Kamis, 24 Juli 2008

SASAKALA INDRAMAYU

Kocapkeun Wiralodra,
putra Tumenggung Gagak Singalodra
urang Banyurip, Bagelén, Jawa Tengah.
Nonoman keur meujeuhna belekesenteng.
Dedeg sampé rupa hadé,
katambah kasipuh ku pangarti,
élmu lahir élmu batin,
kabéh nyampak dina dirina.
Pantes mun jadi panyileukan wanoja téh.

Sanajan jadi pamujian saréréa,
jadi panyileukan anu gareulis,
Wiralodra henteu gedag kaanginan,
henteu unggut kalinduan,
tetep manteng kana cita-citana.
Nyaéta hayang ngadegkeun nagara,
hayang boga nagara sorangan.
Lain nagara paméré ti nu séjén,
sumawonna tuturunan ti bapana mah.

Pikeun ngahontal cita-citana,
Wiralodra ngalaksanakeun tapabrata,
di hiji tempat anu ngaran Malaya,
anu perenahna di tutugan Gunung Sumbing.
Wiralodra sidakep sinuku tunggal,
ngaheneng ngaraga meneng,
neneda ka Nu Mahakasa,
sangkan dipaparin pituduh.

Ku keyeng jeung cengengna tapabrata,
ahirna Wiralodra meunang wangsit.
Eusina, Wiralodra kudu néangan walungan,
anu ngaranna Walungan Cimanuk.
Di dinya tanahna subur ma’mur.
Éta tempat hadé keur pinagaraeun,
sarta tujuh turunan Wiralodra
bakal ngaheuyeuk nagara di dinya.

Nitih wanci nu mustari,
ninggang mangsa nu utama,
Wiralodra bébéja ka ramana,
yén arék lunta ti lemburna.
Luntana ka beulah kulon.
Maksudna geus teu galideur deui,
rék néangan Walungan Cimanuk,
luyu jeung pituduh wangsit téa.

Wiralodra lumampah ti lemburna
dibarengan ku baturna anu satia,
nyaéta anu katelah Ki Tinggil.
Lumampahna badarat baé,
mapay-mapay leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung si sumenem jati,
geueuman panonoban siluman-silemin.

Leumpangna ti beurang baé,
da puguh ari reup peuting mah
munggah poé mongkléng buta rajin.
Duanana sararé dina tangkal,
néangan tangkal anu badag ngarampidak.
Daharna sakapanggihna di leuweung baé.
Beubeutian, bongborosan, jeung dangdaunan.
Kalan-kalan sok moro sasatoan,
atawa ngala lauk di walungan.

Di satengahing lalampahan,
di hiji pasir anu jauh ka mana ka mendi,
Wiralodra tepung jeung hiji aki-aki.
Aki-aki kundang iteuk di tengah leuweung,
geus tangtu lain aki-aki samanéa.
Éta aki-aki ngakukeun ngaran Ki Sidum.
Ki Sidum nanya tujuanana ka Wiralodra.
Barabat atuh Wiralodra nyaritakeun
pamaksudanana pangna lunta ti nagarana.

Ki Sidum ngagibegkeun awakna,
janggélék jadi Kiai Malik Warna,
kiai anu kamashur luhung élmuna,
kawéntar weruh sadurung winarah.
Wiralodra kadua Ki Tinggil,
énggal baé sungkem ka Kiai Malik Warna.
Sungkem tandaning hormat jeung ajrih.

Pok Kiai Malik sasauran,
“Lamun manéh duaan engké
geus aya di wewengkon Cupunagara,
heug papanggih jeung hiji sato,
mangrupa kidang anu panonna berlian,
ku manéh kudu dituturkeun.
Engké di mana éta kidang ngaleungit,
mangka di dinya ayana Walungan Citarum.”

Wiralodra meunang rupa-rupa pituah,
ti Kiai Malik Warna anu linuhung.
Éta pituah kacida diéstokeunana ku Wiralodra.
Ti dinya Wiralodra jeung Ki Tinggil amitan,
arék neruskeun deui lalampahanana,
néangan Walungan Citarum,
anu cenah henteu jauh ti Cupunagara.
Cara anu enggeus-enggeus baé,
Wiralodra jeung Ki Tinggil,
kudu asruk-asrukan mileuweungan.

Di satengahing perjalanan,
keur nikreuh mapay sampalan,
ana gaur téh maung lodaya,
ngagaur bari ngajleng ka hareupeun
Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Rék lumpat taya geusan pikeun lumpat.
Komo deui maung téh geus ngadepong,
ngan kari sajleng-jlengeun ngerekeb Wiralodra.

Ningali galagat kitu mah,
Wiralodra ogé pasang kuda-kuda,
tatan-tatan mapag panarajang Si Belang.
Waktu maung ngarontok ka Wiralodra,
digiwarkeun bari dipeupeuh huluna.
Maung gogoréntélan bari ngagaur tarik.
Maung ngagurinjal hudang deui.

Wiralodra nyabut pakarangna,
pakarang anu mangrupa cakra,
pakarang anu jadi andelanana.
Waktu maung ngarontok deui,
ayeuna mah henteu digiwarkeun,
tapi dipapag ku paneunggeul cakra,
neunggeul pisan kana huluna.
Hulu maung nepi ka bencar,
kokoséhan terus paéh sapada harita.

Sanggeus ngareureuhkeun capé,
Wiraloda jeung Ki Tinggil mangkat,
neruskeun deui lalampahanana.
Mapay-mapay léngkob di antara dua pasir.
Keur ngeunah-ngeunah leumpang,
teu kanyahoan ti mana datangna,
lol téh aya orang kacida gedéna,
megat nu laleumpang dina liliwatan.

Sungutna calawak gedé pisan,
létahna nu nyagak ulal-élol.
Siet atuh éta oray téh nyamber Wiralodra,
Wiralodra luncat nyingkahan panarajang oray.
Wiralodra nyabut pakarangna,
senjata cakra anu jadi andelanana.
Waktu si oray nyamber deui,
huluna dibabuk ku cakram satakerna.
Sirahna bencar, si oray paéh harita kénéh.

Teu lila aya kajadian anu anéh,
orang anu geus jadi bangké téh,
leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.
Janggélék baé jadi walungan,
caina canémbrang hérang.
Wiralodra jeung Ki Tinggil,
ngan ukur bisa olohok mata simeuteun,
mireungeuh éta kajadian.

Sanggeus leungit kagétna,
Wiralodra sadar ka nu disanghareupanana.
Oray anu rék neureuy manéhna,
lain oray samanéa, tapi oray kajajadén.
Kitu deui jeung éta walungan,
anu caina canémbrang hérang.
Tuluy nyokot senjata cakrana téa.
Éta senjata diteunggeulkeun satakerna
kana cai walungan anu hérang.

Walungan leungit sapada harita,
leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Janggelek jadi hiji wanoja,
wanoja anu kacida geulisna,
geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina,
geulis taya babandinganana.
Éta wanoja ngaranna Déwi Larawana,
ari asalna ti leuweung di dinya baé.

Déwi Larawana terus terang,
manéhna ngarasa kadudut kalbu,
kapentang asmara ku Wiralodra.
Malah aya leuwihna ti éta,
Déwi Larawana ménta dikawin
ku satria gandang Wiralodra.
Kahayang Déwi Larawana,
ditolak sapadamayan ku Wiralodra.

Déwi Larawana ngarasa dihina,
lantaran ditolak ku Wiralodra.
Tina bogoh jadi ceuceub.
Déwi Larawana ngajak perang tanding,
nepi ka aya nu ajal salahsaurangna.
Mimitina Wiralodra teu ngalayanan,
tapi Déwi Larawana kalah beuki ambek.

Henteu tata pasini deui,
Déwi Larawana narajang ka Wiralodra.
Tétéla Déwi Larawana téh teu sabongbrong.
Boga élmu jeung kasaktén anu luhur.
Kapaksa atuh Wiralodra ogé ngalayanan.
Der baé atuh perang tanding patutunggulan.
Ngadu kasaktén jeung jampé pamaké.

Beuki lila perang tandingna beuki ragot baé.
Élmu panemu jampé pamaké geus diketrukkeun,
tapi taya tanda-tanda anu bakal unggul.
Wiralodra nyabut senjata pamungkasna,
senjata cakra anu sakti hésé babandinganana.
Déwi Larawana teu bisa nyanggapulia,
kakeunaan ku peurah senjata cakra.
Déwi Larawana rubuh ngababatang.

Tina layon Déwi Larawana bijil haseup,
beuki lila beuki kandel baé.
Les layon Déwi Larawana leungit
saperti anu diteureuy bumi.
Janggélék jadi kidang kancana.
Kidang anu matana berlian.
Kidang anu keur ditétéangan ku Wiralodra,
luyu jeung pituduh ti Kiai Malik Warna.

Kidang lumpat ngabelesat tarik pisan.
Ku Wiralodra jeung Ki Tinggil diudag-udag.
Sakapeung mapay-mapay tegalan,
sakapeung mubus kana dungus,
sakapeung sésélékét di nu rembet,
pasir, léngkob, jungkrang ogé disorang.
Kidang terus lumpat,
anu ngudag henteu eureun.

Tapi aya anu anéh,
éta uncal lumpatna siga nu ngoconan.
Lamun anu ngudagna jauh,
lumpatna ngalaunan siga nu ngadagoan.
Lamun anu ngudagna geus deukeut,
lumpatna narikan deui.
Lamun anu ngudagna leungiteun tapak,
manéhna siga nu ngahaja némbongan.

Anjog baé ka hiji tempat,
les baé kidang téh ngaleungit,
leungit tanpa lebih ilang tanpa karana,
lir anu direureuy leuweung gerotan.
Wiralodra jeung Ki Tinggil eureun di dinya.
Tuluy duanana ngareureuhkeun capé,
capé urut ngudag-ngudag kidang,
kidang kancana anu matana berlian.

Tétéla teu jauh ti dinya,
aya walungan anu caina ngagulidag.
Geus moal salah deui,
éta téh Walungan Cimanuk,
anu keur ditétéangan ku duaan
ku Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Tempat anu aya di éta walungan,
tempat anu hadé keur pinagaraeun.

Isukna Wiralodra jeung Ki Tinggil,
ngabukbak leuweung rék ngababakan,
nyaéta nyieun lembur anyar di dinya.
Keur kitu, jebul téh dua mahluk anéh,
cenah siluman anu ngageugeuh éta tempat,
di dinya téh cenah Karajaan Siluman.
Anu datang téh rajana pisan jeung patihna,
ngaranna Raja Budipaksa jeung Patih Bujaris.

Éta dua siluman teu narima,
nagarana diburak-barik ku Wiralodra.
Der baé atuh perang tanding,
Wiralodra ngalawan Raja Budipaksa,
ari Ki Tinggil ngayonan Patih Bujaris.
Perangna kacida ragotna,
kawantu pada-pada sakti,
pada-pada gagah rongkah.

Tapi ahirna mah raja jeung patih siluman téh,
bisa diéléhkeun ku Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Malah jangji ulun kumawula ka Wiralodra.
Raja, patih, katut sakumna rahayat siluman,
terus baé ngabantuan ngabukbak leuweung,
nyieun lembur anyar di sisi Citarum.
Ari Karajaan Siluman harita kénéh ogé
dipindahkeun ti dinya ka béh girang.

Beuki lila lembur anyar téh,
beuki ngalegaan baé di sapanjang Cimanuk.
Rahayatna ogé beuki ngalobaan deuih.
Jalma datang ti mana ti mendi,
ngadon bumén-bumén di Cimanuk.
Wiralodra diangkat jadi pamingpinna,
ari Ki Tinggil minangka papatihna.
Babarengan ngaheuyeuk dayeuh,
ngolah nagara anu anyar diadegkeun.

Ki Tinggil miboga pancén anu utama,
nyaéta ngawangun Cimanuk,
nepi ka jadi nagara anu raharja.
Tapi Ki Tinggil henteu gawé sosoranganan,
manéhna ogé boga sawatara kapetengan.
Nyaéta Surantaka, Banyuntaka, jeung Puspahita.
Bari dibantuan ku sakumna rahayat,
Ki Tinggil katut kapetenganana,
terus ngamekarkeun jeung ngawangun Cimanuk.

Pangwangunan Cimanuk beuki ngaronjat,
sabada meunang bantuan ti sémah,
anu ngaran Éndang Darma.
Hiji wanoja anu rupana geulis,
geulis méh taya babandinganana.
Salian ti geulis kawanti-wanti téh,
wewesénna ogé pilih tanding deuih.

Rupaning gangguan ti pihak séjén,
bisa diperuhkeun ku Éndang Darma.
Éndang Darma kawilang gedé jasana
dina ngamajukeun daérah
anu dicangking ku Wiralodra.
Wawanén jeung wewesénna,
éstu lain unghak-unghakeun jalma biasa.

Éndang Darma bumén-bumén di Cimanuk.
Sorangan baé, da masih kénéh lalagasan.
Éndang Darma kawilang awéwé masagi,
sarta henteu lebar ku élmu jeung pangartina.
Di Cimanuk, Éndang Darma ngajarkeun
rupa-rupa padika jeung élmu tatanén.
Salian ti éta ogé Éndang Darma,
ngajarkeun rupaning élmu kasaktén.

Dina hiji mangsa,
Wiralodra ngarasa panasaran,
hayang nguji kasaktén Éndang Darma.
Der baé ngadu wewesén jeung kasaktén.
ngetrukkeun élmu lahir élmu batin.
Tapi henteu nepi ka tutumpuran.
Éndang Darma éléh jajatén,
teu sanggup ngayonan kadigjayan Wiralodra.

Éndang Darma ngaku taluk ka Wiralodra,
sarta jangji rék terus satékah polah,
ngawangun jeung ngamekarkeun Cimanuk.
Ngan aya paméntana ka Wiralodra téh.
Pikeun tanda pangéling-ngéling,
Éndang Darma miharep éta daérah téh,
dingaranan dumasar kana usahana duaan.

Nagara anyar di sisi Cimanuk téh,
kaangin-angin ka mana-mendi,
tungtungna kaémpér-émpér ka Cirebon.
Sultan Cirebon ngarasa tugenah,
lantaran Wiralodra dianggap cucungah,
teu ménta idin heula ka Cirebon,
basa rék ngawangun daérah anyar.
Padahal cenah éta daérah téh,
kabawah kénéh ka Cirebon.

Ti dinya Cirebon ngirimkeun pasukan,
pikeun ngajorag Cimanuk.
Pasukan anu lengkep tur samakta pakarangna.
Éta pasukan dipingpin ku Arya Kemuning.
Maksudna taya lian,
sangkan Wiralodra taluk ka Cirebon,
lamun henteu lemburna diburak-barik,
dihuru ditumpur-ludeskeun.

Pasukan Cimanuk ogé henteu cicingeun.
Sanajan pakarangna saaya-aya,
henteu gimir henteu galideur,
ngayonan musuh anu ngarurug.
Pasukan Cimanuk diluluguan ku Éndang Darma
Der baé atuh perang campuh.
Balad Cimanuk aya di pihak anu unggul.
Pasukan Cirebon kabur katawuran.

Sanggeus éta kajadian,
wewengkon nu dicangking ku Wiralodra,
sacara resmi dingaranan Darma Ayu.
Asalna éta ngaran tina ungkara:
‘Éndang Darma anu ayu’.
Ayu téh hartina geulis camperenik.
Tuluy robah jadi Indramayu,
tug nelah nepi ka kiwari.