Kamis, 31 Juli 2008

SAKADANG KUYA MENTA TULUNG KA SAKADANG KEUYEUP


SAKADANG Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan.

Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup.

“Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya.

“Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Kasusah naon?”

Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét.


“Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyét mah,” ceuk Sakadang Keuyeup, “Jigana mah kudu diwarah.”

“Enya, ngan kumaha carana?”

“Keun éta mah bagéan uing. Ayeuna mah anteur baé uing ka tempat Sakadang Monyét!”

“Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.”

“Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rék méré naon Sakadang Kuya ka uing?”

“Naon atuh, nya?”

“Kieu wé atuh, nya, uing téh geus lila hayang boga munding. Tah, kumaha lamun buruhna ku munding baé?” ceuk Sakadang Keuyeup.

“Jadi lah, ari munding mah uing gé boga sarakit. Pék nu jalu mah keur Sakadang Keuyeup, asal suling beunang deui.”

“Heug ari kitu mah, kuring daék nulungan Sakadang Kuya.”

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit ngadatangan Sakadang Monyét. Kasampak Sakadang Monyét keur nyuling dina dahan kai pangluhurna.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling téh!” ceuk Sakadang Kuya.

“Ceuk uing ogé bawa ku sorangan ka dieu! Naék mun bisa mah!” témbal Sakadang Monyét bari ngarenyohan.

“Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah!” ceuk Sakadang Kuya.

Ngadéngé omong Sakadang Kuya kitu téh, Sakadang Monyét kalah nyeungseurikeun.

Waktu Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét paréa-réa omong, Sakadang Keuyeup naék kana tangkal kai, ngadeukeutan ka Sakadang Monyét. Beuki deukeut, beuki deukeut baé. Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut Sakadang Monyét anu nyampay dina dahan.

“Rék dibikeun moal?” ceuk Sakadang Kuya.

“Moal!” témbal Sakadang Monyét.

Bérés ngomong, ana gep téh buntut Sakadang Monyét dicapit satakerna ku Sakadang Keuyeup. Sakadang Monyét kacida reuwaseunana jeung nyerieun deuih.

“Oaduh, oaduuuh, oahahaha,” Sakadang Monyét gogorowokan, lantaran buntutna karasa nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari sulingna téa ragrag, tuluy disanggap ku Sakadang Kuya.

Sanggeus sulingna beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang Keuyeup. Munding jalu. Bari hahariringan, Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari nungtun munding. Ngan barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak, cenah, nepi ka ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.

Ari Sakadang Monyét mah terus kabur. Malah teu datang-datang deui ka dinya. Jigana mah éraeun, lantaran buntutna buntung dicapit ku keuyeup téa. Malah mah cenah turunanana ogé areuweuh buntutan. Disebut baé “oa”, lantaran lamun keur karasa nyeri sok humarurung, “Oahahaha, oahahaha.” Nepi ka lila-lila mah sorana ogé kitu deuih.

Salengkepna......

SULING SAKADANG KUYA DIBAWA KABUR KU SAKADANG MONYET

SORA suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.

“Alah, aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg, sihoréng Sakadang Kuya anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut éta suling.

Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan api-api teu nyaho wé.



“Sakadang Kuya, meni alus suling téh. Sorana gé meni genah kadéngéna,” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya teu ngawaro.

“Cik ah, nginjeum sakeudeung wé.”

Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, “Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samanéa, dijieunna ogé tina tulang maung.”

“Sakeudeung wé atuh.”

“Ulah, ah, bisi dibawa kabur!”

“Maenya teu percaya ka uing, apan urang téh lain wawuh anyar-anyar.”

“Anu matak teu dibikeun ogé kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyét téh. Apal luar-jerona, lah.”

Sakadang Monyét ngahuleng sakedapan.

“Kieu wé atuh, salila uing niup suling, pék tah gégél buntut uing,” ceuk Sakadang Monyét bari ngasongkeun buntutna.

“Heug atuh ari kitu mah,” ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét niup suling.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Kuya, ulah lebah dinya ngégélna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik!” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya ngégélna pindah ka béh handap.

“Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut téa.”

Sakadang Kuya pindah deui ngégélna rada ka handap.

“Éta-éta, di dinya gé ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya téh bagéan permatina!”

Kitu jeung kitu baé. Antukna Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét téh ditungtungna pisan.

“Tah, di dinya wé!” ceuk Sakadang Monyét bari ngajleng. Atuh puguh wé, Sakadang Kuya téh lésot ngégélna. Sakadang Monyét tuluy nérékél kana dahan anu pangluhurna. Gék diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling uing!” ceuk Sakadang Kuya.

“Cokot ka dieu ari hayang mah!” témbal Sakadang Monyét, terus niup suling.

Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rék naék, teu bisa.



Salengkepna......

SAKADANG KUYA BOGA SULING TULANG MAUNG

SANGGEUS durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.

“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”

Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.

“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.

“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”

Tulang téh ditroktorak ku caladi.

“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya

Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.

“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.

Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan.

“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.

“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.

“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”

Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.

“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya.

Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.

“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.

“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.”

Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.

“Nuhun Jang.”

“Sami-sami, Ki.”

Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit.

Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.

Salengkepna......

SAKADANG KUYA SILIHDURUK JEUNG MAUNG

DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.

Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.


“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”

“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”

Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.

Salengkepna......

SAKADANG MONYET NABEUH GOONG BATARA GURU

SAKADANG Monyét beuki ambek baé ka Sakadang Kuya. Sanggeus reureuh sakeudeung, terus baé indit. Maksudna rék néangan Sakadang Kuya. Ceuk pikirna, Sakadang Kuya téh geus kaleuleuwihi. “Teu bisa diantep, enya-enya kudu diwarah ayeuna mah! Rasakeun siah Kuya, ku aing disasaak!” Sakadang Monyét ngomong sorangan.

Ditéangan ka ditu ka dieu, weléh teu kapanggih. Handapeun batu paranti nyumputna dirojokan ku awi, teu embol-embol. Na ka mana atuh Sakadang Kuya téh? Sakadang Monyét ampir putus asa. Terus leumpang ka jero leuweung. Sugan aya di leuweung keur néangan hakaneun.

Enya baé, Sakadang Kuya keur diuk mendeko handapeun tangkal nangka.

“Tah, kapanggih ayeuna mah mangkeluk anu julig téh,” ceuk Sakadang Monyét. “Hayoh siah rék lumpat ka mana? Beunang ayeuna mah!”

“Ssst, ulah geruh! Na teu nyaho uing téh keur nungguan goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna laun.

“Naon? Goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna angger bedas.

“Ssst, ceuk uing gé ulah geruh! Daék anjeun kabendon ku Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya deui.

“Mana goong Batara Guru téh?” ceuk Sakadang Monyét. Ayeuna mah ngomongna halon.

“Tuh, ténjo atuh di luhur!” ceuk Sakadang Kuya bari nunjuk kana sayang odéng, ampir sagedé nangka bakating ku gedé.

Sakadang Monyét teu ngomong. Gék diuk gigireun Sakadang Kuya bari panonna anteng neuteup goong Batara Guru.

“Sakadang Kuya, meunang henteu mun uing ngajaran nakol goong?” ceuk Sakadang Monyét.

“His, ulah atuh! Uing mah sieun kabendon ku Batara Guru. Tong boroning nakol, ngadeukeutan ogé uing mah teu wani!” témbal Sakadang Kuya.

“Sakali wé Sakadang Kuya!”

“Teu bisa!”

“Lalaunan ieu mah nakolna ogé, hayang ngadéngé sorana!”

“Rék lalaunan rék tarik, pokona mah teu bisa! Sabab uing diwanti-wanti pisan kudu enya-enya ngajaga ieu goong. “Jadi, hampura wé Sakadang Monyét.”

Tapi Sakadang Monyét keukeuh maksa.

“Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé,” ceuk Sakadang Monyét semu ngageuri.

Ahirna Sakadang Kuya nyarita, “Nya ari hayang-hayang teuing mah, sok baé atuh. Ieu mah pédah ka sobat wé, mun ka batur mah moal diidinan, sanajan sakumaha maksana ogé. Tapi saméméhna uing kudu ingkah heula ti dieu. Ari sababna, uing sieun dicarékan ku Batara Guru. Sieun disupata. Ké lamun uing geus jauh ti dieu, pék baé takol.”

Sakadang Monyét kacida atohna ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu téh. Ari Sakadang Kuya mah terus baé ngaléos. Ngadédod indit ka leuwi.

Sanggeus Sakadang Kuya jauh, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka bari mawa pangpung. Gék diuk dina dahan handapeun sayang odéng téa.

“Cing ah urang takol goong Batara Guru téh,” ceuk Sakadang Monyét. Tuluy ditakol lalaunan ku pangpung.

Keplok, nguuungngng.

“Alah, ngeunah sorana ogé, meni bangbaraan,” ceuk Sakadang Monyét bari seuri. “Sakali deui ah!”

Keplok, nguuungngng.

Sakadang Monyét tangka ngalenggak-lenggak baé bakating ku nimat ngadéngékeun sora goong Batara Guru.

Keplok, nguuungngng.

“Cacakan ditakolna lalaunan, sorana geus agem kitu. Komo lamun tarik meureun, pasti sorana handaruan,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa.

Sakadang Monyét ngawahan. Belatak sayang odéng anu disangka goong Batara Guru téh ditakol sataker tanaga nepi ka bencar. Odéngna kalaluar, kabéh napuk ka Sakadang Monyét. Nyareureud. Sakang Monyét tuturubun tina tangkal nangka, terus lumpat bari jéjéréwétan.

“Tuluuung! Alah ieung, tulung. tuluuungngng!” Awakna béak diseureud ku odéng. Lumpat ka mana baé ogé, terus diudag-udag ku odéng anu kacida lobana. Gebrus waé atuh manéhna ngagejeburkeun manéh ka leuwi. Terus teuleum bari nahan kanyeri. Awakna, sirahna, leungeunna, sukuna, irungna, ceulina … ah, kabéh euweuh nu kaliwat, barareuh diseureud ku odéng.

Sanggeus rada lila aya di leuwi, odéngna geus euweuh, Sakadang Monyét kakara wani hanjat. Tuluy cinutrung dina batu. Kabulusan. Haténa mah kacida ambekna ka Sakadang Kuya.

“Nyaan, Sakadang Kuya mah teu beunang dipisobat! Geus ti ayeuna mah aing moal daék deui sosobatan jeung Si Kuya téh. Dasar kuya kolot ku manéh!” ceuk Sakadang Monyét ngomong sorangan, nyarékan bébéakan ka Sakadang Kuya.

Ti harita Sakadang Monyét tara datang-datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Tapi ari cicingna mah angger baé di dinya, henteu ingkah ti leuweung sisi muara. Ari haténa mah angger baé ngunek-ngunek, hayang males kanyeri ka Sakadang Kuya.

Salengkepna......
 

© Free blogger template 3 columns