-na ku kincir sarta éta raheut moal beunang diubaran, sabab nya éta anu ngalantarankeun patina.”

Kabéh tatamu anu ngadarangu karagéteun, komo paraistri mah réa anu patinghareruk, tina teu nyangka Nyi Rara Demit bakal nyupataan kitu.

Kangjeng Raja teu iasa sasauran, pameunteuna pias awahing keu reuwas. Komo Praméswari mah, geus lain caturkeuneun deui, nepi ka les baé kapiuhan.

Teu lila, jol Pohaci Wiru Mananggay anu nyumput dina jero bokor téa kaluar sarta nyaur bedas, “Sadayana ulah reuwas, ulah rémpan, kaula anu can nétéskeun cirasa ka ieu orok. Ieu cirasa kapaliasan, watekna panyinglar sagala bahya; tapi tina matihna supata Nyi Rara Demit, pati Nyi Putri téa teu bisa disinglar, ngan bisa digantian ku saré lilana saratus taun. Jadi, di mana Nyi Putri raheut ku kincir, moal tulus pupus, ngan kapiuhan baé, tuluy saré tibra saratus taun lilana; lamun geus jangkep baris digeuingkeun ku putra raja anu kasép tur pinter taya tandingna.”

Ngadangu cariosan Pohaci Wiru Mananggay, Kangjeng Raja katut sadayana anu hadir ngaros lejar deui manahna.

Kacarioskeun sanggeus tujuh welas taun lilana, Kangjeng Raja sareng Praméswari langkung-langkung bingah manahna, duméh Agan Putri mulus taya pisan ririwitna, tur geulis dibéakkeun ku sorangan, éstu taya cawadeunana. Keur geulis téh soméah jeung hadé basa, teu cegikan teu cedihan, berbudi rajin binangkit. Ah, pokona mah putri mustikaning putri, Éndang Mayang téh.

Dina hiji mangsa, Agan Putri ngersakeun jalan-jalan ka luar karaton, diiring ku paraemban. Barang anjog ka hareupeun imah leutik camperenik, Agan Putri ngarasa panasaran kana sora anu kakara kadangu ku anjeunna. Sabada pupuntenan, sup ka jero imah, kasampak aya nini-nini anu keur muterkeun kincir.

Agan Putri teu ngiceup-ngiceup ningali kana kincir, anu ceuk anjeunna mah barang ahéng, da kakara ningali téa.

“Eukeur naon, Nini?” ceuk Agan Putri.

“Eukeur ngincir, Eulis, ngagolongan benang tinuneun!”

“Cing, abdi ngajaran ngincir, meunang teu NIni?”

“Mangga baé, Eulis!” ceuk nini-nini bari ngised diukna saeutik. Gék Agan Putri calik gigireun nini-nini téa. Ceg nyepeng kana gagang kincir. Kakara pisan muterkeun saputeran, ces panangan Agan Putri katojos ku sisi kincir anu geus rogok, kawantu kincir geus butut; rumpuyuk baé kapiuhan.

Nini-nini jeung paraemban pahibut bari tulung-tulungan. Teu lami Kangjeng Raja sareng Praméswari sumping. Barang Kangjeng Raja ningali pameunteu Agan Putri, tétéla lain kapiuhan, tapi kulem tibra pisan. Ras anjeunna émut kana supata Nyi Rara Demit, ti dinya pok sasauran, “Ayeuna mah leuwih hadé ieu Putri bawa baé ka karaton, ulah diceungceurikan, sabab geus nepi kana jangjina keuna ku supata Nyi Rara Demit; Nyi Putri lain kapiuhan, tapi keur kulem tibra.”

Agan Putri énggal baé atuh dicandak ka karaton, dipernahkeun di kamar beunang mapaésan, simbutna sutra déwangga, anggoanana digentos ku nu saraé, sarta dikemitan ku emban-emban.

Teu lami sumping Pohaci Wiru Mananggay anu sakti téa. Barang bréh ningali Putri, Pohaci ngahuleng sakeudeung ngawatek ajianana. Teu lami pok sasauran, “Engké lamun geus jangkep saratus taun, Nyi Putri bakal gugah. Ngan supados henteu bingungeun dina waktosna gugah, kudu aya nu ngawulaan anu geus wawuh. Anu matak sakabéh pangeusi nagara, iwal Kangjeng Raja jeung Praméswari, ku kula arék disirep supaya sararé saratus taun lilana. Kitu deui jeung karaton katut sakabéh eusina. Tah, ayeuna mah Kangjeng Raja sareng Praméswari, geura angkat baé ti dieu, geura ngababakan ngadamel nagara anyar di tempat séjén.”

Pohaci Wiru Mananggay ngawatek sirepna, sakabéh pangeusi nagara sararé harita kénéh. Iwal ti Kangjeng Raja sareng Praméswari. Duanana nurut kana omongan Pohaci Wiru Mananggay, lunta ngantunkeun nagara. Ari karaton anu ditinggalkeunana, harita kénéh ku Pohaci anu sakti téh dipager ku tutuwuhan anu kacida galedéna, nepi ka teu katingali aya karaton di jerona. Nya ahirna mah nelah baé jadi Leuweung Larangan.

Kacaritakeun sanggeus sababaraha puluh taun, éta tempat téh jadi tempat pamoroan, sampalan badak jeung uncal, malah éta tanah patilasan nagara téh geus kaeréh ku hiji raja gedé. Éta raja kagungan putra hiji pameget, teuing ku kasép, satingkah-saparipolahna matak pikayungyuneun baé, jenenganana Pangéran Lingga Wisésa. Ari karesepna kana moro; beunang disebut taya dungus nu kalarung, taya sampalan nu kaliwat. Ari mulih ti pamoroan téh tara teu beubeunangan, kudu baé nyandak banténg atawa uncal.

Dina hiji poé, morona anjog ka Leuweung Larangan téa. Teu ku hanteu atuh, harita mah morona téh teu beubeunangan pisan. Tuluy baé timbul karepna hayang asup ka jero Leuweung Larangan. Tapi sakabéh pangiringna taya nu wanieun milu, lantaran éta leuweung téh loba kacaturkeunana. Leuweung anu kacida angkerna, dijaga ku dedemit jeung siluman-silemin.

Mulih ka karaton, sawewengi Pangéran Anom henteu kersa kulem, panasaran ku Leuweung Larangan. Sanggeus asak dimanahan, isukna Pangéran Lingga Wisésa nganggo anggoan kaperjuritan; nyungkelang pedang pusaka. Sanggeus tarapti, jut lungsur ti kaputran, clak tumpak kuda, Si Barong, ulesna dawuk ruyung, kuda anu geus biasa dibawa ka pangperangan.

Gancangna kuda digitik, derengdeng lumpat sataker tanaga. Jog baé ka sisi Leuweung Larangan. Pangéran Anom ngawatek ajianana, teu sakara-kara leuweung téh kawas nu muka, méré jalan ka Sang Pangéran.

Pangéran Anom tuluy lebet ka Leuweung Larangan; bréh baé aya karaton kacida agréngna. Di palebah lawang sakéténgna aya dua welas perjurit anu ngajaraga, nyorén pedang nyekel tumbak. Tapi kabéh sararé. Malah komandanna mah, anu berengos, nyarandé kana pilar bari nulak cangkéng, ari panonna peureum, kérékna sugar-segor.

Pangéran Anom lebet ka jero karaton. Ti palebah kamar anu pantona nutup, papaésna béda ti nu séjén sarta leuwih éndah jeung leuwih hurung-hérang, anjeunna ngarandeg. Lalaunan pantona dibukakeun. Ari bray téh muka, Pangéran Anom olohok sajongjongan. Éta kamar eusina istri wungkul, lolobana mah kawasna bangsa emban, sararé ngurilingan hiji pajuaran anu alus kabina-bina.

Pangéran Anom haténa ratug tutunggulan. Tuluy angkat lalaunan nyaketan pajuaran. Bréh katingal aya istri anu kacida geulisna, kulem tibra. Haté Pangéran beuki ratug baé, aya rasa suka pacampur jeung risi. Sukana asa mendakan istri anu salami ieu dianggo panyileukan, ari risina sieun ditampik ku nu geulis tanding pohaci.

Beuki diteuteup ditelek-telek, beuki ngaraos lalanjung baé. Tina bakating ku bogoh ka Agan Putri, tapi sieun ditampik, rumpuyuk baé kapiuhan sarta nyuuh kana sisi pajuaran. Pananganna anu katuhu nyampay kana panangan Agan Putri.

Teu lami hiliwir angin panghurip nebak ka jero puri ku kawasana Pohaci Wiru Mananggay. Sakur anu katebak, patingkulisik nyararing tina saréna. Manahoréng geus datang kana mangsana, béak supata Nyi Rara Demit.

Kulisik Agan Putri gugah. Ari bréh téh ningali ka beulah katuhu, aya pameget keur nyuuh kana sisi kasur, pananganana nyampay kana panangan anjeunna. Agan Putri henteu geruh, da tos diwartosan ku Pohaci Wiru Mananggay dina impénan. Éta pameget téh raja-putra anu baris jadi carogéna.

Kulisik Pangéran Anom lilir. Teup paadu teuteup. Duanana ngaraos kajamparing asih, kapentang panah katresna.

(Diropéa tina Poetri Leuweung Larangan, Drewes)

Salengkepna......

PUTRI AJAG

Maharaja Nagara Girimandala wawangina Sang Prabu Jayéngbuana. Kakoncara ratu adil wijaksana, towéksa ngolah nagara, welas asih ka rahayat. Ku kituna nagara téh subur ma’mur gemah ripah loh jinawi, sepi paling towong rampog.

Kilang kitu, manah Sang Prabu teu weléh ngungun, réh can pareng kagungan putra, nu baris neraskeun jadi raja mun jaga mantenna dipundut ku Nu Kagungan. Salirana beuki orot, da teu raos tuang teu raos kulem.

Sang Patih Guriang Maréndra ngaraos honcéwang manahna.

“Gusti,” piunjuk Patih, “Naon anu jadi marga nu mawi Gusti bangun ngangluh?”

“Paman Patih,” dawuh Sang Raja, “Kula susah teu boga anak. Saha anu baris nuluykeun ngolah nagara?”

“Neda widi badé ngempelkeun dukun-dukun anu wacis, manawi sareng manawi tiasa masihan pituah,” piunjuk Sang Patih.

Dukun-dukun dikelun, teu kurang ti opat puluh, hémpak di balé sawala, ngadareluk mapatkeun ajian sabisana-sabisana bari ngarukus saparukuyan séwang. Nepi ka angkeub balé sawala téh ku haseup menyan.

Parukuyan geus pareum, ajian geus parat, paradukun téh marenekung, neda pituduh paralelembut. Rérés éta tuluy baradami.

“Kaulanun Mahapatih Guriang Maréndra,” cék Paing Guringsang, dukun nu pangsepuhna. “Sang Praméswari sina ngaleueut lahang tina sadapan Dampu Pamatang.”

“Baruk sadapan Dampu Pamatang? Da Dampu Pamatang mah lain tukang nyadap!”

“Mung sakitu wangsit nu katampi ku tuang kuring,” cék Paing Guringsang.

Sanggeus dibadamikeun ku Patih jeung paraponggawa karaton, moal salah cenah nu disebut lahang téh getih ajag, da Dampu Pamatang téh gawéna tukang moro ajag.

Enya waé, sanggeus ngaleueut getih ajag, Sang Pramés-wari bobot. Heuleut salapan sasih babar, putrana istri, geulisna kawanti-wanti. Pohara bingahna Sang Prabu Jayéngbuana téh. Sang Putri dipaparin jenengan Éndang Purnama Gilang Manik. Pésta sanagara, opat puluh poé opat puluh peuting.

Beuki ageung beuki kaciri, Sang Putri téh ngala ka ramana. Soméah lemah lembut, welas asih ka rahayat. Atuh rahayat téh kacida wedi asihna ka Sang Putri.

Tapi sanggeus nindak rumaja, putri anu sakitu geulisna jeung lemah-lembut téh sok rajeun kaancikan adat ajag. Sataun sakali dina malem purnama bulan Sadacandra tara kaampeuh hoyong ngaleueut getih manusa.

Mun geus timbul kapalayna kitu téh kukuna ngadak-ngadak manjangan sareukeut, bijil sihung kénca-katuhu cara sihung maung. Kelenyep angkat rerencepan ti karaton, muru lembur anu singkur, megat nu mulan sorangan. Auuung … auuung, sorana sada ajag babaung, matak kukurayeun kadéngéna téh.

Lar nu liwat, gabrug dirontok, dicekék, urat beuheungna digadil ku sihungna nepi ka pegat. Burial getihna, tuluy dikenyot sawaregna. Geus kitu mah teu sakara-kara, balik deui ka asal sasari, nya geulis nya lemah lembut. Isukna guyur aya jelema paéh ditekuk ajag. Taya nu terang, yén Sang Putri nu boga gawé.

Kitu jeung kitu waé unggal taun.

Sakali mangsa, nya kitu deuih meneran malem purnama bulan Sadacandra, timbul deui sipat ajagna téh. Kelenyep deui rerencepan minggat ti karaton. Bras ka ditu, bras ka dieu, weléh teu mendak pimangsaeun. Angkatna kalunta-lunta bari babaung sapanjang jalan.

Srog ka sisi Talaga Sagarasuta, kaangseu bau manusa. Sihoréng Nyai Éndang Sawati keur mulan jeung tunanganana, Luang Sungsang, putra Adipati Wadasguntur. Aranjeunna téh rék nikah sabulan deui.

Kacida ngararénjagna ngadéngé sora ajag babaung téh.... Barang ngalieuk sihoréng Putri Ajag geus deukeut pisan. Kakara waé rék ngejat, Luang Sungsang kaburu dirontok, dicekék tuluy dikenyot getihna. Nyai Éndang Sawati kapiuhan ningali tunanganana dikitu téh.

Éling-éling wanci janari. Mayit Luang Sungsang dirangkulan bari ditangisan, dipangku, dicandak ka Guha Si Kalapeteng. Teras tapa di dinyana téh bari ngalahun mayit tunanganana.

Heuleut tilu taun rayat Girimandala suka bungah, ngadéngé béja Putri Éndang Purnama Gilang Manik rék diréndéngankeun jeung Sangiang Marajasima, putra Maharaja Gugursamida. Sanagara tatan-tatan sasadiaan keur jajap pangantén, da dipéstakeunana rék di ditu di Gugursamida, di nagara pangantén pameget.

Dina waktuna sanagara tungkeb, ngaleut ngeungkeuy milu jajap. Sang Putri dicalikkeun dina karéta kancana, ditarik ku ajag saratus. Sang Prabu Jayéngbuana tunggang munding bulé pusaka nagara. Tatabeuhan ngageder asa kaindit.

Di wates nagara dipapag ku aleutan pribumi. Sangiang Marajasima tunggang karéta kancana, ditarik ku naga sapa-sang.

Sumping ka karaton dipéstakeun, sagala kamonésan dipintonkeun. Rayat ti dua nagara patarik-tarik surak. Nu pangtarikna, panggedéna susuguhna.

Sapoé ..., dua poé ..., tilu poé ... réa nu geus béak sora. Semet calangap bisi pajarkeun teu kumawula. Tapi pangantén can kénéh waé ditikahkeun.

“Iraha atuh, euy, ditikahkeunana Sang Putri téh? Uing geus teu kaduga surak,” cék saurang ka baturna, sorana ngahéos.

Baturna semet agep-agepan sungutna minangka némbal-anana téh, taya soraan.

“Ngadagoan Punduh Agung,” ceuk nu séjén.

Keur kitu, ari gelebug téh angin gedé kabina-bina, ngaguruh nebak dangdaunan. Kalakay rabeng kahiberkeun. Tatangkalan tinglalenoy siga rék rungkad. Jelema nu ratusan réwu téh ngadadak jempé, reuwas taya hinggana saumur dumelah kakara ngalaman aya angin kabina-bina teuing. Tatabeuhan jempé, nu surak jempé ..., jempé sakuliahna lir di kuburan.

Angin reureuh, galindeng aya sora, sada sora awéwé, halimpu angin-anginan. Sada di luhur di awang-awang, sada di handap di jero taneuh, sada di tukang sada di hareup, tungtungna sada di sakuliahna.

“Éndang Purnama Gilang Manik .... Kami datang rék mulangkeun kanyeri .... Mangtaun-taun kami hujan cimata nyeungceurikan panutan nu dimangsa ku andika …. Ayeuna andika nyeungceurikan dosa nepi ka poé bungsuna ….”

Kabéh jelema hareugeueun, reuwas, ketir ngadéngé sora gaib kitu téh. Keur kitu téh harémpoy aya putri asup ka Balé Agung, geulisna kawanti-wanti, éndah taya papadana. Saeusi Balé Agung olohok mata simeuteun.

Sihoréng Éndang Sawati anu sumping téh. Soca Éndang Purnama Gilang Manik ngadadak giras, kukuna manjangan, sihungna barijil, ngajanggélék deui jadi Putri Ajag. Teu, teu tiasa kukumaha, kakara dikebut gé ku karémbong Éndang Sawati geus ngarumpuyuk mantén. Korondang, korondang kaluar ti Balé Agung.

Éndang Sawati ditikahkeun ka Sangiang Marajasima, ngagentosan Putri Ajag.

Éndang Purnama Gilang Manik angkat kalunta-lunta, srog ka leuweung, mendak tangkal gorda korowok gedé, sup waéh asup, ngadon nangis bari ngadagoan datangna poé nu bungsu.

Nepi ka ayeuna, mun aya angin sok kadéngé sada anjeunna nangis ngarenghik.

(Ahmad Bakri, dicutat tina Manglé Alit No. 220.)

Salengkepna......
 

© Free blogger template 3 columns