Kamis, 31 Juli 2008

SAKADANG MONYET NABEUH GOONG BATARA GURU

SAKADANG Monyét beuki ambek baé ka Sakadang Kuya. Sanggeus reureuh sakeudeung, terus baé indit. Maksudna rék néangan Sakadang Kuya. Ceuk pikirna, Sakadang Kuya téh geus kaleuleuwihi. “Teu bisa diantep, enya-enya kudu diwarah ayeuna mah! Rasakeun siah Kuya, ku aing disasaak!” Sakadang Monyét ngomong sorangan.

Ditéangan ka ditu ka dieu, weléh teu kapanggih. Handapeun batu paranti nyumputna dirojokan ku awi, teu embol-embol. Na ka mana atuh Sakadang Kuya téh? Sakadang Monyét ampir putus asa. Terus leumpang ka jero leuweung. Sugan aya di leuweung keur néangan hakaneun.

Enya baé, Sakadang Kuya keur diuk mendeko handapeun tangkal nangka.

“Tah, kapanggih ayeuna mah mangkeluk anu julig téh,” ceuk Sakadang Monyét. “Hayoh siah rék lumpat ka mana? Beunang ayeuna mah!”

“Ssst, ulah geruh! Na teu nyaho uing téh keur nungguan goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna laun.

“Naon? Goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna angger bedas.

“Ssst, ceuk uing gé ulah geruh! Daék anjeun kabendon ku Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya deui.

“Mana goong Batara Guru téh?” ceuk Sakadang Monyét. Ayeuna mah ngomongna halon.

“Tuh, ténjo atuh di luhur!” ceuk Sakadang Kuya bari nunjuk kana sayang odéng, ampir sagedé nangka bakating ku gedé.

Sakadang Monyét teu ngomong. Gék diuk gigireun Sakadang Kuya bari panonna anteng neuteup goong Batara Guru.

“Sakadang Kuya, meunang henteu mun uing ngajaran nakol goong?” ceuk Sakadang Monyét.

“His, ulah atuh! Uing mah sieun kabendon ku Batara Guru. Tong boroning nakol, ngadeukeutan ogé uing mah teu wani!” témbal Sakadang Kuya.

“Sakali wé Sakadang Kuya!”

“Teu bisa!”

“Lalaunan ieu mah nakolna ogé, hayang ngadéngé sorana!”

“Rék lalaunan rék tarik, pokona mah teu bisa! Sabab uing diwanti-wanti pisan kudu enya-enya ngajaga ieu goong. “Jadi, hampura wé Sakadang Monyét.”

Tapi Sakadang Monyét keukeuh maksa.

“Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé,” ceuk Sakadang Monyét semu ngageuri.

Ahirna Sakadang Kuya nyarita, “Nya ari hayang-hayang teuing mah, sok baé atuh. Ieu mah pédah ka sobat wé, mun ka batur mah moal diidinan, sanajan sakumaha maksana ogé. Tapi saméméhna uing kudu ingkah heula ti dieu. Ari sababna, uing sieun dicarékan ku Batara Guru. Sieun disupata. Ké lamun uing geus jauh ti dieu, pék baé takol.”

Sakadang Monyét kacida atohna ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu téh. Ari Sakadang Kuya mah terus baé ngaléos. Ngadédod indit ka leuwi.

Sanggeus Sakadang Kuya jauh, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka bari mawa pangpung. Gék diuk dina dahan handapeun sayang odéng téa.

“Cing ah urang takol goong Batara Guru téh,” ceuk Sakadang Monyét. Tuluy ditakol lalaunan ku pangpung.

Keplok, nguuungngng.

“Alah, ngeunah sorana ogé, meni bangbaraan,” ceuk Sakadang Monyét bari seuri. “Sakali deui ah!”

Keplok, nguuungngng.

Sakadang Monyét tangka ngalenggak-lenggak baé bakating ku nimat ngadéngékeun sora goong Batara Guru.

Keplok, nguuungngng.

“Cacakan ditakolna lalaunan, sorana geus agem kitu. Komo lamun tarik meureun, pasti sorana handaruan,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa.

Sakadang Monyét ngawahan. Belatak sayang odéng anu disangka goong Batara Guru téh ditakol sataker tanaga nepi ka bencar. Odéngna kalaluar, kabéh napuk ka Sakadang Monyét. Nyareureud. Sakang Monyét tuturubun tina tangkal nangka, terus lumpat bari jéjéréwétan.

“Tuluuung! Alah ieung, tulung. tuluuungngng!” Awakna béak diseureud ku odéng. Lumpat ka mana baé ogé, terus diudag-udag ku odéng anu kacida lobana. Gebrus waé atuh manéhna ngagejeburkeun manéh ka leuwi. Terus teuleum bari nahan kanyeri. Awakna, sirahna, leungeunna, sukuna, irungna, ceulina … ah, kabéh euweuh nu kaliwat, barareuh diseureud ku odéng.

Sanggeus rada lila aya di leuwi, odéngna geus euweuh, Sakadang Monyét kakara wani hanjat. Tuluy cinutrung dina batu. Kabulusan. Haténa mah kacida ambekna ka Sakadang Kuya.

“Nyaan, Sakadang Kuya mah teu beunang dipisobat! Geus ti ayeuna mah aing moal daék deui sosobatan jeung Si Kuya téh. Dasar kuya kolot ku manéh!” ceuk Sakadang Monyét ngomong sorangan, nyarékan bébéakan ka Sakadang Kuya.

Ti harita Sakadang Monyét tara datang-datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Tapi ari cicingna mah angger baé di dinya, henteu ingkah ti leuweung sisi muara. Ari haténa mah angger baé ngunek-ngunek, hayang males kanyeri ka Sakadang Kuya.