Kamis, 24 Juli 2008

JONGGRANG KALAPITUNG

Hidep kungsi ulin ka Jatiluhur?
Jatiluhur téh perenahna di Purwakarta.
Di dinya aya bendungan anu lega.
Katelahna Bendungan Jatiluhur.
Ari anu dibendungna Walungan Citarum.
Éta bendungan téh gedé pisan mangpaatna.
Dipaké pikeun rupa-rupa kaperluan.

Caina dipaké pembangkit tanaga listrik,
anu listrikna dipaké di sakuliah Pulo Jawa.
Salian ti éta dipaké pikeun irigasi deuih.
Nyaian sawah-sawah anu aya di kalér,
saperti di Purwakarta, Karawang, jeung Subang.
Terus parat nepi ka Bekasi jeung Jakarta.
Malah cai beresih anu aya di éta wewengkon,
umumna mah asalna téh ti Jatiluhur.

Teu saeutik deuih anu miara lauk di Jatiluhur,
maké jaring anu disebut “kolam jaring terapung”.
Jatiluhur ogé jadi obyék wisata andelan.
Salian ti pamandanganana éndah,
geus diwangun obyék wisata modern deuih.
Saperti waterboom jeung kolam renang.
Atuh keur nu resep nguseup,
di Jatiluhur ogé loba tempat paranti nguseup.

Tapi jaman baheula mah, baheulaning baheula,
cenah di sabudeureun Jatiluhur téh,
masih kénéh mangrupa leuweung geledegan.
Rembet ku kakayon, caranéom jeung geueumeun.
Lolobana tangkal jati, galedé jeung jarangkung.
Tangkalna sagedé-gedé beuteung munding.
Can jadi bendungan cara ayeuna.
Malah can aya lembur-lembur acan.

Leuweung sanget pikasieuneun.
Anu matak tara aya jalma anu lunta-lanto ka dinya.
Dina kapaksana ogé, teu weléh sanduk-sanduk
ka nu ngageugeuh di dinya.
Ari anu ngageugeuh di éta leuweung
katut gunung-gunung di sabudeureunana,
hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang.
Ngaranna Jonggrang Kalapitung.

Awakna jangkung badag tanding gunung.
Kulitna hideung lestreng tanding areng.
Bulu kumisna sagedé-gedé tambang injuk.
Buukna gimbal cawigwig ngarerewig.
Kakara oyag lamun katebak angin baliung.
Éstu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan.
Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur.
Hésé ngabédakeunana, keur leuleuy atawa keur ambek.

Hiji mangsa Jonggrang Kalapitung aya kahayang,
nyaéta hayang nguseup di Walungan Citarum,
lantaran hayang ngadahar beuleum lauk.
Tapi manéhna henteu bogaeun parabotna.
Sanggeus ngahuleng sakedapan, pok ngomong,
“Euweuh deui carana,
aing kudu ménta tulung ka urang lembur.”

Jonggrang Kalapitung cengkat, tuluy leumpang
ngajugjug ka lembur di sisi Walungan Citarum,
nyaéta nu katelah Lembur Cisarua.
Leumpangna bari ragag-rigig,
henteu nolih kana tincakeun sama sakali.
Sato héwan pangeusi leuweung lalumpatan,
sieun katincak ku buta titisan siluman.

Barang nepi ka birit lembur,
tuluy hohoak ngageroan urang dinya.
“Héy, urang lembur, ka darieu, euy!”
Sorana handaruan ka madhab papat.
Ngadéngé panggero Jonggrang Kalapitung,
teu sirikna sapangeusi lembur
tamplok nyalampeurkeun.

Brek dariuk sarila,
ngariung Sang Jonggrang Kalapitung.
Pok kokolot lembur ngomong,
“Aya pikersaeun naon Juragan téh,
ngempelkeun abdi sadayana di dieu?
Palay naon atuh Juragan téh?
Mangga, abdi sadaya parantos sayogi,
asal kadada-kaduga ku abdi sadaya.”

“Ha ha ha, hadé, hadé, caritaan téh.
Tapi ulah nyebut Juragan, euy,
da uing mah lain ménak.
Ulah nyebut Bapa deuih, da lain pejabat.
Uing mah hayang disebut Aa,”
ceuk Jonggrang Kalapitung gumasép,
bari muril-muril kumisna nu sagedé catang kalapa.
“Mangga, naon atuh kapalay Aa téh?”
ceuk kokolot lembur, angger leuleuy.

Barabat atuh manéhna nyaritakeun kahayangna.
Hayang nguseup di Walungan Citarum.
“Geus lila Aa téh henteu ngadahar beuleum lauk.
Mangkaning lauk Citarum mah girinyih,”
ceuk Jonggrang Kalapitung.
Nu matak, cenah, rék ménta tulung
ka sakabéh urang lembur.
Hayang dipangnyieunkeun useup anu gedé.

Paménta Jonggrang Kalapitung disanggupan.
Sabab lamun henteu disanggupan,
sieun Jonggrang Kalapitung ambek, tuluy ngamuk.
Sabalikna lamun kahayangna ditedunan,
éta siluman téh sok alus pamulang tarimana.
Geus kitu mah urang lembur téh baralik.
Tuluy babadian jeung baturna,
babagi tugas pikeun nohonan kahayang Si Aa.

Isukna, der baé digarawé,
luyu jeung pancénna masing-masing.
Kokolot lembur cuh-cih metakeun nu garawé.
Anu kapapancénan nyieun useup,
nyieunna tina urut jangkar kapal cai.
Aya anu ngaragaji, sangkan elukna jadi hiji.
Aya anu nakol, anu ngikir, anu ngahampelas.
Kabéh digarawé sangkan useup téréh réngsé.

Anu kapapancénan nyieun jeujeur,
nyieunna tina awi gombong saleunjeur.
Néangan awi gombong nu geus kolot,
lantas jeung paranjang bukuna.
Nuarna henteu sagawayah,
tapi nurutkeun tatali paranti nuar awi.
Dibawa ka lembur, terus dipigawé ku lobaan.
Dipapas jeung dihampelas dihadé-hadé.

Anu kapapancénan nyieun tali useup,
dijieunna tina lulub, tuluy digintir.
Jadi tambang dadung gedé,
saperti paranti nyangcang munding.
Panjangna ratusan deupa.
Ana digulungkeun téh,
gulunganana sagedé gulungan kasur.
Urang lembur digarawéna kaitung lila,
aya kana puluh poéna.

Gancangna carita, éta jeujeur téh geus jadi.
Terus baé digotong ka birit lembur,
rék dipasrahkeun ka Jonggrang Kalapitung.
Useupna digotong maké jajampanaan.
Kitu deui jeung tali useupna.
Ari jeujeurna dipanggul ku opatan.
Salian ti éta, aya deui anu manggul eupanna.
Nyaéta hulu munding pelén.

Ari srog ka birit lembur,
kasampak anu ngéngkén useup téh keur saré,
kérékna mani nyegrék tangka gagauran.
Saréna luhureun batu cadas anu lémpar tur nyusun,
saperti bangku jeung korsi, di sisi Citarum.
Nepi ka ayeuna tempat saréna téh masih kénéh aya,
anu ku urang dinya mah disebut batu korsi.

Ceuk sakaol mah éta batu téh,
tempat babadamian parasiluman.
Malah kungsi dipaké ku Sang Kuriang,
basa ngayakeun babadamian jeung siluman-silemin,
nu rék ngabendung Walungan Citarum,
pameredih Dayang Sumbi téa.
Siluman-silemin datang ti mana-ti mendi,
ngabadamikeun pagawéan nyieun talaga.

Nénjo anu saré bari nyegrék gagauran,
saurang ogé euweuh anu wani ngahudangkeun.
Caricing baé di dinya ngadagoan hudangna.
Malah nepi ka nyaung-nyaung sagala.
Dijaga piligenti, ngajaga bisi anu saré hudang.
Ari rék ditinggalkeun, kabéh ogé ngarasa risi.
Sieun Jonggrang Kalapitung ambek.
Mangkaning geus katotol babari ambek.
Lembur jeung pangeusina bisa diburak-barik.

21. Sanggeus sabulan didagoan,
kakara Jonggrang Kalapitung nyaring.
Tuluy heuay bari nguliat.
Sungutna calawak teu béda ti guha.
Lalay jeung kapinis anu nyayang dina kumisna,
haliber katawuran, asa kagebahkeun.
Kuniang manéhna hudang bari gigisik.
Manéhna kagét nénjo loba jelema di sabudeureunana.

22. “Aya naon ieu téh, bet karumpul di dieu?” pokna.
“Nu mawi, abdi sadaya téh ngantosan Aa gugah.
Ieu badé masrahkeun pesenan téa,”
ceuk kokolot lembur bari rengkuh.
“Oh, heueuh, heueuh. Nuhun, euy.
Alus pagawéan téh, kapaké ku Aa mah.
Ari eupanna aya?” ceuk Jonggrang Kalapitung,
bari ngilikan useup jeung talina.
“Aya, ieu hulu munding.”

“Alus, alus. Aa bungah kacida
nénjo pagawéan maranéh kabéh.
Keun, lamun engké geus bérés nguseup,
ku Aa dibéré hadiah. Harayang naon, nyah?”
ceuk Jonggrang Kalapitung.
Urang lembur mani réang,
paheula-heula nyebutkeun kahayangna.
“Heueuh, engké ku Aa ditedunan kabéh ogé.
Ayeuna mah Aana arék nguseup heula.”

Jonggrang Kalapitung nyokot jeujeur.
Kana gombong téh mani kawas kana nyéré baé.
Terus talina ditalikeun kana tungtung jeujeur.
“Useupna can dipasang ieu téh?”
“Teu acan A, beurat ku abdi sadaya mah.
Kedah ku Aa,” témbal kokolot lembur.
“Heueuh, keun urang pasang ku Aa.”
Useup anu sagédé jangkar téh dicokot,
tuluy dipasang dina tungtung dadung.

Hulu munding dicomot,
tuluy dilelepkeun kana useup.
Lung baé dialungkeun ka Walungan Citarum,
lebah leuwi anu pangjerona.
Talina diulur nepi ka manteng.
“Ké lamun Aa meunang lauk gedé,
ku maranéh kudu dipangmeuleumkeun, nya?”
“Mangga,” ceuk kokolot lembur.
“Keun, éta mah hadiahna ti Aa béda deui.”

Mimitina mah kokolot lembur téh bungah.
Ngan lila-lila mah manéhna jadi bingung.
Tayohna mah ku manéhna kapikireun.
Laukna engké sagedé kumaha?
Eupanna ogé apan ku hulu munding.
Paling leutik ogé, moal boa sagedé parahu.
Kumaha meuleumna lauk sagedé kitu?
Kokolot lembur mah uleng mikir,
mikiran cara-carana meuleum lauk sagedé parahu.

Jonggrang Kalapitung nguseupna
bari dilalajoan ku sakabéh pangeusi lembur.
Nangtungna ngajégang.
Sukuna nu sabeulah nincak gunung,
ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur
anu kacida gedéna di sisi Walungan.
Panonna anteng neuteup kana cai walungan,
ngarep-ngarep useupna disanggut ku lauk.
Tay anu nyorang-nyorang acan.

Salila sabulan manéhna ngajega kitu;
nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok
sarta tangkal bungurna ampir paéh,
anu ku urang dinya mah disebut “sarang”.
Anu matak nepi ka ayeuna,
gunungna nelah baé Gunung Bongkok.
Ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan,
anu nelah Lembur Bungursarang,
bawahan Désa Cisarua, Jatiluhur.

Dina poé kaopat puluh useupna oyag-oyagan.
“Alah, aya nu nyanggut, euy!”
ceuk Jonggrang Kalapitung, atoh kacida.
Urang lembur anu lalajo ogé milu atoh.
Tuluy ngarogrog di sisi walungan.
Harayang nyaho lauk anu nyanggutna.
Moal salah deui, tangtu lauk badag.
“Ulah dareukeut teuing, euy, bisi kababuk lauk!”
ceuk kokolot lembur ka batur-baturna.

Gancang baé atuh ku Jonggrang Kalapitung téh
jeujeurna dicentok sataker tanaga.
Ku lantaran tarik teuing nyentokna,
useup téh ngacleng jauh pisan ka tukangeunana.
Ngaliwatan leuweung jati anu kaina galedé,
ngaliwatan sababaraha pasir di sabudeureunana.
Ari useupna, teuing ragrag di mendi,
da henteu katingali lebah-lebahna.

Dibetot bari dicentok-centok, hésé.
Ari anu saenyana mah,
éta useup téh ngait kana leuweung awi haur,
anu aya di léngkob dua pasir tukangeunana.
Ku Jonggrang Kalapitung dibetot sataker tanaga,
nepi ka sakabéh haur di dinya kapangkas.
Tapakna, kabéh haur jadi papak,
lir anu beunang ngararata.

Nu matak nepi ka ayeuna di dinya mah
tara aya haur anu jangkung sosoranganan.
Upama kabeneran aya ogé, sok peunggas,
jadi papak jeung nu séjénna.
Nepi ka kiwari éta leuweung téh
katelah ngaranna Leuweung Haurpapak.
Hartina leuweung haur anu jangkungna papak.

Jonggrang Kalapitung panasaran,
lauk naon anu nyanggut téh?
Barang ku manéhna diilikan,
horéng simanahoréng ukur lauk jelér.
Asup kana lebah ceuli hulu munding
anu geus jadi tangkorék.
“Bangkawarah siah, ngaheureuyan aing!”
Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan.

Lantaran keuheul, éta jelér téh dibalangkeun,
nya ragrag di Lembur Cilélé,
Désa Cisarua, Kacamatan Jatiluhur.
Tah, tempat ragragna jelér téh jadi émpang,
anu nepi ka kiwari ku urang Cisarua
disarebutna téh Kubang.

35. Jonggrang Kalapitung terus ambek-ambekan.
Sorana handaruan ka madhab papat,
patingbeledag lir gelap salésér.
Nyarékan laklak dasar kana jelér.
Nyarékan bébéakan kana jeujeurna,
anu cenah jeujeur geus diléngkahan jurig.
Sungutna henteu daék balem,
kutuk gendeng diselang-selang ku hohoak.

Ningali Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan,
urang lembur paburisat lalumpatan.
Henteu nolih kana nanaon deui.
Terus mubus ka leuweung-leuweung.
Néangan tempat anu jauh jeung buni.
Sabab sieun kabarérang ku nu keur ambek.
Sieun dipaké meupeus keuyang
ku Jonggrang Kalapitung.

Ku lantaran teu meunang baé lauk gedé,
lila-lila Jonggrang Kalapitung téh lapar.
Beuteungna kukurubukan,
sorana tarik teu béda ti sora tambur.
“Walah, aing lapar, yeuh!
Geus lila aing teu baranghakan.
Ka mana néangan hakaneun?”
ceuk Jonggrang Kalapitung.

Jonggrang Kalapitung gegeroan,
Karepna rék ménta tulung ka urang lembur.
“Héééyyy, urang lembuuur!
Ka darieu, euy, aing ménta hakaneun!”
Tapi geus euweuh saurang-saurang acan,
lantaran urang lembur geus kalabur,
sarieuneun nénjo Jonggrang Kalapitung,
waktu tadi keur ambek-ambekan téa.

Jonggrang Kalapitung beuki ambek baé.
Keur kitu manéhna nénjo tangkal jéngkol.
Kabeneran deuih buahna meuhpeuy leubeut.
Henteu talangké, jéngkol téh dipupu,
tuluy dikeremus sacanggeum-sacanggeum.
Kabéh tangkal jéngkol anu aya di dinya,
dipupu tangka béak jeung pentil-pentilna.
Kakara eureun sanggeus taya nu nyésa.

Jonggrang Kalapitung diuk dina batu korsi.
Na atuh barang rék kiih bet ngarasa nyeri.
Horéng simanahoréng manéhna téh jéngkoleun.
Manéhna gulang-guling bari gagauran,
nahan kanyeri anu pohara.
Ménta tulung, ménta tulung ka saha,
da di dinya ngan kari manéhna.

Bakating ku ambek,
tuluy baé ngucapkeun supata,
“Héy, tangkal jéngkol atah warah!
Sia geus ngalantarankeun aing nyeri kiih!
Ayeuna ku aing rék ditumpurkeun!
Nepi ka iraha baé ogé,
di daérah ieu tangkal jéngkol moal bisa jadi!”

Ceuk ujaring carita,
sanggeus kajadian kitu mah,
Jonggrang Kalapitung téh ngaleungit,
leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Ngan nepi ka ayeuna di wewengkon Cisarua,
teu kungsi aya tangkal jéngkol nu bisa jadi,
lantaran disupata ku Jonggrang Kalapitung.
Kitu cenah sasakalana téh.