Kamis, 24 Juli 2008

SASAKALA MAUNG PANJALU

Kocapkeun di Karajaan Majapait,
Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk éta nagara,
keur anteng neuteup bulan purnama.
Nginget-nginget kajadian mangsa ka tukang,
kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan,
Karajaan Majapait jeung Karajaan Pajajaran.
Kajadianana mémang geus lila pisan,
geus kaliwat sapuluh kitu taun ka tukang.
Nyaéta kajadian anu katelah Perang Bubat.

Timbul niat anu luhung dina manahna.
Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran,
anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub.
Sabab dihenteu-henteu ogé,
upama dijujut ka puhu mah,
Raja Majapait jeung Raja Pajajaran téh,
ti karuhunna mah tunggal sakocoran.
Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan.
Kabeneran Prabu Brawijaya lalagasan kénéh.

Sang Prabu Brawijaya énggal nyaur Patih.
Barabat atuh nyaritakeun pamaksudanana,
nyaéta ngalamar putri Karajaan Pajajaran,
anu geulis Putri Kencana Rarang.
Tujuanana, taya lian pikeun nyambungkeun
tali silaturahmi anu kungsi pegat pisan.
“Kasalahan karuhun urang baheula,
henteu hadé lamun akibatna terus dikukut,
sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu.”
Patih sapuk kana pamaksudan Sang Prabu.

Poé éta kénéh Patih tatan-tatan,
ngumpulkeun balad sarta nyadiakeun bekel,
pikeun indit ngajugjug ka Karajaan Pajajaran.
Éta rombongan diluluguan ku hiji Mantri.
Dina waktu anu geus ditangtukeun,
éta rombongan utusan Majapait téh,
indit ninggalkeun nagarana maju ngulon.
Lalampahan anu henteu gampang,
lantaran nyorang leuweung geledegan.

Kacaturkeun éta rombongan utusan téh,
geus tepi baé ka puseur dayeuh Nagara Pajajaran,
anu perenahna di Dayeuh Kawali.
Utusan Majapait meunang pangbagéa anu hadé,
boh ti rahayat Pajajaran, boh ti Raja Pajajaran.
Mantri anu jadi kokolot utusan Majapait,
masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya,
unggelna seja ngalamar Putri Kencana Rarang,
bari sakantenan maheutkeun deui tali silaturahmi,
antara Karajaan Majapait jeung Pajajaran.

Raja Pajajaran nampi éta lamaran,
ngingetkeun kana niat luhung Raja Majapait.
Ajakan pikeun hirup sauyunan,
mémang kudu ditarima kalawan jembar.
Manakomo, Sang Prabu Brawijaya téh
yuswana teu sabaraha géséh sareng Nyi Putri.
Tumut kana kapalay sepuhna,
Nyi Putri ogé kersa dipihukum ku Raja Majapait.
Malah harita kénéh ogé ditangtukeun waktuna.
Wanci anu mustari pikeun jatukrami.

Dina waktu anu geus ditangtukeun,
Sang Prabu Brawijaya sareng rombonganana,
angkat ka Pajajaran kanggo réndéngan.
Sadugina ka Pajajaran, teras baé diréndéngankeun
nyandingkeun kembang Pajajaran Kencana Rarang.
Munggah nurub cupu, nu kasép sareng nu geulis.
Der atuh ngayakeun pésta kacida raména.
Pésta nagara tujuh poé tujuh peuting.
Sagala tatabeuhan ngageder taya reureuhna,
lir anu némbongkeun kabungah nyacapkeun kasono.

Sanggeus réngsé pésta jeung sukan-sukan,
Putri Kencana Rarang dicandak ka Majapait.
Ngiring ka ingkang carogé ngaheuyeuk dayeuh.
Rumah tanggana éstuning reugreug pageuh,
ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh.
Sawatara bulan ti harita Putri Kencana Rarang
wawartos ka carogéna yén anjeunna ngandeg.
Sang Prabu Brawijaya kalintang suka manahna.

Nalika bobotna badé majeng ka salapan sasih,
bet jorojoy wé dina manah Nyi Putri,
aya kapalay nyelang mulih ka Pajajaran,
ku margi palay babar di bali geusanna ngajadi,
disakaikeun ku ibu-ramana katut kadang wargi.
Kawitna mah ku Sang Prabu teu kawidian.
Komo deui Nyi Putri dina kaayaan bobot,
anu ceuk itungan indung beurang mah,
moal dugi ka sasasih ogé orok baris medal.

Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh,
sareng nyariosna dibarung ku merebey mili,
ahirna mah Sang Prabu téh léah manahna.
“Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah.
Mung hapunten, Engkang teu tiasa ngajajapkeun,
ku margi nuju pameng mayunan nagara,”
saur Sang Prabu Brawijaya.
Anjeunna ngutus hiji Mantri kapetengan,
kanggo ngajajapkeun Nyi Putri ka Pajajaran.

Sanggeus bekel katut parapangiringna sadia,
bring atuh rombongan Putri Kencana Rarang
angkat ti Majapait seja ngajugjug ka Pajajaran.
Angkat nyacat nyorang leuweung geledegan,
mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang.
Nyi Putri angkatna ditandu kana joli.
Diaping ku Mantri katut paraponggawa.
Sanaos kedah nyorang jalan rarumpil,
Nyi Putri katingal paromanna bear marahmay,
ku margi badé tepang sareng ibu-ramana.

Sanggeus sababaraha puluh poé lumampah,
rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat,
di suku Gunung Sawal, kuloneun Ciamis ayeuna.
Nyi Putri ngaraos nahnay sareng lalesu.
Sering karaos patuangan sapertos nu badé babar.
Terus baé pupuhu rombongan téh paparéntah,
supaya rombongan eureun di dinya,
sarta nyieun sasaungan pikeun Nyi Putri reureuh,
jeung bisi enya deuih Nyi Putri babar di dinya.

Mantri pupuhu rombongan paparéntah deui,
supaya ngadegkeun wawangunan anu tohaga.
Sabab Ki Mantri ningali galagat Nyi Putri,
kana bakal lami reureuhna di dinya.
Pikeun nyieun éta wawangunan téa,
loba tangkal kai anu rubuh ditaluaran,
anu ku urang wétan mah disebutna “tumbang”.
Éta tempat dingaranan baé Panumbangan.
Kiwari ngaran kacamatan di Ciamis kulon.

Henteu lepat tina panyangka sadayana,
teu lami ti harita Nyi Putri ngalahirkeun.
Orokna kembar sapasang: istri-pameget.
Anu mimiti medal téh orok anu pameget,
anu matak dianggap baé rakana.
Ari anu istri, dianggap raina.
Ari balina dilebetkeun kana pendil,
sarta dikubur di handapeun tangkal kai,
kai badag sarta dahanna ngarampidak.

Saparantos Nyi Putri salirana jagjag,
rombongan neruskeun deui lalampahanana,
ngajugjug ka Kawali, puseur dayeuh Pajajaran.
Sababaraha poé ti harita rombongan geus tepi.
Nyi Putri dibagéakeun ku ibu-ramana,
dibarung ku kabungah anu taya hinggana.
Komo deui ieu mulihna bari nyandak murangkalih,
kembar sapasang anu kasép jeung geulis,
éstu mulus sarta taya kuciwana.

Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana,
Ti kawit angkat ti Majapait
dugi ka babarna di Panumbangan.
Mung éta murangkalih anu dua téa,
teu acan dipaparin jenengan.
Saparantos diétang sagala rupina,
éta dua murangkalih dipaparin jenengan
ku éyangna, nyaéta Raja Pajajaran.
Anu pameget jenenganana Bongbang Rarang,
ari anu istri jenenganana Bongbang Kancana.

Éta murangkalih dirorok ku éyangna,
kitu deui ibuna, Kencana Rarang,
henteu mulih deui ka carogéna di Majapait,
nyaéta ka Sang Prabu Brawijaya téa.
Éta dua murangkalih morontod pisan.
Beuki gedé téh beuki témbong cahayana.
Bongbang Rarang kasép lir Déwa Kamajaya.
Bongbang Kancana geulis lir Déwi Ratih.
Kacida pisan dipikanyaahna ku nu jadi éyang,
kawantu putu ti putra istri kameumeut.

Tapi nepi ka umurna nincak rumaja,
éta barudak téh henteu nyahoeun bapa,
lantaran kacida dibunianana ku akina.
Kitu deui sakabéh pangeusi karaton,
diwanti-wanti ulah aya anu nyaritakeun
bapana éta barudak anu aya di Majapait.
Lain ku nanaon, akina kacida risina,
sieun incu anu kacida dipikanyaahna,
indit nepungan bapana di Majapait,
sasatna mah lunta ti Karajaan Pajajaran.

Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana,
panasaran hayang nyaho bapana anu saéstu.
Unggal nanyakeun ka sing saha baé,
jawabanana sarua, bapana téh Raja Pajajaran.
Éta jawaban henteu nyugemakeun haténa.
Sabab ibuna ka Raja Pajajaran téh nyebot Ama,
meureun ka maranéhna téh perenah incu.
Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana,
beuki gedé téh beuki tambah panasaran baé.

Nepi ka hiji mangsa mah,
éta dua budak téh ngadesek hiji emban,
emban kapercayaan ibuna ti bubudak,
supaya ngabéjakeun bapana anu sajati.
Ku lantaran terus diguliksek,
ditanya ku duaan méh unggal usik.
Ahirna éta emban téh éléh déét.
Pok baé atuh ngomong halon,
“Rama Radén téh anu saleresna mah,
Sang Prabu Brawijaya Raja Majapait.”

Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun bapana.
Tangtu wé éta hal téh matak kagét Sang Raja.
Ditanya saha anu méré nyaho?
Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana,
henteu daék betus lantaran inget kana jangjina,
moal ngabéjakeun jalma anu méré nyahona.
Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit,
angkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapait.
Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan baé,
lantaran melang bisi kuma onam di jalanna.

Ahirna dina hiji peuting jemplang-jempling,
Bongbang Rarang ngalolos ti karaton,
niatna geus gilig rék indit ka Majapait,
nepungan bapana anu jadi raja di Majapait.
Isukna, sapangeusi karaton ibur,
Bongbang Rarang teu aya di karaton.
Bur-ber anu naréangan ka ditu ka dieu.
Weléh anu ditéanganana henteu kapanggih,
leungit lir anu diteureuy ku poékna bumi.

Kocapkeun adina, Bongbang Kancana,
sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos,
rerencepan nyusul ngalolos ti karaton.
Henteu lila ogé Bongbang Rarang kasusul,
lantaran saméméhna geus pasini jangji,
tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun.
Terus atuh duanana neruskeun lalampahan,
maksudna rék ngajugjug ka Majapait,
nepungan bapana anu jadi raja di ditu.

Barang nepi ka hiji tempat,
anu kiwari katelah Panumbangan téa,
Bongbang Larang kacida hanaangna.
Kotéténgan néangan cai ka ditu ka dieu,
weléh henteu manggih.
Bréh baé ningali pendil handapeun tangkal,
ditingali ku Bongbang Larang aya caian,
caina hérang ngagenclang bangun tiis.
Matak uruy nu keur meujeuhna hanaang.

Henteu diengkékeun deui,
cai dina pendil téh ditotor nepi ka béak.
Teuing kumaha mimitina pendil milepas,
blus téh asup kana sirah Bongbang Larang.
Sirah Bongbang Larang seret beuheung,
katutupan ku pendil anu dijieunna tina beusi.
Dicoba dilaan, malah ku duaan, hésé pisan.
Ti dinya Bongbang Larang indit,
leumpangna ditungtun ku Bongbang Kancana,
maksudna rék ménta tulung ka nu lian.

Sakur jalma anu dipéntaan tulung,
euweuh anu bisaeun ngalaan éta pendil.
Ti dinya aya jalma anu ngabéjaan,
sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun,
dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki Garahang.
Barang tepung jeung Aki Garahang,
barabat atuh Bongbang Kancana nyaritakeun
lalampahanana ti awal nepi ka ahir.
Ditéték taya nu kaliwat.

Sanggeus ngadéngé caritaan Bongbang Kancana,
pok Aki Garahang ngomong antaré,
“Éta téh pangajaran keur hidep duaan,
yén sagala kalakuan anu henteu diidinan ku kolot,
sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah.
Jeung deuih, Ujang, Nyai, ari nginum
notor tina pendil téh kalakuan anu teu hadé.”
Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang.
Pokna, “Keun sugan bisa urang akalan ku Aki.”

Sup Aki Garahang ka kamarna,
metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun.
Aki Garahang sidakep sinuku tunggal,
neneda pituduh ka Hyang Widi.
Aki Garahang meunang ilapat,
yén éta pendil kudu dibeulah ku kujang pusaka.
Aki Garahang nyokot kujang pusaka,
pék dikadékkeun kana pendil beusi,
teu sakara-kara, pendil bencar sapada harita.

Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana,
dititah nganjrek heula di dinya,
ulah wara neruskeun lalampahanana.
Éta dua rumaja téh nurut ka Aki Garahang.
Dina hiji poé, Aki Garahang rék iinditan,
saméméh Aki Garahang indit papadon heula,
sangkan Bongbang Larang Bongbang Kancana,
ulah wani-wani ulin ka Cipangbuangan.
Ari Cibangbuangan téh mangrupa talaga,
anu caina canémbrang hérang.

Abong nonoman keur meujeuhna belekesenteng,
dicaram téh lain nurut, kalah ka panasaran.
Bongbang Larang jeung Bongbangkancana,
siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan.
Bréh ningali cai talaga anu sakitu hérangna,
jorojoy baé lanceukna aya karep hayang kokojayan.
Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub,
terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker.
Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga.
Duaan arulin kokojayan sukan-sukan dina cai.

Lila-lila dina saluar awak éta dua nonoman,
barijil bulu belang konéng jeung hideung.
Janggélék baé duanana jadi maung.
Maung lodaya jalu jeung bikang.
Barang duanana saladar kana éta kajadian,
silihrangkul bari ceurik paungku-ungku.
Duanana kaduhung geus ngarempak larangan,
tapi kaduhung ti pandeuri mah taya gunana.

Dua maung kajajadén téh balik deui,
nepi ka pangajrekanana di imah Aki Garahang.
Aki Garahang geus nyampak deui di dinya.
Ges teg baé éta maung téh maung kajajadén,
Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana,
anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan.
Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda,
“Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan,
lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan
jeung henteu nurut kana papatah kolot.”

Dua maung kajajadén teu panjang tatanya.
Sanggeus amitan ka Aki Garahang,
duanana neruskeun deui lalampahanana.
Barang meuntas di Walungan Cimuntur,
duanana ampir-ampiran kena ku ajal,
lantaran kajiret ku akar oyong.
Sanggeus leupas tina éta bahaya,
Bongbang Larang kabawa palid
ku Walungan Cimuntur anu caina tarik.

Bongbang Larang kabawa palid ka hilir,
terus kasedot asup kana gawul tataheunan,
nyaéta tangkal kawung anu dibobok tengahna,
tataheunan paranti ngala lauk di walungan.
Untungna baé ditulungan ku hiji patani.
Bongbang Larang katut gawulna,
dihanjatkeun ka darat ku éta patani.
Tuluy éta gawul téh dibeulah ku kampak.
Sakali dua kali, nepi ka puluhan kalian,
tapi gawul téh teu daék beulah baé.

Ku lantaran geus ngarasa taak,
Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu,
anu harita mah linggihna di Dayeuhluhur.
Bongbang Kancana ngiclik di tukangeunana.
Srog ka payuneun Raja Panjalu,
barabat éta dua maung téh nyaritakeun
lalampahanana ti awal nepi ka ahir.
Raja Panjalu kacida pisan karunyaeunana.
Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang,
molonyon siga anu babarieun pisan.

Minangka mulang tarimana ka Raja Panjalu,
Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana
jangji moal ngaganggu ka turunan Panjalu,
iwal anu ngalampahkeun tilu perkara.
Kahiji, anu nginum ditotor tina pendil.
Kadua, anu melak tangkal oyong.
Katilu, anu nyieun gawul tina kawung
bari henteu dibeulah heula.
Éta jangji maung kajajadén téh,
dikuatan ku jampé pamaké Raja Panjalu.

Ti dinya éta dua maung kakajadén téh,
neruskeun deui lalampahanana,
nyorang leuweung-leuweung geledegan,
mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang,
ngaraas teuing sabaraha walungan.
Ahirna anjog baé ka Karajaan Majapait,
maksudna rék nepungan bapana.

Barang srog ka lawang sakéténg karaton,
gulang-gulang anu ngajaga lawang,
pahibut bari nyangking pakarangna.
Lantaran disampeurkeun ku maung,
maung sadua-dua jeung galedé deuih.
Tuluy baé atuh maung téh padangepung.
Gancang dihuit ku Bongbang Larang.
Anu ngarepung karagét tingraringeuh,
mireungeuh aya maung bisa cacarita.

Bongbang Larang nyaritakeun,
saenyana manéh duaan téh putra
Raja Majapait, Sang Prabu Brawijaya,
ti Putri Kencana Rarang ti Pajajaran.
Geus kitu mah, éta dua maung téh
dianteurkeun ka jero karaton,
ngadeuheus ka Sang Prabu Brawijaya,
anu harita nuju aya di paséban,
ngempel sareng abdi-abdi karaton.

Sang Prabu Brawijaya kagét manahna,
nampi dua tatamu anéh anu ngadeuheus.
Barabat atuh Bongbang Larang nyaritakeun
lalakonna ti mimiti ngalolos ti Pajajaran,
robah wujudna jadi maung di perjalanan,
tug dugi ka ayeuna aya di payuneun ramana.
Ngadangu kitu, Sang Prabu ngagabrug,
dua maung kembar téh digaléntoran,
nyacapkeun kasono ka nu nembé tepang.

Tapi ku lantaran ayeuna mah geus béda,
wujudna geus robah jadi maung lodaya,
pok baé Sang Prabu Brawijaya sasauran,
“Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus robah,
tapi taya bayana pikeun nyieun kahadéan,
taya salahna pikeun meunang kabagjaan.”
Bongbang Larang ditimbalan jadi raja
di sakuliah leuweung Majapait.
Ari Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu
di sakuliah leuweung Pajajaran.

Ceuk sakaol, sataun sakali unggal Mulud,
éta dua maung sok ngahajakeun papendak,
ari tempatna matuh di Panjalu.
Nya ti harita deuih aya pacaduan,
pikeun sakabéh turunan Panjalu.
Nyaéta teu meunang notor cai tina pendil,
teu meunang melak oyong,
jeung teu meunang nyieun kuluwung
tina kawung anu henteu dibeulah heula.