Kamis, 24 Juli 2008

LAPIDIN PAHLAWAN SEMBUNG

Lapidin téh nonoman wedalan pasantrén.
nonoman keur meujeuhna belekesenteng,
buta tulang buta daging.
Dedeg sampé rupa hade,
hadé tata hadé basa,
rubak dada lébér wawanén,
tur nyaah ka rahayat,
utamana rahayat nu katalangsara.

Ari ngaran anu saéstuna mah Lafaddin,
ngaran paméré ti guruna,
anu ngandung harti “lapad agama”.
Diucapkeun ku létah urang Sunda,
urang Sunda di wewengkon Subang,
tina Lafaddin jadi Lapidin.
Lapidin pahlawan lokal ti Sembung,
anu kiwari ayana di Dayeuh Subang.

Ceuk sakaol, aya anu nyebutkeun,
Lapidin téh urut salasaurang prajurit,
prajurit Bagus Rangin anu baruntak
ka penjajah Walanda di daérah Cirebon.
Walanda ngarurug Bagus Rangin,
dibantuan ku sawatara bupati Sunda.
Bagus Rangin katangkep di Panongan.
Sarta prajuritna ngalolos ka mana-mana.

Harita mah mémang nagara urang téh
keur dijajah ku bangsa Walanda.
Pamaréntah Hindia Walanda
nyieun rupa-rupa aturan,
anu jadi bangbaluh pikeun rahayat.
Rahayat kudu mayar rupa-rupa pajeg.
Aya pajeg tatanén, pajeg imah,
malah aya anu disebut pajeg sirah.
Hartina, unggal jalma kudu mayer pajeg.

Jaba ti éta, rahayat ogé kudu kerja paksa.
Digawé pikeun kapentingan pamaréntah,
bari henteu meunang bayaran pisan.
Anu baha kana kawajiban kerja paksa,
dianggap ngalawan ka pamaréntah jajahan.
Tangtu baris meunang hukuman beurat.
Malah teu saeutik anu nepi ka dihukum pati.

Kaayaan wewengkon Subang harita,
henteu béda ti wewengkon séjénna.
Ngan di Subang mah aya leuwihna.
Tanah-tanahna dijadikeun perkebunan,
saperti perkebunan téh, karét, jeung tiwu.
Ari anu boga éta perkebunan,
pausahaan Walanda jeung Inggris,
lantaran tanah-tanahna diséwakeun
ku pamaréntah Walanda ka partikulir.

Sanajan éta perkebunan swasta,
angger baé anu kariripuhan mah rahayat.
Pamaréntah Walanda ngawajibkeun
rahayat Subang kudu kerja paksa
di perkebunan bari teu meunang bayaran.
Lamun anu henteu bisa digawé,
lantaran gering atawa rerempo,
kudu mayar 5 gulden ka pamaréntah.

Éta aturan téh kacida beuratna
keur sakumna rahayat Subang.
Duit 5 gulden kaitung gedé harita mah.
Antukna anu rerempo milu digawé,
atawa disuluran ku dulurna anu jagjag.
Kitu deui anu keur gering.
Digawé beurat méh taya reureuhna,
cul kana gawé sapopoé jeung rumah tanggana.

Kacaturkeun lalampahan Lapidin,
Leumpang sakaparan-paran,
henteu puguh anu dijugjug,
ngan wungkul nuturkeun indung suku.
Leumpang mapay-mapay jalan jajahan.
Tungtungna anjog baé ka Sembung,
anu aya di wewengkon Subang.

Di satengahing perjalanan,
Lapidin nénjo aki-aki nu keur disiksa,
ku mandor kerja paksa hiji perkebunan.
Ari sababna, éta aki-aki dianggap lalawora,
henteu enya-enya dina migawé pancénna.
Ki mandor ngagitik aki-aki ku pecut.
Si Aki ukur bisa ngalempréh,
geus teu boga daya pikeun hudang.

Lapidin luncat nulungan aki-aki.
Tungtung pecut Ki Mandor ditéwak,
tuluy dicentok sataker tanaga.
Awak mandor anu jangkung badag,
kabetot sarta tisukaruk kana taneuh.
Ki Mandor hudang bari kacida ambekna.
Hohoak laklak dasar bari mesat bedog,
terus narajang ka Lapidin.

Lapidin gancang pasang kuda-kuda.
Panarajang Ki Mandor digiwarkeun,
bari dipapag ku peureup buleud,
nenggel pisan kana hulu angenna.
Ngan sageprakan pisan,
Ki Mandor henteu bisa hojah deui.
Ngajehjer dina taneuh, kapaéhan.
Anu keur kerja paksa tangka surak,
ningali mandor anu kejem teu nyanggapulia.

Aki-aki anu keur ngalempréh,
gancang disangkéh ku Lapidin.
Dibawa ka imah aki-aki di Sembung.
Isukna, pancén kerja paksa éta aki-aki,
diteruskeun dipigawé ku Lapidin.
Sanggeus Lapidin milu digawé,
mandor kerja paksa di dinya jadi miris,
henteu galak teuing cara sasari.

Réngsé ngalakonan gawé kerja paksa,
Lapidin diandeg ku aki-aki téa,
sarta dikawinkeun ka anakna anu bungsu.
Ahirna Lapidin tetep-tumetep di Sembung.
Rumah tanggana reugreug pageuh.
Ari pagawéan sapopoéna,
Lapidin ngokolakeun tanah anu mitohana,
jadi patani sakumaha ilaharna urang dinya.

Lila-lila, pamajikan Lapidin kakandungan.
Haté Lapidin kacida pisan bungahna.
Digawéna beuki soson-soson,
lantaran inget kana pikaheureupeun anakna.
Tapi, abong di dunya mah henteu lana.
Kabungah Lapidin ogé leungit,
diganti ku kasedih nu taya hinggana.
Pamajikanana maot waktu ngalahirkeun.
Ari anakna lalaki, hirup diurus ku nini-akina.

Ti barang ditinggalkeun maot ku pamajikanana,
kahuripan Lapidin jadi rada robah.
Henteun ari nepi ka ngancrud ngalajur napsu mah,
lantaran kakered ku atikan agamana anu kuat.
Minangka pikeun ngabangbrangkeun haténa,
sangkan ulah nguluwut teuing inget baé ka si jenat,
Lapidin mindeng katémbong di pakalangan
pintonan ketuk tilu atawa dogér.
Ari lagu karesepna nyaéta lagu buhun
“Kembang Gadung” jeung “Golétrak”.

Dina hiji peuting sanggeus lalajo ketuk tilu,
Lapidin balik ka imahna sorangan.
Ujug-ujug kolébat baé aya jalma anu lumpat,
beungeutna diteregos manggul buntelan.
Lapidin curiga, boa-boa jalma jahat.
Ku Lapidin diudag nepi ka beunang kaudag.
Anu diteregos malik bari mesat bedog.
Lapidin taki-taki bari pasang kuda-kuda.

Anu diteregos narajang Lapidin,
bari mubat-mabitkeun bedogna.
Tapi kabéh ogé ngeplos ngahanca angin.
Lapidin anu geus asak dina ulin penca,
henteu gimir henteu galideur
nyanghareupana anu keur nguwak-ngawik téh,
pigeulangna dipeupeuh, bedogna milepas,
pundukna diketig bari disampekkeun tuur,
hek baé anu diteregos téh teu usik teu malik.

Ku Lapidin dilaan teregosna,
sihoréng téh Sarkawi, rampog gerot,
anu katotol bedas jeung weduk.
Ari ku Lapidin bisa ngajurahroh,
ngan sababaraha geprakan baé.
Sarkawi ngulisik, terus hudang.
Harita manéhna ngaku taluk ka Lapidin,
sarta jangji moal ngaganggu deui urang Subang,
pangpangna mah rahayat anu hirupna ripuh.

Sarkawi bisa dihampura ku Lapidin.
Kahiji, lantaran geus ngucapkeun jangji,
moal ngaganggu ka rahayat Subang,
sarta bakal nurut kana sakur omonganana.
Kaduana, anu harita dirampog ku Sarkawi,
nyaéta gegedén Walanda anu kawilang beunghar.
Beunghar ladang meres késang rahayat pribumi.
Kaceuceubna ka bangsa penjajah jeung ulon-ulonna,
tétéla henteu laas ku mangsa kasipuh ku waktu.

Gembolan ku Sarkawi dipasrahkeun ka Lapidin.
Barang dibuka eusina emas jeung duit.
Timbul kereteg dina ati Lapidin,
tibatan dipulangkeun ka nu bogana,
ka gegedén Walanda anu geus meres rahayat,
mending dibagikeun ka rahayat anu miskin.
Rahayat pribumi anu hirupna katalangsara,
anu ripuh néangan keur sahuap-sakopeun.

Isukna, jalma-jalma ribut salelembur,
nyaritakeun kajadian anu kacida anéhna.
Barang neut hudang lob anu meunang milik.
Aya anu manggihan duit di handapeun panto,
aya anu manggihan perhiasan emas,
aya ogé anu meunang inten atawa berlian.
Poé éta, loba rahayat anu bungah haténa,
lantaran asa katulungan pangabutuhna,
asa aya anu nalangan kasusahna.

Mireungeuh loba rahayat pribumi,
ana ngarasa katulungan ku cara kitu,
jorojoy wé timbul niat dina haté Lapidin,
niat pikeun nyenangkeun haté rahayat.
Ku cara ngabagi-bagikeun duit
atawa barang berharga lianna.
Ngan ti mana meunangkeun barangna?
Taya deui jalanna iwal ti kudu ngarampog,
ngarampog gegedén Walanda, Inggris,
katut ulon-ulonna anu biluk ka penjajah.

Sababaraha poé ti harita,
Kantor Pakgadé aya nu ngabobol.
Kulisi katut pacalang disebar,
néangan saha anu boga dosana.
Boro-boro kasusud, taya lacak-lacakna acan.
Tapi rahayat mah meunang kabungah deui.
Isuk-isuk geus manggih bungkusan duit,
aya anu manggih di handapeun pantona,
aya anu manggih di pakarangan imahna.
Malah aya anu diponcorkeun kana érang-érang.

Heuleut sawatara poé ti harita,
imah gegedén urang Inggris anu dirampog téh,
anu jadi kawasa kontrak perkebunan di Subang.
Centéng anu ngajaga imahna diringkus,
ari anu boga imahna kabeneran keur suwung.
Unggal geus aya kajadian anu karampogan,
rahayat Subang loba anu meunang milik,
milik lir anu diragragkeun ti langit.

Saterusna Kantor Pos, kantor perkebunan,
paragegedén Walanda jeung Inggris,
jeung jalma-jalma anu kumawula ka penjajah,
henteu luput tina pangranjah si rampog.
Nepi ka harita mah teu kanyahona saha-sahana.
Ku urang Walanda jeung Inggris,
kitu deui ku bangsa urang nu jadi ulon-ulonna,
dianggap musuh nu kudu ditéwak hirup atawa paéh.
Sabalikna pikeun rahayat pribumi mah,
dianggap jalma anu hadé haté tur gedé jasana.

Ngan aya saurang anu nyahoeun téh,
nyaéta Sarkawi, si bangsat gerot,
anu kungsi taluk ku Lapidin téa.
Pangna nyahoeun, lantaran Sarkawi
mindeng diajak badami ku Lapidin,
lamun rék ngarampog anu kaitung bangga.
Malah kungsi diajak babarengan ngarampog.
Lapidin percaya ka Sarkawi,
lantaran Sarkawi geus jadi patalukanana,
sarta geus jangji rék satia ka Lapidin.

Tapi dina enas-enasna mah henteu kitu.
Sarkawi boga niat anu béda pisan jeung Lapidin.
Sarkawi rarampog éstu keur kapentingan pribadi,
lain keur kapentingan rahayat anu hirupna susah.
Nepi ka hiji mangsa, Sarkawi nyumputkeun duit,
duit ladang ngarampog babarengan ti Demang.
Barang kapanggiheun ku Lapidin,
Sarkawi dicarékan laklak dasar béak beresih.
Disebutkeun jalma anu mentingkeun diri sorangan,
henteu maliré kana kasusah jeung kasangsara rahayat.

Tayohna mah Sarkawi téh nyerieun haténa.
Tuluy baé atuh rerencepan nepungan Demang.
Barabat nyaritakeun rupa-rupa kajadian,
anu patali jeung dirampogna sawatara tempat.
Anu ngarampogna ogé dibéjakeun,
nyaéta Lapidin urang Lembur Sembung.
Ari hasilna ngarampogna téa,
sok dibagikeun ka rahayat ku cara anu demit,
nepi ka rahayat ogé taya nu nyahoeun,
saha jalmana anu sok babagi duit téh.

Salian ti éta, Sarkawi ogé ngabéjakeun,
Lapidin téh karesepna kana ketuk tilu.
Lamun rék néwak Lapidin mah,
kepung baé di pakalangan ketuk tilu,
dogér, kiliningan, jeung sajabana.
Ari lagu karesepna “Kembang Gadung”,
diteruskeun kana lagu “Golétrak”,
sakapeung sok diigelan ku Lapidin.
Di dinya mangsana anu merenah
lamun arék néwak Lapidin mah.

Demang kacida bungahna meunang éta béja téh.
Harita kénéh ogé gancang laporan ka atasanana,
nyaéta pamaréntah jajahan Walanda di Subang.
Kabeneran deuih harita téh poé Saptu,
poé bayaranana pagawé kontrak perkebunan.
Biasana, peutingna sok aya rupa-rupa hiburan,
kayaning belentuk ngapung jeung ketuk tilu.
Malah Ki Demang ngawawadian pisan,
ketuk tilu mah sabisa-bisa kudu diayakeun,
pikeun mancing Lapidin supaya datang.

Peutingna, kaayaan di alun-alun kontrak,
kacida raména teu béda ti pasar malem.
Anu dagang barang jeung kadaharan ngajajar.
Rupa-rupa hiburan, kaasup ketuk tilu,
geus mimiti tatalu rék mimiti magelaran.
Kuli-kuli kontrak anu kakara nampa bayaran,
geus ngagarimbung ngurilingan pakalangan.
Urang lembur di sabudeureun kontrak ogé,
loba anu ngadon lalajo karaméan di dinya.

Kulisi, pacalang katut anak buah Demang,
geus aya di sabudeureun alun-alun.
Ngarah teu katara, ngahiji jeung jalma réa,
nyamur teu bina ti urang lembur,
atawa nyeta-nyeta kuli kontrak,
anu anyar nampa bayaran mingguan.
Maksudna arék ngepung Lapidin.
Hirup atawa paéh Lapidin kudu kacerek.
Demang jeung Sarkawi nyumput di nu buni.

Der ketuk tilu mimiti magelaran.
Sora kendang jeung ketuk adu manis,
dipasieup ku sora sindén anu halimpu.
Peuting ieu mah anu magelaran téh,
wuwuh sindén jeung ronggéng petingan.
Taya anu curiga yén éta téh rékayasa Demang.
Beuki peuting pagelaran ketuk tilu beuki ramé.
Lurah sekar pahibut ngalalayanan anu masak,
ménta lagu, anu nyindénna, katut ronggéngna.

Réngsé sababaraha lagu kapidangkeun,
jung lurah sekar nangtung, pok nyarita,
“Aya pamundut lagu ti urang Sembung,
laguna ‘Kembang Gadung’ ditéma ku ‘Golétrak’.”
Anu lalajo émprak bari patingsaruit,
sabab nyaho saha anu harita masak lagu.
Lapidin anu kacida diajénana ku urang Sembung.
Harita mah can nyarahoeun anu saéstuna,
yén Lapidin téh nyaéta rampog hadé haté,
anu sok babagi duit ka rahayat pribumi.

Ngong sindén ngahaleuang “Kembang Gadung”,
teu lila sup ka pakalangan lalaki dedeg,
terus ngigel nunutur wirahma kendang.
Igelanana mutuh matak deungdeuleueun.
Gidigna, gideugna, jeung mincidna aya ku nyari.
Béak “Kembang Gadung” naék kana “Golétrak”.
Tapi kakara ogé rék mangkat lagu,
anu lalajo di tukang pahibut teu puguh.
Teu lila kadéngé anu patingcorowok nitah bubar,
sarta paréntah pikeun nangkep Lapidin.

Anu lalajo ngaburiak katawuran.
Panjak jeung ronggéng ngayekyek di juru,
ngagarulung di tukangeun ancak goong.
Lapidin di tengah pakalangan padangepung.
Taya geusan pikeun kabur pisan,
antukna taki-taki pasang kuda-kuda.
Lapidin dirempug ku belasan urang,
karepna arék dicerek ditangkep hirup-hirup.
Tapi anu ngarempug téh batan meunang,
kalah loba anu kabeunangan.

Anu ngepung tingjarungkel ngajehjer.
Keur kitu datang tentara Walanda,
anu disusulan lantaran balad Ki Demang
henteu bisa hojah ngalawan Lapidin.
Untungna nu ngepung geus loba ngurangan.
Lapidin buru-buru kabur ti pakalangan.
Mubus ka kebon entéh anu upluk-aplak.
Sapeupeuting kebon entéh disaksrak,
tapi Lapidin weléh henteu kapanggih,
leungit lir anu dilegleg petengna peuting.

Ti harita Lapidin jadi buronan Walanda,
dianggap jalma anu bahaya pikeun pamaréntah.
Tapi sabalikna pikeun rahayat pribumi mah,
Lapidin dianggap jalma anu gedé jasana.
Enya Lapidin téh sok ngarampog,
tapi anu dirampogna jalma-jalma sarakah,
jeung hasilna sok dibagikeun ka rahayat.
Anu matak Lapidin hésé kapanggihna téh,
di antarana baé lantaran dibunian ku rahayat,
malah sok dibantuan lamun kudu nyumput.

Hiji mangsa anak Lapidin gering parna.
Éta béja tepi ka Sarkawi, laju bébéja ka Demang.
Lapidin téh kacida nyaaheunana ka anakna.
Nyaho anakna gering, geus tangtu bakal balik.
Ceuk Sarkawi, éta mangrupa kasempetan hadé
pikeun nyangkalak Lapidin di imahna.
Sangkaan Sarkawi henteu nyalahan,
dina hiji peuting Lapidin datang ka imahna.
Harita imah Lapidin téh geus dikepung
ku tentara Walanda jeung anak buah Demang.

Lapidin kabur ti imahna bari ngakod anakna.
Maksudna anakna rék diubaran di hiji tempat.
Lapidin dikepung bari gerakna teu bisa bébas.
Sanajan kitu, masih kénéh bisa maéhan
opat tentara Walanda jeung sababaraha centéng.
Ngan sanggeus anakna maot kasabet ku bedog,
manéhna ngarumpuyuk henteu walakaya.
Harita kénéh dicangkalak sarta dibawa ka bui.
Tapi saméméhna, ménta idin rék mulasara anakna.
Anakna dibungkus ku sarung, dikubur ku sorangan.

Lapidin digantung dina tangkal tanjung,
di lebah anu ayeuna jadi Wisma Karya Subang.
Paméntana anu panungtung nyaéta,
“Hayang neuleu Demang anu kulitna hideung,
tapi haténa leuwih bulé ti batan Walanda.”
Pikeun pangéling-ngéling kana jasa-jasana,
lagu “Kembang Gadung” sok dijadikeun bubuka,
utamana dina pagelaran kiliningan di Subang.
Malah kana éta lagu tara aya anu wani ngigelan.

(Budi Rahayu Tamsyah)