Kamis, 24 Juli 2008

NYI RORO KIDUL

Jaman baheula di Pulo Jawa aya hiji raja,
kakasihna Sang Prabu Munding Wangi.
Ti praméswari kagungan putra istri,
jenenganana Déwi Kadita,
anu kageulisanana pilih tanding,
kaceluk ka awun-awun, kawéntar ka janapria,
malah nepi ka nelah Déwi Srangéngé,
lantaran cahayana moncorong lir srangéngé.

Déwi Srangéngé kacida pisan dienodna,
dipikanyaah ku ibu sareng ramana,
lir nanggeuy endog beubeureumna.
Sanaos kitu, Sang Prabu teu weléh neneda,
neneda ka Hyang Déwata katut batara-batari,
sangkan anjeunna kagungan putra pemeget.
Nanging anu diantos-antos téh,
ti praméswari Raja teu kagungan putra deui.

Teu kantos lami ti harita,
Kangjeng Raja kagungan deui putra.
Sanés ti praméswari, nanging ti selir,
anu jenenganana Déwi Mutiara.
Putrana pameget luyu sareng kapalayna.
Kangjeng Raja kalintang pisan bingahna.
Sami sareng ka Déwi Srangéngé,
ka putra ti Déwi Mutiara ogé,
kalangkung-langkung nyaahna.

Sanaos Déwi Mutiara tos nyenangkeun Raja,
ku jalan kagungan putra pameget téa,
nanging ku margi Déwi Mutiara téh selir,
linggihna angger baé di gédéngeun karaton,
henteu di lebet karaton sapertos praméswari.
Manah Déwi Mutiara ngageremet teu sugema,
timbul baé rasa ceuceub ka praméswari,
dibarung ku rasa sirik ka Déwi Srangéngé.

Malah aya leuwihna ti kitu,
manéhna boga kahayang,
sangkan anakna jadi raja.
Lamun seug anakna jadi raja téh,
tangtu kahirupanana bakal robah.
Moal ngarasa disapirakeun cara ayeuna.
Sahenteuna atuh jadi indungna raja,
disarebutna ogé tangtu Ibu Suri.

Déwi Mutiara terus mikiran.
Sanajan anakna lalaki,
salila di karaton masih aya kénéh
Déwi Srangéngé jeung praméswari,
pamohalan anakna bisa jadi raja.
Ku kituna euweuh deui jalan,
lian ti duaanana kudu disingkirkeun
sina ingkah ti karajaan.
Ngan kudu kumaha carana?

Kabeneran aya nu ngabéjaan,
di tutugan Gunung Parahu,
aya hiji awéwé tukang tenung sakti,
an ngaranna katelah Nini Jahil.
Ngadéngé éta béja,
Déwi Mutiara kacida pisan bungahna.
Tuluy nitah emban kapercayaanana,
nyusulan Nini Jahil ka Gunung Parahu.

Barang tepung jeung Nini Jahil,
pok Déwi Mutiara nyaritakeun niatna,
nya éta hayang nyingkirkeun
Déwi Srangéngé katut praméswari.
“Kumaha sanggup?” cék Déwi Mutiara.
“Tai ceuli atuh nu kitu mah,” jawab Nini Jahil.
“Tapi entong dipaéhan,” cenah deuih.
“Ulah hariwang,” Nini Jahil siga nu yakin.

Maksud manéh Déwi Mutiara téh,
praméswari jeung Déwi Srangéngé,
rék ditenung supaya beungeutna ruksak.
Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah,
pasti ku Kangjeng Raja diusir,
atawa disingkurkeun ka leuweung,
lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.

Kacaritakeun dina hiji peuting,
waktuna pangeusi karaton sararé tibra,
Nini Jahil asup ka jero karaton.
Dasar tukang tenung sakti,
euweuh saurang ogé anu nyahoeun.
Para-ponggawa nu ngajaraga
kabéh sararéna kawas bangké,
gara-gara élmu sirep Nini Jahil.

Sup manéhna rerencepan,
asup ka pangkuleman praméswari.
Terus ngaluarkeun élmu tenungna.
Ku matih-matihna élmu tenung Nini Jahil,
harita kénéh pameunteu praméswati
pinuh ku bisul sagedé-gedé suuk.
Teu kaop katoél meueusan,
langsung kaluar getih campur nanah,
bauna kaambeu hanyir.

Bérés praméswari ditenung,
giliran Déwi Srangéngé.
Ieu ogé sami sakedét nétra pisan,
pameunteu anu sakitu geulisna,
robah jadi goréng patut.
Pinuh ku koréng, borok, jeung bisul.
Sarua deuih teu kaop katoél saeutik,
barijil nanah campur getih,
bauna semu hangru.

Nini Jahil kaluar ti karaton,
tuluy nyampeurkeun ka Déwi Mutiara.
Nini Jahil nyaritakeun pagawéanana,
geus nenung praméswari jeung anakna.
“Moal teu buruk geura tah beungeutna!”
ceuk Nini Jahil bari seuri nyikikik.
Déwi Mutiara kacida pisan bungahna.
Sanggeus narima buruhan,
Nini Jahil buru-buru balik.

Teu kungsi lila ti harita,
Déwi Srangéngé gugah,
margi ngambeu babauan.
Anjeunna ungas-ingus,
tétéla asalna tina pameunteu anjeunna.
Déwi Srangéngé ngeunteung.
Ari bréh ningal pemeunteuna,
Déwi Srangéngé ampir-ampiran ngajerit,
bakating ku reuwas jeung sedih.

Ras Déwi Srangéngé émut ka ibuna,
énggal lebet ka kamar ibuna,
teras diguyah-guyah digugahkeun.
Naha atuh ari bréh téh,
geuning sanasib jeung anjeunna.
Pameunteuna sami-sami ruksak,
pinuh ku borok jeung bisul nanahan,
sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh.

Indung jeung anak,
antukna ceurik paungku-ungku.
Duanana rerencepan kaluar ti kaluar.
Terus kaluar ti karaton.
Pangémut anu duaan, méh sami,
jang nanahaon aya di karaton ogé,
lantaran boga beungeut béda ti batur.
Ti batan diusir ku Kangjeng Raja,
mending miheulaan kabur ti nagara.

Isukna ibur sapangeusi karaton,
praméswari jeung Déwi Srangéngé,
wengi-wengi ngalolos ti karaton.
Taya anu nyahoeun saurang ogé,
ka mana léosna éta dua putri téh.
Sabalikna jeung Déwi Mutiara,
ngadéngé éta béja téh seuri bungah,
lantaran maksudna geus laksana.
Nyingkirkeun praméswari kadua anakna.

Praméswari jeung Déwi Srangéngé,
duaan leumpang sakaparan-paran,
lumampah nuturkeun indung suku.
apruk-aprukan teu puguh nu dijugjug.
Mubus ka leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung si sumenem jati.
Haténa nalangsa kabina-bina.

Sakali mangsa jog ka hiji patapan.
Patepang jeung hiji pandita.
Bubuhan pandita sakti,
mibanda élmu linuhung,
weruh sadurung winarah,
pribumi langsung uninga,
istri anu sarumping téh taya sanés,
praméswari kadua putrana,
sanaos pameunteuna kacida ruksakna.

Henteu papanjangan carita,
praméswari jeung Déwi Srangéngé,
diangken langkung ti misti,
malah dianggap putra jeung putu.
“Nyai jeung incu Éyang,
ayeuna téh keur meunang cocoba.
Cocoba anu sakitu beuratna.
Ayeuna mah ngarereb baé di dieu,”
ceuk Ki Pandita ka praméswari.

Praméswari kadua Déwi Srangéngé,
ahirna ngarereb di patapan.
Ki Pandita usaha satékah polah,
ngalandongan panyawatna.
Tapi ku matih-matihna tenung Nini Jahil,
Ki Pandita teu tiasa ngalandongan.
Aya ari pituduh mah éta ogé,
pituduh ngeunaan jalma anu juligna.

Éta dua istri kacida ngarumasna,
tuman hirup di karaton sagala nyampak,
ari ayeuna di patapan sagala euweuh.
Euweuh nu ngaladénan-ngaladénan acan.
Éta anu salawasna jadi émutan praméswari,
utamana mah nasib putrana ka payunna.
Ku tina seueur teuing émutan téa,
brek baé praméswari téh teu damang,
tug dugi ka pupusna di patapan.

Ki Pandita kacida pisan ngangresna,
mireungeuh kaayaan praméswari kitu.
Nyel baé aya karep males kanyeri,
ka nu geus boga laku julig.
Ki Pandita uninga ka nu boga dosana.
Lajeng baé ngutus maung kembar,
sina ngahukuman Nini Jahil.
Duanana teu meunang waka balik,
salila tukang tenung jahat hirup kénéh.

Maung kembar indit ti patapan,
rék ngajugjug ka Gunung Parahu.
Sarta teu kungsi lila ti harita,
di tutugan Gunung Parahu guyur,
Nini Jahil geus kapanggih jadi bangké,
Beungeut jeung awakna ruksak,
kawas tapak ngarewég maung.

Dikantun pupus ku ibuna,
Déwi Srangéngé kacida pisan sedihna,
raosna teu aya deui batur pakumaha.
Aya ogé Ki Pandita anu haat nyaaheun,
da teu sarua jeung indung kanyaahna.
Déwi Srangéngé sering émut ka ibuna,
ahirna teu kiat lami-lami aya di patapan.
Wengi-wangi anjeunna rerencepan kabur.

Saleresna Ki Pandita sanés teu uninga,
putu angkatna kabur ngantunkeun patapan.
Tapi ku Ki Pandita henteu dihalang-halang.
Tibatan manah Déwi Srangéngé teras sedih,
émut baé ka nu tos ngantunkeun,
mending antep sina milari pangalaman.
Saha anu terang Déwi Srangéngé téh
bakal pinanggih jeung kabagjaan.

Caturkeun Déwi Srangéngé,
saparantosna ngalolos ti patapan,
angkat henteu puguh nu dijugjug.
Angkat sakaparan-paran kitu baé.
Bari henteu ngingetkeun kasalametan dirina.
Saban ngalangkungan leuweung,
anjeunna ngarep-ngarep ajal datang,
dipacok oray atawa dihakan sato galak.

Tapi, sakitu mindeng pasarandog,
boro-boro aya nu daék ngahakan,
sakur sasatoan di éta leuweung,
kalah paheula-heula nyalingkir.
Teu daék deukeut-deukeut acan.
Duka pédah henteu tégaeun,
nempo waruga nu sakitu ruksakna,
duka henteu kuat ngambeu bauna.

Lami-lami Déwi Srangéngé téh
jog anjog ka sisi basisir kidul.
Lalampahanana kandeg di dinya,
kapegat laut upluk-aplak satungtung deuleu.
Ku margi ngaraos kacida bingungna,
ka mana nya kedah neraskeun laku,
anjeunna lirén handapeun tangkal kalapa,
sakantenan niat ngareureuhkeun kacapé.

Déwi Srangéngé nanghunjar dina kikisik,
bari nyarandé kana tangkal kalapa.
Neuteup anteng ka tengah laut.
Sakedapan lali kana kasedih manahna.
Angin laut lir nu ngusapan salirana,
lami-lami ngaraos tunduh anu kacida.
Reup baé kulem di dinya tibra naker.

Sabot Déwi Srangéngé kulem,
anjeunna ngimpén anu luar biasa,
impénan sapertos anu enya-enya kajadian.
Dina éta impénanana,
anjeunna ditepangan ku hiji aki-aki.
Éta aki-aki nganggo anggoan sing sarwa bodas.
Ari kana rupina, asa henteu asing deui.
Asa kungsi panggih, ngan duka di mana.

Éta aki-aki pok sasauran, kieu cenah,
“Deudeuh teuing incu Aki,
nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara.
Ayeuna mah geura gugah,
hég geura siram dina cai laut.
Engké sagala rupana baris balik deui,
balik ka sabihara-sabihari.
Réngsé siram ulah ka mana-mana,
margi bakal aya satria nu ngajak nikah.”

Tamat aki-aki sasauran,
Déwi Srangéngé gugah.
Luak-lieuk teu aya sasaha.
Iwal aya laut nu kacida legana.
Ombakna siga nu ngagupayan,
sangkan anjeunna énggal-énggal siram.
“Anu bieu téh impian ilapat atawa riwan?”
gerentes manah Déwi Srangéngé.

Tapi ahirna mah Déwi Srangéngé
henteu seueur deui anu diémutan,
ku tina parantos pasrah téa kana kadarna.
Gebrus baé ka laut, ibak kokojayan.
Cai laut asin téh karaosna asa seger.
Anéhna unggal anjeunna ngusap raray,
urut borok reujeung bisul,
harita kénéh langsung beresih.

Kasauran aki-aki henteu lepat,
pameunteu nu geulis beresih deui.
Sinarna moncorong deui sabihari
kawas panonpoé kakara medal.
Kantenan Déwi Srangéngé pohara bingahna.
Anjeunna ampir-ampiran teu percanten,
kana kajadian nu sakitu matak anéhna.

Wareg siram kokojayan,
lajeng ngeunteung kana beungeut cai,
katingal rarayna ngagenclang hérang.
Malih raraosanana mah langkung geulis,
langkung cahayaan ti nu parantos-parantos.
Teu karaos tina socana bijil cisoca,
mapay kana damisna anu limit,
cisoca anu medal tina kabungah taya hinggana.

Nurut kana kasauran aki-aki dina impénan,
anjeunna henteu ka mana-mana deui.
Damelna ngantos kasumpingan satria,
anu badé ngajak nikah téa.
Déwi Srangéngé percanten kana kasauranana,
ku margi apan parantos aya buktosna.
Pameunteuna anu tadina ruksak,
ayeuna balik deui sapertos sabihara-sabihari.

Ngan naha atuh nu diantos-antos téh
henteu daék sumping baé.
Anjeunna méh unggal dinten ngalangeu
di sisi basisir bari neuteup ka tengah laut.
Sangkaan anjeunna, moal henteu,
satria téh sumpingna ti tengah laut.
Lamun kana kapal laut,
geuning taya celak-celakna acan.
Atawa bisa jadi bijil ti jero laut.

Sadinten, dua dinten nepi ka saminggu,
Déwi Srangéngé masih tiasa nahan kasabaran.
Saminggu, dua minggu, dugi ka sasasihna,
sasasih, dua sasih, dugi ka sataunna,
Déwi Srangéngé séép kasabaranana.
Lami-lami timbul bendu ngagugudug,
margi asa dibohongan ku aki-aki,
anu patepang dina impénan téa.

Déwi Srangéngé penggas pangharepan,
bendu dibarung kun genes ngangres.
Tungtungna jleng baé luncat ka laut,
maksadna badé luluasan,
milih neuleumkeun manéh ka laut,
nyébakeun salirana ka pengeusi laut,
sukur-sukur mun dihakan ku lauk hiu,
atawa diteureuy buleud ku lauk paus.

Tapi cai laut kalah nyalingray,
kawas nu méré jalan ka Sang Déwi.
Kitu deui sakabeuh pangeusina,
rupa-rupa lauk nu gedé nu leutik,
daratang ngabagéakeun.
Tungtungna Déwi Srangéngé téh
diangkat jadi ratu di sagara kidul,
katelah Nyai Ratu Roro Kidul.

Tapi anjeunna tetep panasaran,
palay tepang sareng satria
anu dijangjikeun dina impénan.
Cai laut teras-terasan diubek,
niatna milarian satria téa.
Éta sababna pangna laut kidul
kasohor galedé ombakna.
Lantaran hayoh waé diubek-ubek
ku Nyi Roro Kidul.